Blog Bahasa Sunda Cerita Sunda Dongeng Sunda Sastra Sunda Dongeng Cawokah Puisi Sunda Wawangsalan Pantun Sunda Siloka Sunda, Adat Sunda Budaya Sunda True Storry of Sundanese Sundanese in Indonesia guyon canda bahak koleksi berita tawa humor ngakak guling pingkal komedi Funniest Story Jokes Humor Comedy Cute Amusing Jest Feeding funny Through Laugh Giggle a true story Real Life imagine Stories Crazy Collection gambar lucu foto lucu foto ngakak >> PUGER-NYUNDA.blogspot.com
Showing posts with label heureuy bandung. Show all posts
Showing posts with label heureuy bandung. Show all posts
Friday, 19 August 2011
Akibat Sare Keur Juma'ah-ah
Basa sholat juma'ah kamari p aya insiden kecil..
Lantaran éta masalah sare..
...Ari nu sok komat téh mang ipin.. Ngan mun hotib keur hutbah manehna mah saré, tos pada apal sarerea gé, ke wé mun waktuna komat sok di toél ku DKM..
ari tadi mah koropak téh telat maju, jadi hutbah geus maju, koropak kakara jalan.. Hareupeun mang ipin mentog, da saré..
Ku wa omay anu diuk tukangeunnana, mang ipin ditoél, maksudna mah ngabeja-an koropak supaya dipajukeun..
Duka keur tibra pisan, duka kumaha, meureun marukan mang ipin mah DKM nu noel téh ngabejaan komat...
Na da éta mah.. Jurungkunung mang ipin nangtung, gorowok komat, mangkaning hotib keur meujeuhna susumangetna hutbah..,
di cutat ku : Akang Asep
Tuesday, 16 August 2011
Palakiah Milih Pipamajikaneun
Ku Kisunda Sawawa
Pikeun sawatara jalma, tampolana mah sok ngarasa lieur pikeun nangtukeun pipamajikaneun.
Rek milih nu ieu, bisi kitu. Rek milih nu itu, bisi kieu.
Pikeun ancer ancer kumaha prak prakanana milih pipamajikaneun, bisa di impleng sababaraha palakiah di handap :
1. samemeh urang kawin, kudu apal heula nu jadi daya tarik pipamajikaneun. Pikeun nangtukeun daya tarikna, ulah galideur, tempo.... sukuna ..!!
Nu matak kitu teh bisi bae pipamajikaneun teh sukuna.... henteu napak kana taneuh.
2. Usahakeun neangan pipamajikaneun teh anak tunggal.
Keun bae kolotna beunghar oge, ngan tangtu urangna kudu naggung resiko..... nampa warisan.
3. Kudu apal kana minyak seungit nu biasa dipakena.
Urang kudu curiga ka pipamajikaneun lamun manehna boga kabiasaan make minyak...... erem.
4. Tinggali kabiasaan make sapatuna,
bisi bae manehna resep make sapatu duanana..... katuhu hungkul.
5. Lamun urang ngaleng manehna,
heug manehna nyarita “Ayang nyepengna ulah kana tonggong” urang kudu taki taki bisi bae .... tonggongna gorowong heug manehna terus ngageleber hiber.
6. Pikeun ngalancarkeun komunikasi, pacuan milih pipamajikaneun teh kudu nu aya..... sirahan

Friday, 4 March 2011
Impo jongklok
Ku: Ki Sunda Sawawa
Abah : ki ari obat keur panyakit bronchitis naon nya ..??
Kisunda : ah.. gampang atuh obat keur panyakit kitu mah,
Abah : na naon ki obatna..??.
Kisunda : ku caruluk geura, babaturan aki oge gering kitu, diobatan ku caruluk..
Abah : ah.. hade pisan tah impo teh, meureunan ayeuna sehat nya ki..??
Ksunda : Alhamdulillah geus rada lila dikuburna oge, da tuluy maot..
