Showing posts with label carita hirup. Show all posts
Showing posts with label carita hirup. Show all posts

Thursday, 29 September 2011

Tambah manyun - NU UING


Saméméh indit ka masigit jang Apundht  nulisan heula sendalna "NU UING" kenca katuhu, maksudna mah méh henteu pahili jeung nu batur. kencling jang Apund teh Indit. beres solat manéhna ngajenghok lantara sendal nu ditulisan "NU UING" teh ngajéjér aya nepi kana limana. sanggeus lila mikir. gap manehna milih sendal nu panganyarna, padahal basa indit sendalna geus butut jeung geus aplek - aplekan, méh méhan pegat.

(nyutat tina keom sakedap)

Di cutat deui ku Sujang Surandi Riweuh di Forrum PUGER’s Pasundan

Wednesday, 28 September 2011

GAJAH


Baheula mah loba kénéh jalma anu can nyaho kumaha dedegan gajah. Ayeuna loba gambarna, baheula mah hésé hayang manggihan gambar gajah teh. Harita aya anu kakara balik ti Kebon Binatang keur ngobrolkeun perkara gajah téa ka babaturanana.

“Waduh….éta mah gajah, awakna teh gédé pisan. Geura baé ceulina sagedé hihid. Tulalena sagedé doran pacul. Sukuna sagede sunglon*….” eureun nyaritana teh da kaburu aya anu ngageroan manten. Kabeneran obrolanana kadéngéun ku saurang jalma anu rada ngirung nyaritana anu keur saré di tepas. Terus ku manehna dicaritakeun deui ka baturna, jiga enya baé tas nyaba ti Kebon Binatang.

“Haduh éta gajah….sukuna sagedé sunglon, tulalena sagedé doran, ceulina sagedé hihid,” pokna.

“Ari awakna sagedé kumaha?” ceuk babaturanana malik nanya. Tapi kulantaran tadi teu kasebutkeun, pok bae nyarita, “Sagedé sunglon sukuna mah,”

“Lain, ieu mah awakna sagedé kumaha?”

“Enya sagedé doran pacul tulaléna mah,” tembalna semu éra.

“Ari manéh, nu sagede doran pacul mah apan tulaléna. Ieu mah nanya téh sagedé kumaha awakna?,” ceuk babaturana teugeug.

Lantaran dipaksa, pok baé manehna némbalan,”Awakna mah sagede japati….”

“Hor maenya…..apan sukuna gé geus sagedé sunglon, maenya awakna sagedé japati?” babaturanana kerung.

“Da japatina gé dua,” témbal manéhna embung éléh.

“Masing dua ge angger baé leutik. Geura wé tulaléna gé sagedé doran pacul.”

“Da japatina tilu.”

“Angger baé masih leutik japati tilu mah. Apan ceulina ge sagedé hihid?”

“Da….da….japatina gé saalam dunya,” pokna bari karacam keureuceum éraeun.




Ku Abi Faturachman Hanifah di Forrum PUGER’s Pasundan

Sasakala Lembur Kuring

Abah Unéd (Alm.) &  Néh Énos (Alm.) salah sahiji pupuhu di lembur Mengger
Sore ieu mah Abah rek mecakan naluntik sasakala ngaran lembur di daérah Abah, benerkeun bisi Abah salah nya!

- Rancatungku

Tina dua kata "ranca" jeung "tungku", ari ranca artina 'rawa', aya ogé nu ngartikeun 'katél gedé' tapi Abah mah leuwih resep ngartikeun ranca téh kana rawa, kusabab ningali daerah Rancatungku téh baheulana loba rawa-rawa kusabab ayana sisieun walungan Cihérang.

Ari "tungku" nya artina tempat masak atawa 'hawu', kusabab ceunah nepi ka ayeuna éta situs "tungku" téh masih aya di daérah Rancatungku. Duka lebah mana tah Abah gé can pernah ningali.

Ceunah...carita nu kungsi ku Abah katarima, daérah Rancatungku teh tempatna para TNI nyumput tina serangan Walanda, atuh tempat ieu ogé nu jadi tempat akomodasi makanan (konsumsi) jang para tentara nu berjuang negakeun nagara Indonesia.

