Showing posts with label guaran basa. Show all posts
Showing posts with label guaran basa. Show all posts

Sunday, 15 May 2011

TUNGGARA

T. ungkusan katresna
U. kur ngolebat ngajauhan
N. inggalkeun rasa katineung
G. ugupay lir pileuleuyan
G. udawang ngarakrak dada
A. tra guratna tapak tapak cinta
R. enghap napas pinuh tunggara
A. sih teh reuntas di jalan

Sunday, 8 May 2011

Guaran asal usul sampurasun jeung rampés


Mun kamari aki ngaguar perkara kalimat " sampurasun "..

Ayeuna aki rek namatkeun perkara jawabannana nyaéta " rampes ".

Lumrahna, saréréa ogé bakal sapamadegan ngeunaan pihartieun tina kalimat rampés téh nyaéta " mangga ". Éta oge mémang teu salah, tapi harti anu asalna mah " rampés " teh tina kalimat " rampas ", hartina rebut, sabab harita nagara urang keur dijajah ku walanda, antukna supaya teu kacingcirihi ku musuh keur silih sumangetan ka nu séjén, make simbul éta.

Tah kitu guaran ngeunaan kalimat sampurasun jeung rampés teh asal usulna mah..

Cag...

Thursday, 5 May 2011

Ngaguar harti ucapan sampurasun

 
Kabiasaan urang sunda, kalimat awal anu diucapkeun lamun manggihan babaturan atawa dulurna, sok ngucapkeun “Sampurasun“.. dijawab kunu didatangan teh ku kalimat “rampés“, bari duka apaleun atawa henteu kana harti anu sabenerna tina éta kalimat teh.

Kalimat “sampurasun“ téh lamun di hartikeun sajalantrahna nyaéta tina kecap “Assalamu’alakum, isun ( kaula/abdi/kuring ) ménta dihampura“

Kusabab lamun ngucapkeun “ ASSALAMU’ALAIKUM KAULA MENTA DIHAMPURA “ mah panjang teuing, nya disingket samodél dina budaya basa kamilitéran jadi “ SAMPURASUN “

Nengetan tina maksud ieu “salam sunda” kacida alusna, sabab nalika urang panggih jeung baraya langsung ngucapkeun salam (singgetan tina assalamu’laikum) bari terus menta dihampura,
Hiji tanda yén urang Sunda mah salian ti ngucapkeun doa kasalametan keur baraya nu panggih teh, terus menta dihampura sok bisi aya kasalahan dina mangsa anu katukang-tukang, sanajan can tangtu urang téh boga kasalahan ka eta baraya nu kakara panggih tea. Tuh pan kacida alusna ...!!

Hanca...

Tuesday, 22 February 2011

BUBUKA


Aki ngahaja nulis conto bubuka keur acara seren sumeren panganten,anu jadi harepan dina nungtun acara teh ulah sagala ngandelkeun kolot, geus meujeuhna para nonoman anu maju ka hareup..

BUBUKA

Bismillaahir rohmaanir rohiim
Assalamu'alaikum Wr. Wb.
Alhamdulillahi robbil aalamin, Wabihi nasta'iinu alla umuurid dunia waddin. Was sholaatu wassalaamu alla sayydina Muhammadin khootaminnabiyyin, Wa aalihi wa shohbihii ajma-'iin.

Langkung ti payun, sim kuring kalayan asmana bapak/ibu ……………………………. Sakulawargi, ngahaturkeun wilujeng sumping ka Ibu miwah Bapa…………… anu janten sepuhna calon panganten pameget, pon kitu deui ka sugri anu nyarenganana. Tutut gunung keong reuma sumangga geura lalinggih.

Pinisepuh, piderekan, para wargi anu sami hadir.
Dinten ieu ping ……………………………., mangrupi dinten anu kebek ku kabagjaan utamina kanggo kulawargi bapak/ibu ………….. miwah kulawargi ibi/bapa ……………………….., atuh urang oge anu ayeuna sami-sami riung mungpulung seja ngiring bingah, seja mintinkeun prasetya kawening ati geusan rumojong ngandum pangdu'a dina nyakseni pamaksadan anu parantos disimpay ti anggalna ku dua kulawargi.

Kukituna saparantos reureuh palay, pepes kesang, bada mudun/nanjak ti ………………….. ka ………………….., sok sanaos anu sumping parantos sampurasun pon kitu deui pribumi parantos ngarampeskeun, nanging

supados kahartos naon rupi pamaksadan tatamu, sumangga ka sesepuh rombongan calon panganten pameget dihaturanan ngadugikeun pamaksadanana.

Monday, 13 December 2010

Guareun anak incu

Ku: Ki Sunda Sawawa


Anaking…!!
Sok lenyepan ieu pepeling..!!
Kahirupan teh lir ibarat kapal nu keur ngambah samudra..
legana parat ka langit.. jerona satunjang jagat..
Pangeusina salaksa haq, saketi batil..satumpuk kamaksiatan
Hade jeung goreng bagja katut cilaka, estuning pagaliwota..
Keur sorangeun ..teuleumaneun.. eunteunganeun jeung piliheun hidep…
Anaking…. !!..
Bral geura beberkeun layar bari pinuh pangharepan
Kapalna wujudkeun kataqwaan..
Eusina pinuhan ku kaimanan..
Umbul-umbulna tancebkeun dienul Islam..
Padomanana turut tumut sunah Rosul
Balabuhna lebah palataran katengtreman..
Insya Allah kapal hidep bakal kuat norobos lambak sagara..
Di tengah mijahna galura kahirupan..
Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...