Showing posts with label bahasa sunda. Show all posts
Showing posts with label bahasa sunda. Show all posts

Tuesday, 17 July 2012

Nalungtik Bahasa Sunda - Istilah dina bahasa sunda nu ampir tilem


GEREMBEL:
Kumpulan tatangkalan nu rada rembet, tapi teu biasa dipake nyumput sasatoan

GUPITAN
: Jalan heureut (sarupa jalan satapak) antara dua lamping

HUNYUR
: Imah rinyuh atawa taneuh nu mucunghul, pasir leutik

HUM
A : Sawah darat, kebon nu dipake melake par tur tara dikocoran cai

JALAN HUNI
: Lolongkrang tincakkeun antara pepelakan di kebon

JALAN JAJAHAN
: Jalan gedenu bisa dipaké ngaliwat kandaraan

JALAN SATAPAK
: Jalan nu ngan bisa diliwatan ku jelema

JONTOR
: Taneuh anu nyodor ka laut

JUNGKRANG
: Legok anu jero sarta gurawes

KUBANGAN
: Tempat nu ledok
(biasana di sawah atawa di balong) paranti mandi munding

KAMALIR
: Jalan cai leutik

KOBAKAN
: Lobang di tegalan anu aya caian

KEREES : Tempat di sisi walungan anu réa keusikan

KEBON
: Taneuh darat nu dipake melak rupa-rupa pepelakan

LANDEUH
: Taneuh atawa tempat nu leuwih handap ti tempat urang cicing

LEBAK
: Tempat nu leuwih handap

LENGKONG
: Tempat legok jeung jero di antara dua lamping

LAMPING
 : Tempat di gunung antara puncak jeung tutugan

jeung saterusna...

ku: Kisunda Sawawa di Forrum PUGER's Pasundan

Friday, 21 October 2011

Pasrah Sumeurah

Haté melang nyorangan nyawang ka tukang bray kalangkang, waas kagagas,

nyamper poe isuk di papag balebat ka béngbat, miceun katineung ngajangelek ka keuheul,

Haté hariwang sorangan, teu aya batur teu nyampak dulur, di baturan ku dalingding angin peuting, di pépéndé ku simpé, bisi isuk teu ka samper bisi pagéto teu teu ka waro,

Kedah kamana mawa awak nitip diri.?

Kedah kamana nyieuh ka sieun miceun ka tineung,?

Kedah kasaha nyieup teuteup nyimpay talatah.?

duh Gusti.......

Mung ka anjeun abdi sumerah diri, pasrah sumeurah ......... Kana taqdir diri.



Dicutat Ku : Layung Kemba

Friday, 7 October 2011

Sunda

Sunda surup kana tangtung

Sunda sieup ngumbang ka wandana

Sieup ngumbang ka wandana

Ajeg-adegna budi basana

Teu narakeun wawanena

Someah narima semah

Matak betah kanu ngadon bubuara

Tara ebreh pangartina

Teu nembongkeun ka bisana



Di cutat ku Putra Sunda Wibawa di Forrum PUGER’s Pasundan

Saturday, 1 October 2011

MALEM MINGGU - Siloka

M angsa urang tepang di mumunggang
A njeun nenggorkeun imut pangirut
L ambey nu dipulas lipstik warna ungu
E stu nambahan sieupna pameunteu
M atak ngeundeurkeun tungtung jajantung

M un pareng wanci teu jalir
I eu hate totojer hayang geura ngadongkang
N ineung.. ku keletna.. nineung ku rindatna
G eugeut jeung deudeuh mimiti minuhan rasa
G ilig dina hate hayang nganjang ka nyi lenjang
U lah ngan ukur jadi kalangkang sawangan


