Showing posts with label diajar bahasa. Show all posts
Showing posts with label diajar bahasa. Show all posts

Tuesday, 17 July 2012

Nalungtik Bahasa Sunda - Istilah dina bahasa sunda nu ampir tilem


GEREMBEL:
Kumpulan tatangkalan nu rada rembet, tapi teu biasa dipake nyumput sasatoan

GUPITAN
: Jalan heureut (sarupa jalan satapak) antara dua lamping

HUNYUR
: Imah rinyuh atawa taneuh nu mucunghul, pasir leutik

HUM
A : Sawah darat, kebon nu dipake melake par tur tara dikocoran cai

JALAN HUNI
: Lolongkrang tincakkeun antara pepelakan di kebon

JALAN JAJAHAN
: Jalan gedenu bisa dipaké ngaliwat kandaraan

JALAN SATAPAK
: Jalan nu ngan bisa diliwatan ku jelema

JONTOR
: Taneuh anu nyodor ka laut

JUNGKRANG
: Legok anu jero sarta gurawes

KUBANGAN
: Tempat nu ledok
(biasana di sawah atawa di balong) paranti mandi munding

KAMALIR
: Jalan cai leutik

KOBAKAN
: Lobang di tegalan anu aya caian

KEREES : Tempat di sisi walungan anu réa keusikan

KEBON
: Taneuh darat nu dipake melak rupa-rupa pepelakan

LANDEUH
: Taneuh atawa tempat nu leuwih handap ti tempat urang cicing

LEBAK
: Tempat nu leuwih handap

LENGKONG
: Tempat legok jeung jero di antara dua lamping

LAMPING
 : Tempat di gunung antara puncak jeung tutugan

jeung saterusna...

ku: Kisunda Sawawa di Forrum PUGER's Pasundan

Saturday, 1 October 2011

MALEM MINGGU - Siloka

M angsa urang tepang di mumunggang
A njeun nenggorkeun imut pangirut
L ambey nu dipulas lipstik warna ungu
E stu nambahan sieupna pameunteu
M atak ngeundeurkeun tungtung jajantung

M un pareng wanci teu jalir
I eu hate totojer hayang geura ngadongkang
N ineung.. ku keletna.. nineung ku rindatna
G eugeut jeung deudeuh mimiti minuhan rasa
G ilig dina hate hayang nganjang ka nyi lenjang
U lah ngan ukur jadi kalangkang sawangan