Abah : piraku ku dewek kudu di tampiling mah siah... ( bari muncereng )
Kisunda : haaaahahahahahaah.... eit.. ku aki di takis..

DI URUT
ku: Möjåñg Prìyåñgäñ
Hiji dinten ma Erot mulih ti pasar ngagaleuh sampeu, ditaros ku kisunda
Kisunda: "Ma, meser sampeu sabaraha kilo?
Ma Erot: "Sakilo"..
Kisunda: "Naha ngan sakilo, sanes dua kilo"?
Ma Erot: "Tenang ku Ema urang urut jadi dua kilo"
Kisunda??

Labels:
di urut,
dongeng bodor,
heureuy bandung,
ma erot,
mojang priyangan,
sampeu
DUKUN LIMPEURAN
ku : Abah Kabayan
Dihareupeun imah Dukun:
“Mbah tulungan abdi...pang mendakeun dompét abdi nu tadi siang ical!!” pénta si Uha ka dukun nu kakoncara bisa manggihan barang-barang nu geus leungit.
“Tungguan nepi ka isuk wéh nya!” témbal si Dukun
“Nungguan kumaha Mbah?? Ieu mah teu tiasa ditutunggu Mbah..soalna di lebet dompét téh seueur barang penting model SIM, STNK kartu Kridit, Kartu ATM, ogé aya artosan nu ageungna sajutaan Mbah!!” ceuk Si Uha bari sujud-sujudan sangkan paméntana dilaksanakeun.
“Aing moal bisa manggihan dompet ilaing salila konci tempat prakték Aing nu kamari leungit bisa kapanggih, deuleun!” ceuk si Dukun bari sosorongot...
Tétéla geuning..Dukun nu kakoncara bisa manggihan barang leungit téh teu bisa manggihan barang leungit nu sorangan ...

dompet,
dongeng bodor,
dongeng sunda,
dukun. limperan,
heureuy bandung
Kandang Kosong
Ku : Kisunda
Kisunda : Bah.., minggu hareup urang ulin ka kebon binatang yu ??
Abah Kabayan : Aya naon kitu ?
Kisunda : Aya kandang kosong keur Abah..
Abah Kabayan : koplox siah..!!
Kisunda : heheh.. na atuh ari abah sok gancang katipeng wae

Tuesday, 1 March 2011
SI TUKANG BARANG INJEUM
si Tohir tukang nginjeman barang ka si Ocol, si Ocol geus bosen di injeman barang wae bari tara di balikeun...
na hiji waktu
Tohir: "Col..nginjem gunting?"
Ocol:"guntingna rek di pake motong kaen, terus ke berang dipake motong palastik, sorena rek dipake motong jukut..pokokna poe ieu mah rek dipake..moal di injem-injem!"
Tohir: "Berarti mun ti isuk nepi ka sore maneh rek motong, sapatu futsal moal dipake kan?..injem ku urang nya!!..." (bari sapatuna geus dipake)
Labels:
Abah Kabayan,
heureuy bandung,
nyakakak,
olahraga,
urang bandung,
urang sunda,
wewelek
Monday, 28 February 2011
GARA-GARA LALAJO MAEN BALL
Si Kabayan keur anteng lalajo maén bal dina TV, ari torojol téh ti kamar Nyi Iteng:
“Kang, lampu teras pegat waé....pang gentoskeun atuh kunu anyar?”
“Ganti wé ku olangan...emangna aing PLN...!!!” ceuk si Kabayar meni énténg ngajawabna
“Nya atos pami alim mah, pang lereskeun kran cai atuh, tuh pamuteranna macét... teras cai ngucur teu tiasa di tutup pami diantep bilih kamar mandi banjir!” ceuk Nyi Iteng
“Menerkeun keran??...emangna aing PAM huh...??!!!!” éta Si Kabayan ngajawab deui.