Ku: Jajaka Sunda Sawawa di Forrum PUGER’s Pasundan

Thursday, 29 September 2011

MATA KA SIMPÉ


Ngagambar sarébu mata kasimpé

Mata. Merul tina sapasang panon anjeun

Panon. Nu hanjat ka basisir, basa ombak

Mulangkeun mangpirang sarah parahu tatu

Jauh. Ti dasar sagara kasono

Tepung deui jeung anjeun, suku langit

Teu weléh maleukmeuk. Laut hawuk

Sanggeus lawas nguluwut leungiteun sajak cinta,

Layar-layar, camar, ungkara mutiara; iwal

Sapasang panon anjeun nu haat balabuh

Sabada taun-taun pajauh

Kuring anteng ngagambar sarébu mata kasimpé

Segak hégak warna. Muriang

Ngaranggeum implengan, ngalenyepan

Sarta ngaguratkeun isarah rindat-rindat

Rusiah. Sarébu mata kasimpé

Rabeng patinglémbéréh ngébréhkeun raheut sewang-sewang

Lir sarébu parahu nu ngakut sarébu dunya

Ti sarébu panyajak nu paragat dina kamar kecapna séwang-séwang

Kuring ngababakan, mites-mites régang usum

Ngawangun saung kasabaran. Sabab surti

Lalampahan baris ka jaruji, lebah dieu,

Gumulung jeung peurih kikisik

Mun peuting, mun peuting nyéblokkeun kelemeng

Kuring, jeung angin nu satia, nyerebungkeun durukan daun garing

Ngawur-ngawur arak kana rengat hawa

Sangkan warna langgeng mekar jeung rupa rusiahna

Boa mangabad-abad, ngagambar sarébu mata kasimpé

Mata. Tina sapasang panon anjeun

Panon. Nu hanjat ka basisir

Mulangkeun mangpirang sarah parahu tatu

Jauh. Ti dasar sagara kasono



Di cutat ku Putra Sunda Wibawa di Forrum PUGER’s Pasundan

USUM HUJAN JEUNG BENCANA - Siloka



USUM HUJAN

U ngal poé langit ngan ceudeum waé

S iga nu rék turun hujan

U rang kudu ati ati

M eureun ieu téh rék ganti musin



H awa karasana asa teu genah

U lah poho mun indit inditan mawa jas hujan

J igana mah musim teh keur pancaroba

A nu asalna usum halodo

N gagayuh kana usum hujan



MIJIH

M angsa halodo geus lekasan

I barat hiji rizki nu muragan

J adi hiji kabagjaan pikeun urang

I lang panas ngagalentarang

H arepan baseuh manjuran



BANJIR

B alukarna jalma nu sok miceun runtah sambarangan

A yeuna bakal karasa ku balaréa

N aékna cai walungan nu moal bisa dihalangan

J adi ciri rupa sifat-na manusa jaman ayeuna

I raha atuh urang rék ngarti tur taliti?

R obahna usum kalakah mawa balai



MUSIBAH

M arengan datangna rizky

U rang masing ati ati

S abab naon nu bakal karandapan

I lahi robby nu ngersakeunana

B alukar tina rasa mokahana manusa,,

A yeuna datang narajang

H iji bencana bumi nu teu tiasa dipondah deui,



SABAR

S aestuna bagja jeung cilaka anging Allah nu nangtukeun

A lam mayapada ukur kakacaan lain saeunyana

B atin nu sabenerna nu kudu ditéang jeung dieusian

A llah resep ka jelema nu sabar tur tara elat ngadu'a

R ahmat mantenNa nu bakal mawa kabagjaan dunya jeung akhérat.



BENCANA

B anjir.. banjir.. jeung bajir..

E ta kalimat geus teu anéh deui

N impa ka sakumna warga

C itarum teu walakaya

A kibat ka saeur runtah

N u mariceun sagawayah

A ntukna jadi musibah



CITARUM

C aahna dayeuh bandung

I wal ti caahna cai kabendung

T aneuh lempung gugunungan

A yeuna ukur sasakala

R obahna jaman jeung kahirupan

U kur bisa nyarita salaksa guyonan

M angkaning ieu lain heuheureuyan!



Di cutat ku : Nini Calutak di Forrum PUGER’s Pasundan

Tuesday, 6 September 2011

KATRESNA ATI (SILOKA)

Ku  : Bibie Dayank


K anyaah moal rek ilang , ka...
A njeun nu janten panutan ati
T ali pasini jangji urang duaan
R aket pageuh pinuh kadeudeuh
E ndahna kembang kaasih
S eungit ngadalingding minuhan sanubari
N yimpayna rasa duriat nu hamo bakal kapegat
A smara nyandingkeun endahna cinta

A njeun curahan katersna mungguh sajati
T angkal harepan mugia ngajadi
I barat ligarna kembang malati

Saturday, 3 September 2011

Bayawak Galak (A)

Karya : Rohyatna Yatna
Aya karya akang anyar. BAYAWAK GALAK. 
Aya bayawak galak anakan salapan. Dalapan gagalacangan ngala kadaharan aya gaang, anak hayam ah sagala. Dasar ngaran ngaran bayawak anakan mah galak kajalma. Malahanan kajalma harak kabayawak mah tara lana ngahakan.
Naha mangsa datang randa atawa parawan mah bayawak galak haranga kalah kakarayapan hayang nyam-nyam. 
Anakna datang "bapa..bapa tah mamah datang !". Bayawak galak asa kahalang...halang hayang kaparawan atawa randa garagal ....ah bayawak maca calawak !!!...akang ngarangna hah..hahan sabab baham akang asa ragrag...ha..ha..

