Showing posts with label siloka sunda. Show all posts
Showing posts with label siloka sunda. Show all posts

Saturday, 1 October 2011

MALEM MINGGU - Siloka

M angsa urang tepang di mumunggang
A njeun nenggorkeun imut pangirut
L ambey nu dipulas lipstik warna ungu
E stu nambahan sieupna pameunteu
M atak ngeundeurkeun tungtung jajantung

M un pareng wanci teu jalir
I eu hate totojer hayang geura ngadongkang
N ineung.. ku keletna.. nineung ku rindatna
G eugeut jeung deudeuh mimiti minuhan rasa
G ilig dina hate hayang nganjang ka nyi lenjang
U lah ngan ukur jadi kalangkang sawangan


Ku: Jajaka Sunda Sawawa di Forrum PUGER’s Pasundan

Wednesday, 28 September 2011

WILUJENG ENJING (Siloka)

W engi tadi anjeun datang dina impian
I mut manis nenggorkeun rasa tibelat
L irihna kembang kaasih janten kanineung
U rang duaan silih pasimpay panangan
J adi hiji katresna nu nyaliara
E ndah tur pinuh rasa mamanis
N gagupaykeun rasa kadeudeuh
G andrungna kacinta ngamuara dina dada

E stu janten rasa nu moal pudar
N ganteng mapaes dina sawangan
J ungjunan salira tos wakca balaka
I raha pasini geusan ngajadi
N yimpaykeun pasini jangji
G alindeng kaheman laksana kabiruyungan



Ku: Bibie Dayank di Forrum PUGER’s Pasundan

Saturday, 17 September 2011

JAKA SUNDA - Siloka


J amparing asih geus mimiti ligar dina taman hate
A yana rasa mimiti gumawang minuhan dada
K anya'ah geus mimiti nyangkaruk dina taman hate
A h... naon atuh ieu teh disebatna..??

S anajan can kungsi tepung
U kur jojorelatan di taman impian
N gan rasa geus leuwih tiheula datangna
D alah dikumaha..
A sih mah datangna tara kungsi bebeja

Ku: Jajaka Sunda Sawawa di Forrum PUGER’s Pasundan               

Tuesday, 6 September 2011

KATRESNA ATI (SILOKA)

Ku  : Bibie Dayank


K anyaah moal rek ilang , ka...
A njeun nu janten panutan ati
T ali pasini jangji urang duaan
R aket pageuh pinuh kadeudeuh
E ndahna kembang kaasih
S eungit ngadalingding minuhan sanubari
N yimpayna rasa duriat nu hamo bakal kapegat
A smara nyandingkeun endahna cinta

A njeun curahan katersna mungguh sajati
T angkal harepan mugia ngajadi
I barat ligarna kembang malati

Friday, 26 August 2011

KUPAT TAHU (SILOKA)

Ku : Abah Kabayan


K iwari tinggal lalaku diri
U dagan hirup geusan mawa mangfaat
P uasa nu jadi saksina
A yeuna tinggal kalangkang
T emprakeun hampura kanu Kawasa

L ur-larna jalma manggih kabungah
E stuning poho kana jati dirina
B eak sagala rupa peryoga
A latan nembrakeun rasa kanyaah
R aray marahmay pinuh kasedih
A nging ngarep silih hampura
N atrat kagurat dina manah sewang-sewangan

Wednesday, 17 August 2011

Wilujeng Wengi (Siloka)

W anci beurang nu cikeneh marengan
I lang kasilih digjayana peuting
L. alakon kahirupan nu tadi beurang di pilampah
U. kur jadi lalakon lawas nu moal bisa dibalikan deui
J. adi catetan panjang nu moal leungit sanajan sakecap
E. stu natrat dina ukiran sajarah kahirupan
N. u baris nangtukeun bagja jeung cilakana manusa
G uareun di alam nu bakal datang..

W. engi ieu urang sumujud kanu Maha Kawasa
E. cagkeun sagala lalangse hate
N. nu baris jadi ruruhit kahirupan
G. uar deui lalakon kahirupan anyar..
I. suk geto susuganan pinanggih jeung kabagjaan.