- Baru

Ku ngaranna "Baru" gé urang geus pasti bisa ngarti yén lembur ieu téh masih anyar, kusabab baheulana lembur ieu téh kebon awi, kaciri nepi ka poé ieu daerah Baru loba keneh kebon awi.

- Kalapatilu

Sasakala Kalapatilu, pernah dina hiji waktu di daérah ieu aya kalapa nu cagakna tilu, duka tah saméméh aya kalapa nu cagakna tilu lembur ieu katelahna lembur naon?

- Panawuan

Katelahna "Lembur Keuyeup" kusabab di tempat ieu lolobana tukang ngarala keuyeup, malahan jadi kadaharan sapopoé.

Kusabab daérahna aya di pasisian walungan Cihérang, pernah hiji waktu daérah ieu kena ku banjir bandang ti walungan cihérang, nepi ka warga satempat nawuan cai tijero imahna...Ketelah wéh lembur ieu teh jadi lembur Panawuan nepi ka poé ieu.

- Mengger

Sok aya basa "urang Mengger mah barager tapi lalengger" hehehe!... tah ieu lembur tempat Abah jeung Ki Sunda Sawawa megar.

Baheulana lembur Mengger teh ngan saukur kebon awi di tengah sawah (tegalan). ari arti Mengger nu kataluntik ku Abah hartina galengan sawah... duka tah versi nu lainna.

Da geuningan mengger teh lain saukur di Rancatungku,di Bandung aya tilu Mengger nu geus ngabuana nyaeta:

  1. Mengger Tengah, mengger kulon atawa Mengger Pondok, Desa Rancatungku. nu dijerona aya nu katelah Mengger Pojok kusabab posisina aya di pangjuruan lembur.
  2. Mengger Wetan atawa Mengger Panjang, Desa Rancamulya
  3. Mengger Cigereleng Bandung.
Duka tah diantara tilu mengger eta aya patula-patalina atawa heunteu? tapi nu jelas dimana aya ngaran Mengger tangtu didinya aya sawah!


Update:

Panawuan~oge paranti nawu keur nyaian sawah cigoong kulantaran can aya bendungan ,bari posisi sawah rada luhur.halodo

lembur Panawuan ayeuna mah geus ganti deui ngaranna jadi Sukamandi

ari " Mengger " baheula téh saacan jadi lembur, ieu daerah téh dipager sakurilingna ku anu ngababadak ieu lembur ( cenah mah ngaranna téh " Embah Badak Tunggal " )
nepi ka katelah mengger téh sabab pinuh ku pager..

"Mengger" asal tina "Tetengger" nya eta lembur leutik anu sabudeureuna sawah, mangga tiasa di tinggal di Mengger anu sanes na ...

Numutkeun soko seuweu pupuhu Pasundan anu peta sareng bukuna aya dicepeng Ku Bpk Stepanus, yén Eyang Badak Tunggal teh Hiji Jalmi anu ngawitan muka sarta bubuara di wewengkun Pameungpeuk anu ayeuna janten kec. Pameungpeuk Kab. Bandung. Ari Bandung numutkeun sajarah dina eta buku mah baheulana teh Situ gedé nu kabendung ku gunung-gunung, sanggeus batu Sanghiang Tikoro muka mangka cai éta situ bisa ngocor ka laut. Akhirna éta situ saat. Disebut weh Bandung.

Mengger !! aya dua tina kecap Meng= Mapay galeng hartina loba sawah, jalan ka sawah.ari Ger= pager hirup tina tatangkalan baruntas jeung pecah beling anu dijieun pager ngurilingan lembur. Buktosna kapungkur taun 1975 an jalan di Mengger Rancatungku teh bebelekukan semet tuur munding, jeblog taneuh hideung mun lempang teh. Keur jaman Ki Sunda Sawawa nuju alit sok peperangan sumpit jeung pepedangan.... Tiiiit....teeet !! Breng barudak barijil tina rungkun rungkun pager baruntas bari ditaropi ku daun salak, pan harita jelas seueur pager hirup tina baruntas malihanan manuk peténg sareng ciblek ge seueur nyayang na pager

Ieu sumber asal usul teh ti pun Aki Bah Akub(Alm-kapungkur kantos nyarios ka Akang kitu) samalihanan saur sepuh nu sanésna ieu lembur teh kantos diruat ku endog soang cenah méh anak incu jeung singsaha nu ngaraosan cai mengger betah tara ingkah. Nepi ka jodo jodona jarang nu ingkah, eta ge ukur carita mungkin lain akibat luluhur mengger ngaruat endog soang, jodo mah kumaha nya ach.. sesah nyebatkeunana heurin kulétah da akang gé rumaos....jlek teh ka turunan Épen .
 