“Nya atos pami alim mah...éh..ngké pami mésér rokok ka warung abdi nitip minyak tanah nya?” ceuk Nyi Iteng
“Ari manéh teu ningali uing keur lalajo maén bal?? Emangna aing PERTAMINA??” Si kabayan bari kekerot.
Kusabab Si Kabayan téh asa diganggu waé ku pamajikanna, nya manéhna pindah lalajo maén bal-na ka imah tatangga nepi ka balik deui ka imah jam dua subuh.
Tapi Si Kabayan asa héran kusabab lampu téras geus caang, indit ka kamar mandi kran-na geus aya nu menerkeun, indit ka dapur jirigen minyak tanah geus dieusian.
Isuk-isukna, Si Kabayan nanya ka pamajikanna : “Manéh peuting ménta tulung ka saha?”
Pok téh Nyi Iteng “Kieu Kang... wengi téh saatos Akang ngalih nonton maén bal kateun tatanggi..abdi téh nangis di téras, terus aya jajaka kasép ngaliwat... terus manéhna nanya kunaon Nyai bet nangis...nya ku Nyai di caritakeun we saayana...tug dugi ka Akang ambek-ambekan gé ku abdi di caritakeun”
“Trus...trus...??” SI Kabayan rada panasaran
“Nya anjeunna téh nawisan jasa kanggo ngabantos Nyai, tapi aya syaratna...!” ceuk Nyi Iteng nuluykeun carita.
“Naon syaratna tah??” Ceuk Si Kabayan bari kerung da beuki panasaran..
“Aya dua Kang syarat na téh...ka hiji pang damelkeun roti, ...nu kadua abdi kulem sareng anjeunna!!” ceuk Nyi Iteng.
“Tapi nu pasti maneh milih syarat nu kahiji nya..pang nyieunkeun roti??” ceuk Si Kabayan yakin da pamajikanna moal mungkin milih syarat kadua
Ari pok téh Nyi Iteng: “Pang nyieunkeun roti???......Emangna aing HOLLAND BAKERY!!!??...” bari ngasongan péso kana irung Si Kabayan
Labels:
acara TV,
banyolan,
basa sunda,
Bola mania,
heureuy bandung,
PAM,
PLN,
sepak bola,
urang sunda
Friday, 7 January 2011
Di langit Bandung Bulan keur mayung
Jang peuting geus ngalingkup
Ngarungkupan dayeuh bandung, anu hibar sinar lampu
Panto haté geus narutup
Mipindingan kawih asih, anu halon tur halimpu..
Geus paanggang geuning urang pajauh
Rek kasaha diri nyungkem nyalu'uh
Nu disungsi geuning nu diteangan
Duh ieung teu tembong tembong, geuning taya ngiberan
Di lalangit.. langit bandung
Ngempur hurung, bulan keur mayung..
Di lelemah.. lemah bandung
Kapidandung... kapidangdung..diri ditundung...
Labels:
bandung kota kembang,
heureuy bandung,
kakawihan,
kapidandung,
kawih sunda,
Kisunda sawawa,
langit bandung
Friday, 24 December 2010
Katipu atah atah
( Dongeng Ki Sunda Sawawa)
Baheula, basa aki keur resep keneh nguseup, sakapeung mah sok teu inget kana naon naon, tonggoy we cinekul di walungan atawa di balong, bari leuheung lamun sok beubeunangan mah, malahan sakapeung mah mindeng pasea jeung si nini, da kamalinaan teuing..
Harita oge, aki keur cinekul we di walungan, bari cingogo handapeun tangkal waru, bari can meunang sasiki siki acan, teuing teu aya laukan atawa eupanna anu goreng, malah harita mah rada oge aral, sabab ti isuk jedur nepi sore tomper, teu aya anu nyantok-nyantok acan.
Keur jongjon aki nguseup, torojol aya anu nyampeurkeun ka aki, jigana mah anu keur ngarit, da beda we keur ngajingjing arit. Pok manehna teh naya :
Ceuk anu ngarit : " Nuju nguseup ki..??
