Showing posts with label bobodoran. Show all posts
Showing posts with label bobodoran. Show all posts

Wednesday, 28 September 2011

GAJAH


Baheula mah loba kénéh jalma anu can nyaho kumaha dedegan gajah. Ayeuna loba gambarna, baheula mah hésé hayang manggihan gambar gajah teh. Harita aya anu kakara balik ti Kebon Binatang keur ngobrolkeun perkara gajah téa ka babaturanana.

“Waduh….éta mah gajah, awakna teh gédé pisan. Geura baé ceulina sagedé hihid. Tulalena sagedé doran pacul. Sukuna sagede sunglon*….” eureun nyaritana teh da kaburu aya anu ngageroan manten. Kabeneran obrolanana kadéngéun ku saurang jalma anu rada ngirung nyaritana anu keur saré di tepas. Terus ku manehna dicaritakeun deui ka baturna, jiga enya baé tas nyaba ti Kebon Binatang.

“Haduh éta gajah….sukuna sagedé sunglon, tulalena sagedé doran, ceulina sagedé hihid,” pokna.

“Ari awakna sagedé kumaha?” ceuk babaturanana malik nanya. Tapi kulantaran tadi teu kasebutkeun, pok bae nyarita, “Sagedé sunglon sukuna mah,”

“Lain, ieu mah awakna sagedé kumaha?”

“Enya sagedé doran pacul tulaléna mah,” tembalna semu éra.

“Ari manéh, nu sagede doran pacul mah apan tulaléna. Ieu mah nanya téh sagedé kumaha awakna?,” ceuk babaturana teugeug.

Lantaran dipaksa, pok baé manehna némbalan,”Awakna mah sagede japati….”

“Hor maenya…..apan sukuna gé geus sagedé sunglon, maenya awakna sagedé japati?” babaturanana kerung.

“Da japatina gé dua,” témbal manéhna embung éléh.

“Masing dua ge angger baé leutik. Geura wé tulaléna gé sagedé doran pacul.”

“Da japatina tilu.”

“Angger baé masih leutik japati tilu mah. Apan ceulina ge sagedé hihid?”

“Da….da….japatina gé saalam dunya,” pokna bari karacam keureuceum éraeun.




Ku Abi Faturachman Hanifah di Forrum PUGER’s Pasundan

Friday, 4 March 2011

Kandang Kosong

Ku : Kisunda

Kisunda : Bah.., minggu hareup urang ulin ka kebon binatang yu ??
Abah Kabayan : Aya naon kitu ?
Kisunda : Aya kandang kosong keur Abah..
Abah Kabayan : koplox siah..!!
Kisunda : heheh.. na atuh ari abah sok gancang katipeng wae

Tuesday, 11 January 2011

SI BOHIM



 
"Mun teu dipangmeulikeun...awas siah....montong balìk ka ìmah....!!!" Ceuk INOT bari ngagablogkeun panto.


BOHIM anu nangtung diburuan teu loba omong, manehna sadar yen pamajikannana geus moal bìsa di olo, moal bisa dibebenjokeun....kapaksa manehna kudu meuli kapiting kahayang nu jadi pamajikannana...dahareun anu manehna ogé can kungsi nyaho rasana..

Bohim ngagedig indit kakota...barang rek asup ka warung nu ngajual kapiting...manehna ngarengkog....lantaran dijero warung aya si ALEK jeger batak nu kasohor beuki duit tur telenges mun pamentana teu ditedunan....

euweuh nu wanieun ka si ALEK mah kabéh ogé...

Keur ngahuleng pentaseun warung...lar KEMED ngaliwat...tuluy nanya ka BOHIM nu keur hulang-huleng....

Sanggeus dijelaskeun... KEMED kalah ngagakgak...

- KEMED : "Sìa mah jalma borangan him...! Yeuh si alek mah sieuneun ku dewek mah..! Boro-boro dicarekan...dikompolan gé ku aing mah moal wanieun ngambek...!!"

- BOHIM : " lah sia...! Ngawadul téh teu kireum-kireum...!!