Tuesday, 27 September 2011

Mimiti kuring apal kota GARUT tina ngimpi


Lain beja lain bohong....Sataun katukang kuring ngimpi kadatangan jalma make pakaéan sarwa hideung diiket,dina impian éta jalma nitah kakuring ngadatangan gunung Cikuray, ngimpi kukuring teu di waro nepika 7 poé ngimpi waé sarupa kitu,nya kuring tatanya ka babaturan jeung tatangga tapi weléh euweuh nunyahoen,nepika kuring meuli peta,teu lila saprak apal gunung Cikuray dikota Garut kuring ngajugjug kakota Garut,loba pisan kaanéhan sanggeus kuring balik ti gunung Cikuray bulan Muharam taun kamari.....

Hanca....


Ku: Wendy Mulyadi di Forrum PUGER’s Pasundan

Saturday, 17 September 2011

Rapot Beureum

Bapa:  "jang...naha rapot teh nilaina beureum kabéh?”
Ujang:  "(ngan saukur nyéréngéh)”
Bapa:  "bener-bener kabangetan ari nyanéh jang...naha tara di ajar kitu...??
Rarasaan mah Bapa teu bodo-bodo teuing kos kieu da baheula téh...
Jaba ieu saha deui nu geus tanda tangan didieu?, asa lain tanda tangan Bapa...?”
Ujang:  "émang sanes tanda tangan bapa éta mah...!”
Bapa:  "tanda tangan saha kitu?”
Ujang: "tanda tangan Si Aki”
Bapa:  "naha Aki nu tanda tangan didieu, pan kuduna mah Bapa nu tanda tangana....”
Ujang:  "nya henteu atuh Pa...da éta mah sanes rapot Ujang tapi rapot bapa!!
Ujang nang manggih di gudang hehehe!!!
Bapa  :"ach piraku....(bari beungeutna meni bueereumm)

Ku : If’Julataz di Forrum PUGER’s Pasundan

Wednesday, 7 September 2011

Ciri-ciri Jalma Tina Pasemonna


kaayaan jalma mah bisa kaciri tina pasemonna..
lamun pasemon marahmay, nandakeun hade hatena.
lamun pasemon camberut, nandakeun hatena kusut.
sategesna, pasemon teh jandelana hate.

tapi lamun bujurna bitu, nandakeun keur ngawelu..
kudu gancang nutup irung.. bauuuuu....!!!

Friday, 19 August 2011

Akibat Sare Keur Juma'ah-ah


Basa sholat juma'ah kamari p aya insiden kecil..
Lantaran éta masalah sare..

...Ari nu sok komat téh mang ipin.. Ngan mun hotib keur hutbah manehna mah saré, tos pada apal sarerea gé, ke wé mun waktuna komat sok di toél ku DKM..

ari tadi mah koropak téh telat maju, jadi hutbah geus maju, koropak kakara jalan.. Hareupeun mang ipin mentog, da saré..

Ku wa omay anu diuk tukangeunnana, mang ipin ditoél, maksudna mah ngabeja-an koropak supaya dipajukeun..

Duka keur tibra pisan, duka kumaha, meureun marukan mang ipin mah DKM nu noel téh ngabejaan komat...

Na da éta mah.. Jurungkunung mang ipin nangtung, gorowok komat, mangkaning hotib keur meujeuhna susumangetna hutbah..,

di cutat ku : Akang Asep

Friday, 12 August 2011

Balebat Pangharepan

Ku : Ki sunda Sawawa

Geulis..
lebah mana simpe nu teu mepende..??
pan ayeuna tilu wanci sineger na balandongan
handapeun kalakay janur nu ngajirim pasanggiri
antara kuring jeung anjeun nu nyanding
lebah kalangkang lamunan urang.