Aki ngareret bari nembal : " muhun jang, tapi poe ayeuna mah asa naas naas teuing ieu teh, sabab can beubeunangan..!!
Anu ngarit nanya deui : " ngangge naon ki eupanna..??
Aki ngajawab : " ah.. biasa we jang make cacing koot..!!
Ceuk nu ngarit : panginten atuh ki teu kekengengan, da eupanna awon..
Aki dikitukeun teh, rada reuwas, boa boa bener tah caritaan nu keur ngarit teh bener..
tuluy aki malik nanya : na ari eupan anu alus tina naon jang..?? ( semu daria da hayang dibejaan )
Ceuk nu ngarit : ah gampil ki, cekap ku siki salak diparud..!!
Aki beuki teu ngarti, sabab asa kakara ngadenge aya eupan lauk dijieunna tina siki salak, teus aki nanya deui.. " na dikumahakeun jang tah siki salak teh ..??
Anu ngarit ngajawab : siki salak teh di parud, teras dicampur sareng pecin, ngangge kecap we sakedik mah...!!
Aki mani atoh pisan ngadenge kitu teh, malah rek ngarencanakeun, isukan mah rek dicobaan make eupan tina siki salak, sugan we loba beunangna. Ngan aki panasaran, tuluy nanyakeun deui : " atuh jang meureun bangenan pisan nya..?? pasti lah loba anu nyangutna teh..??( bari cul we useup mah, da kataji ku obrolan..
Anu ngarit ngajawab bari ngaleos : nyeta ki teu aya nu nyangut hiji hiji acan....!!!!
Na da barang ngadenge jawaban kitu, aki mani asa kabentar gelap ereng erengan, keur mah nguseup teu beubeunangan, katambah aya anu nipu.... da lamun manehna teu keur mamawa arit mah, piraku teu digabrug tah jelema teh..
Saenggeusna kajadian kitu, aki mah tara nguseup nguseup deui, kapok sieun katipu deui...
Cag..

dongeng kisunda,
heureuy bandung,
mancing,
useup
Anu Panghideungna
Aya barudak keur ngariung..bari keur marebutkeun anu panghideungna.
Ceuk budak ka 1 :
Bapa kuring mah, bakat ku hideung, basa raheut, getihna oge kaluarna teh mani hideung..
Ceuk budak ka 2 :
Ah… hideung keneh bapa kuring, eta we waktu ka kadek sukuna, katingali daging jeung tulangna teh kabeh oge hideung..
Ceuk budak ka 3 :
Ah...... atuh eta mah, cetek keneh, bapa kuring mah bakat ku hideung hideungna, waktu keur ngabaheuhay di tengah imah, tuluy hitut…na atuh.. di tengah imah teh jadi poek mongkleng buta rajin, sabab pinuh ku hitutna bapa kuring…
Eta budak ka 1 jeung ka 2 sareuri mania akey akeyan, bari barijil balon tina liang irungna bakat ku seeleun, malahan mah make jeung aya nu medut sagala rupa, meureun bakat ku teu kuat nahan piseurieun..
Geus kitu celengkeun salah saurang budak aya nu ngomong : “ na euy ngawadul teh mani dibeakeun ku sorangan “.. cing atuh bagi bagi jeung kuring..!!
Cag…
Labels:
bodor sunda,
dongeng cawokah. dongeng kisunda,
heureuy bandung,
jalma hideung,
panghideungna
Pagede gede wadul
Kacaritakeun, aya 4 urang tukang nguseup keur ngariung, bari pagede gede ngawadul :
Ceuk tukang nguseup 1 :
Kuring mah, kusabab eupanna alus, karek clom oge dialungkeun, jol kurunyud we disangut.