Farmville versi Sunda

Ku : Apundht T'laknathdhttz-nightmare Sevenfoldimsz
 
Bapa si Udin gering ripuh, kabeh dikumpulkeun.

bapa udin : "Araya kabeh??"
udin : "Aya Pa"
bapa udin : "hampura bapa"
udin :"tong nyarios kitu, sing eling" (padahal ngarep2 warisan)
bapa udin : "bisi bapa maot, bapa nitip villa, kebon, sapi 3"
udin : "udin teu ngarep2 nu kitu" (jero hate, yes yes! )
bapa udin : "kade kebon ulah poho nyebor, sapi ulah teu diparaban"
udin : "mangga ari percanten mah, dimana villa, kebon, jeung sapina?"
bapa udin : "NA FESBUK, ke dibere paswordna (farmville)"

Ngalaleueut A!

 Ku : Apundht T'laknathdhttz-nightmare Sevenfoldimsz  di  Forrum PUGER's Pasundan
 
Dina hiji poe, aya ibu-ibu numpak angkot bari ngangais budak. tapi tisabareng naek angkot, eta budak teh teu eureun ceurik wae,

tayohnamah eta budak teh hayangeun nyusu tapi indungna eraeun da puguh angkot teh pinuh, tuluy wae ku indungna di beberah sina repeh, tapi eta budak kalah beuki tarik ceurikna teh.nya akhirna mah indungna ngelehan era era oge susuna dikaluarkeun tuluy di asongkeun kabudakna bari tuluy dirungkupan ku samping.

teu kosi lila eta budak kaluar nolol tina samping bari pok ngomong ka penumpang sejena "ngalaleueut a ......

Wednesday, 25 May 2011

PSSI - Siloka



P. unten pisan ka papayung agung anu palalinter..
S. ing emut kana purwadaksina..
S. sangsi ti FIFA geus nanggoh payuneun
I. calkeun égo masing masing demi kapentingan nasional.

Lulus Ujian - Siloka


H. até deg degan..
A. ngen ratug tutunggulan..
S. ieun jeung hariwang pagaliwota
I. nggis hasil jerih payah teu nyugemakeun
L. ebar temen mun nepi ka ngulang deui.

U. jian geus kaliwat.. hasilna geus katarima..
J. alan jalan pinuh ku anu urak urakan
I. tu ieu pada namplokeun kabungah
A. ya nu silih corétan..
N. ajan ngarumpak aturan..

N. gan hanjakal....
A. ya rintangan nu baris ngahadang
S. ulit nyiar pagawean..
I. jazah teh ampir teu aya gunana
O. ngkoh lamun aya ogé kudu bari sugak sogok
N. u jumlahna luar biasa..
A. ntukna kapaksa nganggur
L. ungsé... izajah teh ngan ukur jadi pajangan..

Monday, 23 May 2011

Lulus Ujian - Siloka


H. até deg degan..
A. ngen ratug tutunggulan..
S. ieun jeung hariwang pagaliwota
I. nggis hasil jerih payah teu nyugemakeun
L. ebar temen mun nepi ka ngulang deui.

U. jian geus kaliwat.. hasilna geus katarima..
J. alan jalan pinuh ku anu urak urakan
I. tu ieu pada namplokeun kabungah
A. ya nu silih corétan..
N. ajan ngarumpak aturan..

N. gan hanjakal....
A. ya rintangan nu baris ngahadang
S. ulit nyiar pagawean..
I. jazah teh ampir teu aya gunana
O. ngkoh lamun aya ogé kudu bari sugak sogok
N. u jumlahna luar biasa..
A. ntukna kapaksa nganggur
L. ungsé... izajah teh ngan ukur jadi pajangan..

Saturday, 19 March 2011

Pupuh Kinanti


Dina bahasa sunda mah, salah nulis saeutik oge, bakal mangaruhan kana eusina.
sok geura bandungan dina pupuh " Kinanti "

Nulis anu bener :
Budak leutik bisa ngapung
Babaku ngapungna peuting
Kuriling kakalayangan
Neangan nu amis amis
Sarupaning bungbuahan
Naon bae nu kapanggih..

Nulis anu salah :

Budak leutik bisa ngacung
Babaku ngacungna peuting
Kuriling kakalayangan
Neangan nu amis amis
Sarupaning bungbuahan
Naon bae nu kapanggih..

