Showing posts with label leunyepaneun. Show all posts
Showing posts with label leunyepaneun. Show all posts

Monday, 16 May 2011

LENYEPANEUN



Ujang nu kasep... !!
Sing jadi lalaki langit lalandang jagat..
Anu teu unggut kalinduan .. gedag kaanginan
Anu ngabogaan prinsip..
Suka pejét batan ngejat..
Kajeun lebur teu lebar naruhkeun pati..
Dina ngabélaan kahormatan kulawarga..
Omat...
Sing jadi tuturus laku enggoning sumujud kanu Maha Agung..
Jadi pola lampah dina papantunan hirup..
Hidep teh bénténg di rumah tangga..

Nyai nu geulis.... !!
Sing jadi istri raspati.. anu tumut turut ka salaki
Nu tara aral dina nyinghareupan galura kahirupan
Sing bisa ngajaga kaharmonisan rumah tangga
Mihapekeun...
Meunang rizki saeutik sing bisa mahi..
Meunang rizki loba sing jadi barokah..
Omat..
Kaharmonisan kulawarga, aya dina leungeun hidep..

Ujang... Nyai.... !!
Sok teuleuman ieu kahirupan..
Ulah loba pacéngkadan..
Geura amparkeun sajadah panjang..
Pasrah sumerah kanu Maha kawasa..
Indung bapa hidep...
Marengan sapanjang jalan..

Cag..

Wednesday, 11 May 2011

Citarum (Lenyepaneun)


Mun pareng keur usum hujan
Citarum sok ngabeukahan

Ci Eunteung nu jadi korban

Unggal waktu kabanjiran


...
Rahayat teu walakaya
Ngan ukur ngumbar cimata

Teu kuat nadang cocoba

Ngarénghap bangun dareuda


Cumeluk ka pamaréntah

Énggal ngadamel tarékah

Citarum pinuh ku runtah

Nu jadi biang musibah

Cutatan : Ki Sunda Sawawa

Sunday, 8 May 2011

Gambarna Rasa


Jungjunan nu kapiasih...

Teu aya saur ti kapungkur, carita ti baheula, ku téga salira nyangsara jalmi anu leres leres micinta.. 

miceun tineung tidiri Akang..ngarawu asih tinu leuwih...

Nyai...

Tuh saksina gunung tilu.. lamu Akang jalir jangji..

Mun nyai tetep cangcaya... geura beulah dada Akang...

...
Ieu salah sahiji conto bahasa gambarna rasa, sok sanajan kaasup sederhana, tapi kawilang endah lamun seug dilenyepan..


Thursday, 16 December 2010

KADUHUNG TEU MANGGIH TUNGTUNG!

Dongeng Abah Kabayan

Wanci sholat:

=================

Bapak:"jang geura sholat heula siah, peupeuriheunmah bapak heunteu atuh...jug ilaing geura sholat:"
budak:"sumuhun Bapak!"

Wanci puasa:
================

Bapak:"jang puasa siah, peupeuriheunmah bapak heunteu atuh...ilaing-ilaing puasa deuleun!"
budak::"sumuhun Bapak!"

Wanci ditakonan di aherat:
===========================

Bapak:""Jang, naha bapa mah asup naraka ari ilaing asup sawarga??"
Budak: Peuepeuriheun mah bapak asup naraka, ujang atuh nu asup sawarga......" bari indit ngaleos asup sawarga.

hehehehe..."

Monday, 13 December 2010

Guareun anak incu

Ku: Ki Sunda Sawawa


Anaking…!!
Sok lenyepan ieu pepeling..!!
Kahirupan teh lir ibarat kapal nu keur ngambah samudra..
legana parat ka langit.. jerona satunjang jagat..
Pangeusina salaksa haq, saketi batil..satumpuk kamaksiatan
Hade jeung goreng bagja katut cilaka, estuning pagaliwota..
Keur sorangeun ..teuleumaneun.. eunteunganeun jeung piliheun hidep…
Anaking…. !!..
Bral geura beberkeun layar bari pinuh pangharepan
Kapalna wujudkeun kataqwaan..
Eusina pinuhan ku kaimanan..
Umbul-umbulna tancebkeun dienul Islam..
Padomanana turut tumut sunah Rosul
Balabuhna lebah palataran katengtreman..
Insya Allah kapal hidep bakal kuat norobos lambak sagara..
Di tengah mijahna galura kahirupan..
Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...