Ceuk tukang nguseup ka 2 :
Ah.. atuh alus keneh eupan anu kuring, karek dipintel pintel oge, eta lauk teh geus ratok , bari ngaromong “ enggal kang geura anclomkeun, kuring geus teu kuat yeuh hayang geura nyanggut..!! “
Ceuk tukang nguseup ka 3 :
Ah.. atuh eta oge, masih keneh goreng, nu kuring mah, karek nyieun eupan oge, lauk teh pating arajleng ka darat bari ngaromong : “ kang… wios ku kuring di sangut ayeuna, geus aral yeuh hayang geura nyanggut..!!
Ceuk tukang nguseup ka 4 :
Ah… kabeh oge goreng tah eupan teh, nu kuring mah, lamun poe minggu rek ngusep, tah malem mingguna teh, si lauk geus daratang ka imah bari ngaromong : “ kang ari enjing cios rek nguseup teh..?? omat ulah teu sumping, kuring geus teu kuat..!!
Tukang nguseup anu tiluan pating rareret bari ngaromong : “ ah .. teu sangka, geuningan gede pisan tah wadulna teh.. ( bari pating carakakak nepi ka seeleun )
Labels:
banyolan,
dongeng kisunda,
heureuy bandung,
Kisunda sawawa,
ngabohong,
ngawadul,
nguseup
Wednesday, 15 December 2010
Rupa – Rupa Momones Jalma
ku: Jajaka Sunda
Jalma jujur : nyaeta jalma nu daek ngaku mun geus hitut
Jalma teu jujur: nyaeta jalma nu hitut, tuluy nyalahkeun batur
Jalma belegug : nyaeta jalma nu nahan hitut mang jam-jam lilana
Jalma nu berwawasan : nyaeta jalma nu apal iraha kuduna hitut
Jalma nu misterius : nyaeta jalma nu hitut tapi batur euweuh nu nyahoeun
Jalma nu percaya diri : nyaeta jalma nu yakin yen hitutna seungit
Jalma nu bodo : nyaeta lamun geus hitut tuluy narik napas keur ngagantian hitutna nu kaluar
Jalma nu pedit : nyaeta lamun hitut dikaluarkeun saeutik-saeutik nepi ka disada tit..tit..tit. ..
Jalma nu sombong : nyaeta jalma nu sok ngambeuan hitutna sorangan
Jalma nu ramah : nyaeta jalma nu sok resep ngambeuan hitut batur
Jalma nu tara gaul : nyaeta mun hitut sok bari nyumput
Jalma nu sakti : nyaeta mun hitut bari make tanaga dalem
Jalma nu pinter : nyaeta jalma nu nyirian hitut batur
Jalma nu sial : nyaeta mun hitut kaluar jeung bukur-bukurna. ..
Kanggo anu tos maca, mangga direnungkeun ku diri nyalira
kinten-kintenna ngagaduhan sipat jalmi numana tah..?
Labels:
dongeng bodor,
dongeng cawokah,
heureuy bandung,
Jajaka sunda
KOREAK!
karya: Abah Kabayan
kolot baheula mah...
mun aya koreak ngaliwat urang teh sok amit-amit :"hush..hush!...Ka sabrang, ka Palembang, balikna mawa kurupuk!"
ngan watir, sa eunggeus eta koreak datang ka palembang, sarua urang lembang ge amit-amit: "hush..hush...ka sabrang, ka Bandung, balikna mawa peuyeum..!"
kusabab eta koreak kaditu diusir, kadieu diusir..akhirna manehna bunuh diri di selat sunda...hehehehe!
kolot baheula mah...
mun aya koreak ngaliwat urang teh sok amit-amit :"hush..hush!...Ka sabrang, ka Palembang, balikna mawa kurupuk!"
ngan watir, sa eunggeus eta koreak datang ka palembang, sarua urang lembang ge amit-amit: "hush..hush...ka sabrang, ka Bandung, balikna mawa peuyeum..!"
kusabab eta koreak kaditu diusir, kadieu diusir..akhirna manehna bunuh diri di selat sunda...hehehehe!
Labels:
Abah Kabayan,
banyolan,
dongeng bodor,
dongeng sunda,
heureuy bandung
Subscribe to:
Posts (Atom)