-KEMED : " Bener aing mah..! Sok taruhan dua ratus rebuan jeung aìng teu percaya mah...!!

Ngadenge taruhan, BOHIM curinghak, lantaran karesepna, katambah kamari basa final indonesia malasia manehna eleh taruhan ku KEMED 200 rb...lakadalah ayeuna cenah waktuna bales dendam....da ceuk pikirna, mustahil si ALEK make sieuneun ku si KEMED...komo maké daekeun diki-ihan sagala mah...

Mun si KEMED jadi aduy digaley si ALEK kakara cenah kaharti..

BOHIM teu mikir panjang...duit ladang ngajual hayam keur meuli kapiting anu ngan dua ratus rebuna téh...gìlig rek dipaké taruhan...da pikirna yakin bakal meunang...

malah lantaran hayang puas ceuk BOHIM : " jadi siah taruhan jeung dewek...! Tambahan siah...duit dua ratus rebu,..nu eleh kudu ngalamotan korong nu meunang..,!!"

"sok siah...jadi..!!" jawab KEMED saklek...

Sanggeus duanana sasalaman..

KEMED asup ka warung nyampeurkeun si ALEK nu keur diuk nyanghareupan meja bari mabok...

Tikajauhan pentaseun jalan BOHIM ningalikeun bari beungeutna marahmay, lantaran yakin kemed bakal eleh taruhan,.. manehna bakal meunang duit teu puguh-puguh duaratus rebu...

BOHIM nyarandé kana tihang bari heheotan..

Dijero warung...KEMED nyarita ka ALEK yen dirina boga kaahlian bisa ki-ih diasupkeun kana botol tikajauhan...bari moal ngacrét kaluar saeutik-eutik acan...tuluy kemed ngajak taruhan saratus rebuan...

ALEK teu percaya...maenya euweuh nu ceret sakeclak-keclak acan...manehna satuju taruhan da memang karesepna...tuluy nyokot botol...sok ditunda dina luhur meja hareupeunnana...supaya katingali cenah mun aya anu ngeclak kaluar...

KEMED ngalacat naek kana korsì...kira-kira aya kana sameterna tina botol....

tuluy ngaluarkeun boboga-annana...teu antaparah wér ki-ih dipancerkeun kana lebah botol anu aya hareupeun si alek....kemed ki-ìh ngahaja diacer-acer kaditu kadieun...malah ngahaja diacerkeun kana beungeut si Alek sagala...tapi si alek kalah ngagakgak sabab manehna bungah meunang taruhan bakal nampa duit saratus rebu teu puguh-puguh...

Beres ki-ih...kemed mayar saratus rebu ka alek anu gagalakgakan keneh...

Tuluy kemed nyampeurkeun bohim anu titatadi ningalikeun pentaseun jalan...

Bohim ngeleper bari pìas...kabayang ku bohim gurihna korong kemed...jeung kacipta manehna bakal disidang ku INOT pamajikannana...

Thursday, 23 December 2010

Moro Manuk



Kacaritakeun Jang Entis rebun kénéh geus mapay pasir di pilemburan rék moro manuk ku bedil angin, ngan geus nyedek ka burit teu sahulu-hulu acan manuk anu benang...

Nya turun wéh jang Entis téh niat rék balik, ngan di jalan manéhna nyimpang heula ka warung ceu Badriah nu anakna kembang désa di lembur éta.

Tadina jang Entis téh rék meuli bala-bala matak nyimpang ka warung ceu Badriah gé...ngan kusabab ningali aya mojang nu luis tur geulis..nya, rada lila jang Entis cicing di warung éta.

Teu kungsi lila nyi mojang nanya ka jang Entis
Nyi Mojang: “Timana kang, éta raray meuni léét ku késang, katinggalna capé pisan?”

Jang Entis: “Muhun Neng, Akang téh uih moro manuk, mung teu kéngéng..duka kamarana teu katinggal hiji-hiji acan!!”

Nyi Mojang: “Ah..atuh kang!! Masalah moro manuk mah..Abdi ahlina...hayu kuabdi ditunjukeun carana!!”