Ku: Jajaka Sunda Sawawa di Forrum PUGER’s Pasundan

Thursday, 29 September 2011

MATA KA SIMPÉ


Ngagambar sarébu mata kasimpé

Mata. Merul tina sapasang panon anjeun

Panon. Nu hanjat ka basisir, basa ombak

Mulangkeun mangpirang sarah parahu tatu

Jauh. Ti dasar sagara kasono

Tepung deui jeung anjeun, suku langit

Teu weléh maleukmeuk. Laut hawuk

Sanggeus lawas nguluwut leungiteun sajak cinta,

Layar-layar, camar, ungkara mutiara; iwal

Sapasang panon anjeun nu haat balabuh

Sabada taun-taun pajauh

Kuring anteng ngagambar sarébu mata kasimpé

Segak hégak warna. Muriang

Ngaranggeum implengan, ngalenyepan

Sarta ngaguratkeun isarah rindat-rindat

Rusiah. Sarébu mata kasimpé

Rabeng patinglémbéréh ngébréhkeun raheut sewang-sewang

Lir sarébu parahu nu ngakut sarébu dunya

Ti sarébu panyajak nu paragat dina kamar kecapna séwang-séwang

Kuring ngababakan, mites-mites régang usum

Ngawangun saung kasabaran. Sabab surti

Lalampahan baris ka jaruji, lebah dieu,

Gumulung jeung peurih kikisik

Mun peuting, mun peuting nyéblokkeun kelemeng

Kuring, jeung angin nu satia, nyerebungkeun durukan daun garing

Ngawur-ngawur arak kana rengat hawa

Sangkan warna langgeng mekar jeung rupa rusiahna

Boa mangabad-abad, ngagambar sarébu mata kasimpé

Mata. Tina sapasang panon anjeun

Panon. Nu hanjat ka basisir

Mulangkeun mangpirang sarah parahu tatu

Jauh. Ti dasar sagara kasono



Di cutat ku Putra Sunda Wibawa di Forrum PUGER’s Pasundan

Tuesday, 1 March 2011

WIRANG KU LUKISAN




Na hiji waktu présiden nagara sasagon nganjang ka paméran lukisan, ku sabab harita presidén téh keur ka serang panyakit panon (bélék) jadi titingalianna rada teu écés, ku sabab kitu manéhna mawa ajudan nu tugasna nunungtun ieu présiden.

dimimitian ningali lukisan ka hiji:

Presidén: “Wah...lukisan ieu hadé...laukna jiga nu hirup!.”

Ajudan: “Sssst...Pak, alon-alon nyariosna bilih kadangu kunu sanés, éta sanés lukisan lauk tapi lukisan buaya!!”

Terus pindah kana lukisan nu lianna

Présidén: “Whuh...ieu lukisan gajah meni katingalina gagah...hebat nu nyieunna!!”

Ajudan: ”Ssssst....Pak, alon-alon ah nyariosna..eta mah lukisan banténg...”

Kusabab di protés waé ku ajudan akhirna ieu présidén nahan diri pikeun ngomentaran lukisan nu ku manéhna di tingalian..nepi ka dina hiji juru ruangan..manéhna teu kuat hayang ngoméntaran hiji lukisan:

Présidén: “Wah..ieu nu ngalukis bener-bener jelema hebat....lukisan Gorilla-na mirip pisan jeung nu aslina....hébat nu nyieun lukisan ieu..kudu menang penghargaan....!!!”

Ajudan: “Sssssssst......Pak,.... alon-alon nyariosna...eta mah sanés lukisan Gorila tapi lukisan bapak...!!!”


Tuesday, 28 December 2010

Bahasa Sunda Nu Mernah


Sampurasun….
Barudak…..!! , jiganamah aki geus meujeuhna mémérés bahasa hidep, anu ku aki dibandungan, sakapeung mah sok pahili dina ngalarapkeunnana, tapi hampura, lain hartina aki leuwih pinter ti hidep, ngan ieu mah urang silih benerkeun, jeung silih talingakeun dina ngucapkeunana, diantarana aya anu disebut :

1. Bahasa cohag
nyaeta basa anu pangkasarna tina basa sunda.
biasa dipaké keur sato
contona: nyatu, tetegék, ngalebok, ngéwékeun, jeung sajabana

2. Bahasa kasar loma
nyaéta basa sunda kasar sahandapeun ti cohag.
biasa di paké lamun urng sunda keur ambek
contona: bangkawarah, jeung sajabana

3. Bahasa kasar
nyaéta basa sunda kasar sahandapeun ti loma.
biasa dipaké keur kolot lamun ngobrol jeung nu sahandapeun atawa barudak
contona: dahar, saré, sia, jeung sajabana

4. Bahasa sedeng
nyaéta basa sunda sapopoé.
biasa dipaké keur ngobrol jeung anu saumuran atawa bisa ogé dipake keur ngobrol jeung sahandapeun

5. Bahasa lemes
nyaéta basa sunda anu halus.
biasa dipaké lamun urang sunda ngobrol jeung kolot atawa anu saluhureun.
contona: tuang, kulem, jeung sajabana

6. Bahasa lemes pisan
nyaéta basa sunda anu paling halus.
biasa dipaké keur nyarios ka raja. tapi kiwari mah biasa dipaké keur maca du’a ka gusti Allah.

Sok tengetan, tuluy cobaan larapkeun dina caritaan.
Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...