Geulis..
kaca pamungkas lalakon urang
geus kailo ku rasa sono
nu kiwari minuhan kasieup rangkulan anjeun.
marengan jentrengna kacapi suling

Geulis..
geus meujeuhna urang beber layar tarik jangkar
nyimpaykeun jaladri kaasih nu geus lila eunteup
hayu urang lalayaran dina ngeplakna sagara kaheman
meungpeung balebat can datang nembongan

Thursday, 16 December 2010

Kabobodo

Aki mah, mun inget kana lalakon baheula waktu aki dibobodo ku ki sunda, sakapeung sok rey ambek, da asa diwiwirang.. sakapeung deui seuri sorangan, da hirup teh asa bodo bodo teuing..

Harita masih keneh inget, basa aki rek ka kota, dijalan digeroan ku ki sunda.. " kang kadieu urang ngopi heula," ( da ka aki teh manehna mah ngaakangkeun ).

aki harita ngarandeg, keur mah memang rada cape, da kabeneran indit teh leumpang, teu panjang pikir gek weh diuk gigireun ki sunda, harita kisunda nawaran opieun..., aki teu haripeut, da bisi kudu mayar sorangan.

Ceuk ki sunda.." sok kang ngopi, keun ku abdi diitungna..!!..."

geus ngadenge kitumah aki teu antaparah deui, deker we aki ngopi, keur mah rada lapar, da can sasarap ti imah, jeung deuih pikiran aki teh meungpeung gratis, da bakal dipangmayarkeun ku ki sunda.

geus rasa lila, ki sunda ngomong ka aki, " Kang sing jongjon we nya..!! abdi mah bade ka palih dinya heula..!!.."

aki teu boga curiga nanaon, sabab pamikiran teh, ki sunda rek ka dieu deui bari mayar anu aki.

Geus rada lila, aki oge permios kanu boga warung rek nuluykeun indit ka kota, bari bebeja beak sababarahaeunna, cenah engke dibayarna mah ku ki sunda.

Heuleut saminggu ti hartia, basa aki kabeneran ngaliwat deui ka warung eta, nu boga warung geus ngabedega megat aki, bari pok ngomong : "Ki.. punten tilas minggu kamari teh teu acan dibayar..!!."

Aki reuwas beak tikarep... bari ngomong : " pan tiheula teh lain dibayar ku ki sunda.. ?? " ,

nu boga warung ngajawab, "muhun ki eta oge ki sunda teh ka warung deui, teras mangetangkeun anu aki, tapi cenah mayarna mah engke we tagih ka aki pangampih, sabab ki sunda mah ngan ukur nawaran rek mangitungkeun wungkul."

Bari era campur wirang, jeung keuheul deuih ka ki sunda, aki tuluy weh mayar bari sasadu, da teu ngahaja.

Tiharita nepi ka ayeuna, aki can panggih deui tah jeung ki sunda, mun panggih mah, ku aki moal asa asa rek dikerekeb..!! hehehe

karya :Aki Pangampih

Wednesday, 15 December 2010

Sasakala Tangkuban Parahu

Hasil Coretan :Ki Sunda Sawawa 



Carita jaman baheula
Legenda di Tatar Sunda
Satria gagah perkasa
Pilih tandang pilih tanding

Sangkuriang teuneung ludeung
Rek nyanding putri nu geulis
Dayang sumbi rempan risi
Curiga eta putrana

Rek nolak nolak ka mana
Sangkuriang bakal maksa
Ngan ukur reka perdaya
Satria teu walakaya

Parahu anu diwangun
Teu parat kaburu beurang
Kongkorongok hayam jago
Megat niat sangkuriang

Kaduhung sagede gunung
Ati peurih meunang wiring
Langsung nalapung parahu
Nangkub nepi ka kiwari

Tuesday, 14 December 2010

Ngalalana

 ku: Kang Jaka

Palebah jalan jajahan
Cipelah leuweung tutupan
Aya imut ngagelenyu
Marengan keletna soca

Eta soca nu cureuleuk
Silenjang tuluy gugupay
Naha teras ngajauhan
Terus rasa haying nanya

Naha saha eta mojang
Boa boa sang panutan
Naha bet aya didinya
Duh… ku teungteuingeun

Kebon enteh nu nyaksian
Imutna si mojang lenjang
Kabandang jajaka gandang
Duh.. ukur lamunan
Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...