Éta Nyi mojang meuni sumanget hayang ningalikeun kaahlianna moro manuk ka jang Entis da memang jang Entis ge boga pameunteu nu lumayan kasép...

Disatukangeun ti éta aya nini-nini anu ngadéngékeun obrolan antara Nyi Mojang jeung jang Entis... malah waktu nyi Mojang jeung jang Entis indit gé éta nini-nini téh nuturkeun bari keketeyepan da sieun kapanggih...

Pondok carita....Nyi Mojang jeung Jang Entis geus tepi di pasir bari dituturkeun ku nini-nini..

Barang geus teupi...Nyi Mojang langsung gok cangogo di sisi gawir bari rada di déngkakeun palangkakannana...terus wéh calana jerona rada disingsatkeun ka belah gigir saeutik...sakur angin ngaliwat kana palebah bobogaanna nyi mojang éta mah sorana jiga sora ngahuit meuni tarik...malah mun kadéngéna ti kajauhan mah teu beda jeung sora hatong..

Da bener éta mah...jol cing tararojol manuk nyarampeurkeun kana sora nu ngahuit....Jang Entis atoh pisan da puguh manuk nu geus eunteup dina bobogaan nyi Mojang téh ngadadak jadi ralinek...manéhnamah tinggal newakan wéh terus asupkeun kana kurung.... Geus tangtu moal bisa lamun bobogaan Jang Entis disarupakeun jeung bobogaan nyi Mojang..meureun lamun téa mah jang Entis nurutan naon nu dipilampah ku nyi Mojang sorana lain ngahuit tapi “plak...plak...plak” da puguh laér bobogaan jang Entis mah...

Si nini nu geus lila ngintip..manéhna gé jadi panasaran “Mun sora budak ngora wae geus huhuit..komo sora nu kuring meureun!!” ceuk na pikir si Nini

Sa enggeus Nyi Mojang jeung Jang Entis turun ti pasir ....da puguh wanci geus ninggang sarepna..nya bagian si Nini ayeuna nu milampah sakumaha nu dicontoan ku nyi Mojang..... ngan geuning sorana lain huhuit tapi kalakah ngagebér jiga sora maung.. Antukna nu datang téh lain manuk tapi kalakah maung jaluna nu nyangka di geroan ku pamajikanna..barang rét ka si Nini “Wah kabeneran aya hakaneun di lebok siah ku ngaing!!!!!!!!!”

Matak sok aya paribasa : "Kari-kari nini-nini leungit sapeuting, isuk-isuk tai maung huisan"

Thursday, 16 December 2010

BEWARA KAICALAN!



Ka para wargi sadaya nyunkeun rido galihna
Manawi aya anu mendakan
Wios Abu wantun ngagentosan ku artos
Nyuhunkeun bantosana!
Abu dinten ieu ka musibahan
Nya eta Abu ka icalan SINYAL
Manawi aya enggal uih keun!
Ciri cirina pondok betokok
Warna gading tutuka
Nuhun

Karunya Ka Kisunda

 Ku : Ki Ais Pangampih

Sok karunya ka Ki Sunda..
Ayeuna teu walakaya..
Henteu bisa merbayaksa
Sabab gawena rohaka
Numpuk pisan na Mejana

Di tempat gawe nu anyar
Teu bisaeun balangsiar
Era ku dunungan anyar
Tungtungna mah humandeuar
Mencet sirah jiga jangar..

Hapunten ah.. ka ki sunda..!! Wilujeng nanghunjar lambar... hehehe

Monday, 13 December 2010

PANGHEULANA

Dihiji Pasantren mama Sepuh keur ngobrol jeung para santrina.
Mama: "Yeuh mama mah, sok panghareupna wae dimana jumaahan, ku pajabat oge sarua sok dititah dihareup, lamun dina syukuran euwueh anu wani miheulaan" Bari bangga manehna teh.
Santri : "Dupi maot, Ma?"
Mama : " Tah Maot mah sok di pandeurikeun"
Santri : "Naha Ma?"
Mama : "Ari Nunalkinan maneh engke maot kusaha , Lamun Mama ti heula"
Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...