Sok geura tengetan, kira kirana bakal akur pimaksudeunnana..??
Ceuk aki mah beda pisan, nu ka1 mah eusina teh lalay / kalong
Ari anu ka 2 ...?? aki oge rada bingung keur ngucapkeunnana.. hehe

Lamaran Kerja Nu Pasti Ditolak

 ku: Ki Sunda Sawawa
 
Omat aki peupeujeuh, lamun hayang katarima ngalamar gawe, kade tong loba teuing lampiran.

Conto lamaran anu pasti moal ditarima :

Sebagai bahan pertimbangan bapak, bersama ini saya sertakan :

a. Foto copy KTP bapak saya
b. Pas foto saya waktu disunat
c. Surat kelakuan baik seluruh keluarga saya
d. Bon hutang selama 1 tahun
e. Proposal permintaan sumbangan pembangunan mesjid di Rt saya

Lamun lampiran dina lamaran samodel kitu, aki ngajamin bakal langsung ditalapung bari diimplik implikan ku ngomong.. mantog siahhhh......!!!!!!!!!!!

Haaahahahahahaah

Naskah Paturay Tineung

Geus jadi kabiasaan, mun nyinghareupan ahir taun Ajaran, budak sakola sok dititah ku guruna supaya nyarieun naskah paturay tineung.

Aki ngahaja mangnuliskeun, mudah mudahan aya mangpa'atna..
Paturay Tineung Ti Murid Ka Guru

Assalamu’alaikumwr.wb.

Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Allah Illahi Robbi. Alhamdulillah wasyukurilah, Laillahhailallah, Subhanallah dina danget ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung dina raraga nyakseni upacara Paturay Tineung, wireh sim kuring saparakanca bade ngantunkeun ieu sakola sabada tamat diajar salami tilu taun.

Bapa kalih Ibu, hadirin hormateun simkuring

Mungguh ari waktu asa nyeak pisan sajorelat. Asa kamari keneh sim kuring saparakanca munggaran lebet ka ieu sakola, ayeuna tos kedah paturay deui. Sim kuring saparakanca kedah miang deui neraskeun sakola,ngahontal harepan sareng cita-cita.
Kantenan wae salami tilu taun diajar di ieu sakola, seueur pisan anu bakal janten panineungan.
Di dieu, di sakola urang nu genah pikabetaheun, sim kuring saparakanca diajar neangan elmu, ruang riung boh di kelas boh dina rupa-rupa kagiatan, bari sakapeung sempal guyon gogonjakan sareng rerencangan, tangtos bae eta sadayana bakal janten panineungan nu moal kahihilapkeun.
Atuh kasaean Bapa kalih Ibu Guru sadaya, elmu pangaweruhna anu didugikeun ka sim kuring saparakanca tangtos bakal nyerep dina angen, janten obor nu nyaangan jalan sorangeun. Pamugi elmu nu katampi sing janten mangpaat kanggo abdi saparakanca.
Saterasna pirang-pirang kasaean Bapa kalih Ibu, sim kuring saparakanca teu tiasa males eta kasaean, mung tiasa ngedalkeun du’a, pamugi rupining elmu sareng katiasa anu parantos dipaparinkeun, kenging ganjaran anu mangtikel-tikel ti Allah Ala Wa Zalla. Amin
Bapa kalih Ibu guru kalebet rengrengan ti tata usaha, salami sim kuring saparakanca diajar di ieu sakola tangtosna seueur pisan kalepatan, seueur pisan sikep sareng paripolah anu tangtosna tiasa janten ngajaheutkeun manah ka sadayana. Jalaran kitu, ngawakilan rerencangan sadayana, dina danget ieu sim kuring neda sih hapuntenna, mugi jembar hapuntenna kana samudaya kalelepatan sareng kaluluputan.
Pamungkas, neda pidua ti sadayana, pamugi sim kuring saparakanca nu lulus taun ieu sing tiasa neraskeun tolabul elmu. Lungsur-langsar teu aya halangan-harungan, nyukcruk elmu di tingkat nulangkung luhur
Rupina sakitu nu kapihatur, bilih aya basa nu kirang merenah, kecap nu kirang larap, bilih aya kalimah nu teu raos kana manah, neda hapuntenna

Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalu’alaikum wr. wb.

