Showing posts with label puisi lucu. Show all posts
Showing posts with label puisi lucu. Show all posts

Thursday, 26 July 2012

Wasiat konglomerat

lamun apih paeh
pangbungkuskeun ku salambar boeh
ladang ngeleketek
tina rupa"proyek

lamun apih nemahan pati
pang meserkeun padung jati
ladang ngumpulkeun komisi
jeung rupa"korupsi

kontrak" nu can di teken
jeung SPK_SPK nu can dilaksanakeun
awurkeun luhuran paesan
na tetengger heg tulisan
Apih konglomerat tauladan

Wednesday, 28 September 2011

"Puisi hitut"


,,Jalma jujur nyaéta jalma nu ngaku lamun geus hitut,,,
,,Jalma nu teu jujur, jalma nu hitut tuluy nyalahkeun batur,,,
,,Jalma nu belegug, jalma nu nahan hitut mang jam jam lilana,,,
,,Jalma nu berwawasan, jalma nu nyaho iraha waktuna kudu hitut,,,
,,Jalma nu misterius, jalma anu hitut tapi batur euweuh nu nyahoeun,,,
,,Jalma nu percaya diri, jalma nu yakin yén hitutna seungit,,,
,,jalma nu sadis, jalma nu lamun hitut tuluy dibekepkeun kabatur,,,



Ku : Agoes Oye's di Forrum PUGER’s Pasundan

Saturday, 3 September 2011

Bedil Lodong

Sora bedil lodong nu ngabeledag neumbag jajantung
muncratkeun
daki-daki kalaipan
ngabudahkeun cimata mendet
ngabanjiran diri
...tilelep — laput
ka tungtung buuk

aleu-aleu sora walilat
kawas ngaléléwé:

unggal lebaran
cimata deui
cimata deui

ti lebaran ka lebaran
nyolédat deui
nyolédat deui

kertas kapitrahan
nu diilo dibulak-balik salila ied
belewuk pinuh kokotor

lapar puasa
ditambah ibadah (nu belang betong)
teu ngabual
hutang dosa sataun jeput

sataun deui
jeprut!
 
Dicutat Ku : Abi Faturachman Hanifah di Forrum PUGER's Pasundan

Tuesday, 10 May 2011

Puisi Heureuy!

Sanajan gurat katresna teu pernah nyambung
Tapi kahéman mah tetep manteng
Sanajan malati geus mimiti layu
Tapi seungitna mah masih nyambuang
Sageulisna wanoja, hitutna mah angger bau... hehehe
Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...