Tuesday, 16 August 2011

Mapag Romadlon

Ku : Kisunda Sawawa

S ugrining lengkah mapaesan sabelas sasih kapengker
A sa cikeneh ngolebat marengan renghapna napas
S apada sapada ngawirahma nganyam amal nu pasolengkrah
I cikibung masieup lalakon kahirupan panjang
H aleuang kamelang teu weleh ngalimpudan rasa nu loba salah
R enghap pangharepan mimiti ngalangkang
O yag ngageterkeun hate nu marudah
M apag sumpingna sasih Romadlon nu agung
A nu pinuh ku kaberkahan
D uh.. Gusti nu Maha Heman.... !!
L oyogkeun hate abdi kana aturan Gusti.. !!
O boran jiwa abdi ku kaasih Gusti..
N garah abdi sadaya tiasa ngalaksanakeun shaum luyu sareng aturan Gusti..

Amiin..

Wednesday, 25 May 2011

PSSI - Siloka



P. unten pisan ka papayung agung anu palalinter..
S. ing emut kana purwadaksina..
S. sangsi ti FIFA geus nanggoh payuneun
I. calkeun égo masing masing demi kapentingan nasional.

Lulus Ujian - Siloka


H. até deg degan..
A. ngen ratug tutunggulan..
S. ieun jeung hariwang pagaliwota
I. nggis hasil jerih payah teu nyugemakeun
L. ebar temen mun nepi ka ngulang deui.

U. jian geus kaliwat.. hasilna geus katarima..
J. alan jalan pinuh ku anu urak urakan
I. tu ieu pada namplokeun kabungah
A. ya nu silih corétan..
N. ajan ngarumpak aturan..

N. gan hanjakal....
A. ya rintangan nu baris ngahadang
S. ulit nyiar pagawean..
I. jazah teh ampir teu aya gunana
O. ngkoh lamun aya ogé kudu bari sugak sogok
N. u jumlahna luar biasa..
A. ntukna kapaksa nganggur
L. ungsé... izajah teh ngan ukur jadi pajangan..

Monday, 23 May 2011

Lulus Ujian - Siloka


H. até deg degan..
A. ngen ratug tutunggulan..
S. ieun jeung hariwang pagaliwota
I. nggis hasil jerih payah teu nyugemakeun
L. ebar temen mun nepi ka ngulang deui.

U. jian geus kaliwat.. hasilna geus katarima..
J. alan jalan pinuh ku anu urak urakan
I. tu ieu pada namplokeun kabungah
A. ya nu silih corétan..
N. ajan ngarumpak aturan..

N. gan hanjakal....
A. ya rintangan nu baris ngahadang
S. ulit nyiar pagawean..
I. jazah teh ampir teu aya gunana
O. ngkoh lamun aya ogé kudu bari sugak sogok
N. u jumlahna luar biasa..
A. ntukna kapaksa nganggur
L. ungsé... izajah teh ngan ukur jadi pajangan..

Tuesday, 14 December 2010

Kaendahan Lembur Mengger

Hasil coretan Jajaka Sunda

M. un pareng ka ieu lembur..
E. stu matak gandrung liwung
N. ajan ayana di pasisian
G. unung-gunung ting runggunuk
G. galengan sawah pating arudat
E. mpang ngeplak lir lautan
R. us ras nyawang padesaan

T. ing runggunukna pilemburan
E. stu nambahan ka kelar
N. ajan ceuk batur mah kampungan
G. umbira kuring di dinya
A. aya rasa pinuh bagja
H. ayu urang pada miara

Monday, 13 December 2010

" Gerentes Hate "

J. entrengna sora kacapi suling
A. yun ambing kabawa hiliwirna angin
J. iga harewos nyi mojang lenjang
A. nu ngagalindeng.. minuhan rohangan dada
K. acipta keneh waktu sang mojang gumujeng
A. ya geter nu nembus tungtung jajantung

S. inar bulan nu moncorong
U. kur nambahan rasa katineung
N. unda rasa nu can puguh katarima
D. uka iraha...
A. njeun nganteurkeun asih munggaran..
Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...