Ku: Ki Sunda Sawawa

Kamus Bahasa Sunda / Indonesia

Jigana diperlukeun ku budak sakola mah

Ajeng = Mengajukan
Acuk / Raksukan = Pakaian
Ancin = Sedikit Makan
Anclub = Turun ke air
Andiprek = Lesesan
Anggoan = Pakaian
Angkat = Pergi
Angkeng = Pinggang
Angkeub = Mendung
Angkeut = Dagu
Antawis = Antara
Antuk / Antukna = Akhirnya
Aos = Baca
Aprak = Jelajah
Atikan = Ajaran
Atanapi = Atau
Atik = Didik / Ajar
Astra = Wajah
Babar = Lahir
Bagel / Ngabagel = Keras / Mengeras
Baheum = Kulum
Bahe = Tumpah
Balad = Teman
Balangsak = Melarat / Miskin
Balang = Lempar
Baleuy = Tidak terlalu panas
Bangga = Ribet
Bangir = Mancung (Hidung)
Bangkawarah = Kurang Ajar
Bentar = Sambar (Petir)
Bared = Tergores
Bari (katuangan) = Basi
Baruk = Begitukah ?
Basisir = Pesisir
Bayeungyang = Gerah
Bayuhyuh = Gemuk
Bebene = Kekasih
Bedegong = Bandel
Belejog / Kabelejog = Tipu / Tertipu
Belenyeh = Tertawa Kecil
Bendu = Marah
Bantos = Bantu
Bewara = Berita
Biantara = Pidato
Binangkit = Kreatip
Bolokot = Kotor oleh Lumpur
Bireuk = Tidak kenal

( hanca )

ku: Ki Sunda Sawawa

Tuesday, 1 March 2011

WIRANG KU LUKISAN




Na hiji waktu présiden nagara sasagon nganjang ka paméran lukisan, ku sabab harita presidén téh keur ka serang panyakit panon (bélék) jadi titingalianna rada teu écés, ku sabab kitu manéhna mawa ajudan nu tugasna nunungtun ieu présiden.

dimimitian ningali lukisan ka hiji:

Presidén: “Wah...lukisan ieu hadé...laukna jiga nu hirup!.”

Ajudan: “Sssst...Pak, alon-alon nyariosna bilih kadangu kunu sanés, éta sanés lukisan lauk tapi lukisan buaya!!”

Terus pindah kana lukisan nu lianna

Présidén: “Whuh...ieu lukisan gajah meni katingalina gagah...hebat nu nyieunna!!”

Ajudan: ”Ssssst....Pak, alon-alon ah nyariosna..eta mah lukisan banténg...”

Kusabab di protés waé ku ajudan akhirna ieu présidén nahan diri pikeun ngomentaran lukisan nu ku manéhna di tingalian..nepi ka dina hiji juru ruangan..manéhna teu kuat hayang ngoméntaran hiji lukisan:

Présidén: “Wah..ieu nu ngalukis bener-bener jelema hebat....lukisan Gorilla-na mirip pisan jeung nu aslina....hébat nu nyieun lukisan ieu..kudu menang penghargaan....!!!”

Ajudan: “Sssssssst......Pak,.... alon-alon nyariosna...eta mah sanés lukisan Gorila tapi lukisan bapak...!!!”


Tuesday, 22 February 2011

Rahasia Sangkan Juara

ku:  Abah Kabayan

 
Udin: "Abah naha domba abah mah mun diadukeun menangan wae? naon rahasiana Bah?"

Abah: "Tong dibeja kasasaha nya Din..ieu mah rusiah antara abah jeung maneh!!"

Udin:"Moal Bah...janji Udin mah!"

Abah:"Domba hayang menangan wae mah gampang Din!, rek diadeukeun teh mandian heula meh giras!...PASTI MENANG!!"

Udin:"......Oooooh....!!!!"

teu kungsi lila si Udin balik deui ka Abah bari ceurik balilihan

Udin: "Abah...abah mah ngabohong ka Udin..abah mah BOHONG!!"

Abah: "Na ari maneh..datang-datang teh jol murang-maring ka Abah deuleun?!"

Udin:"Ceuk abah mun domba hayang menang kudu dimandian heula meh giras!!"

Abah:"heueuh..teruss???"

Udin: "Naha..ari...ari Udin pan rek ngadu langlayangan..dimandian heula kalakah soek...hikh...hikh!!"

Abah:"Wewelek sia da...tong disaruakeun ngadu domba jeung ngadu langlayangan mah atuh!!!"


TIBUM


Hiji poe aya tibum keur nertibkeun padagang kaki lima anu daragang dina trtoar..

Anak buah : pa.. ieu aya roda kumahakeun..??

Pingpinan : nertibkeun mah ulah pandang bulu, sok bangkat..

Anak buah : pa.. ieu aya beca.. kumahakeun..??

Pingpinan : eh.. na belegug belegug teuing.. sarua bangkat..!!
Anak buah : pa ieu aya baso kumahakeun..???

Pingpinan : eh... na mani teu ngarti-ngarti.. omat tong lada teuing..!!

Anggota : ??????????????
 
 
Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...