Blog Bahasa Sunda Cerita Sunda Dongeng Sunda Sastra Sunda Dongeng Cawokah Puisi Sunda Wawangsalan Pantun Sunda Siloka Sunda, Adat Sunda Budaya Sunda True Storry of Sundanese Sundanese in Indonesia guyon canda bahak koleksi berita tawa humor ngakak guling pingkal komedi Funniest Story Jokes Humor Comedy Cute Amusing Jest Feeding funny Through Laugh Giggle a true story Real Life imagine Stories Crazy Collection gambar lucu foto lucu foto ngakak >> PUGER-NYUNDA.blogspot.com
Showing posts with label Abah Kabayan. Show all posts
Showing posts with label Abah Kabayan. Show all posts
Tuesday, 3 January 2012
Coretan Ki Sunda Sawawa
Labels:
Abah Kabayan,
Kisunda sawawa,
potret,
pusis sunda,
Sujang Surandi Riweuh
Wilujeng sumping..., wilujeng rawuh
Friday, 16 September 2011
Beurit gé Sakola
Dina hiji peuting aya indung beurit jeung anakna keur
leleson di kenténg imahna Ki Sunda Sawawa....
éta anak beurit ningali lalay ngaliwat luhureun sirahna...
Anak beurit : "Ema...éta
naon naon nu ngapung ??"
Indung beurit : "Lalay
sujang éta teh ngarana.."
ANak beurit : "naha
beungeutna mirip beuriti??"
Indung beurit : "éta
teh masih sajenis beurit ngan manéhna nyakola nyokot bagian penerbangan!"
ceuk indung beurit bari teu kireum-kireum
Anak Beurit : "Ooooh!!"
Ku: Abah Kabayan
Sunday, 28 August 2011
TUKANG HEUREUY KA HEUREUYAN!
Coretan : Abah Kabayan
Bah Kohar katelah di lembur ku bongkokna, tapi manehna katelah oge ku resep ngaheureuykeun lamun aya nu nanya.....
Harita Bah Kohar teh balikeun bari mamawa awi menang ngala ti tegal, papanggih jeung si oded nu keur nunguan pare...
Oded : "Bah tos timana?"
Bah Kohar : "Nya ti tukang deuleun!"
Emh meni genah eta Bah kohar ngajawab pertanyaan si Oded nu memang masih polos...
Oded : "Abah bade kamana?"
Bah Kohar : "Nya ka hareup!"
dua kali tah si oded genok da Bah Kohar ngadon ngaheureuykeun...
Oded : "Ari eta ngala awi ti mana Bah?"
Bah Kohar : "Nya tina puhuna deuleun...!"
geus weh si oded teh teu nanya deui da geuning kalakah nyeuri hate....
teu kungsi lila, Bah kohar ngaliwat deui ka tempat si Oded nu tatadi can kamamana nungguan pare....
Oded : "Bah....!....Bah!!..."
Bah Kohar : "Naon deuleun??"
Oded : " Tos pendak milarian jarum teh?"
Bah Kohar : "Aduh...si wewelek siah...kadieu siah ditampiling ku ngaing deuleun..."
ngan nu jadi pertanyaan jang Abah sorangan yeuh!!... Naha Bah Kohar make jeung ngambek pas si oded nanya ngenaan neangan jarum??......
Bah Kohar katelah di lembur ku bongkokna, tapi manehna katelah oge ku resep ngaheureuykeun lamun aya nu nanya.....
Harita Bah Kohar teh balikeun bari mamawa awi menang ngala ti tegal, papanggih jeung si oded nu keur nunguan pare...
Oded : "Bah tos timana?"
Bah Kohar : "Nya ti tukang deuleun!"
Emh meni genah eta Bah kohar ngajawab pertanyaan si Oded nu memang masih polos...
Oded : "Abah bade kamana?"
Bah Kohar : "Nya ka hareup!"
dua kali tah si oded genok da Bah Kohar ngadon ngaheureuykeun...
Oded : "Ari eta ngala awi ti mana Bah?"
Bah Kohar : "Nya tina puhuna deuleun...!"
geus weh si oded teh teu nanya deui da geuning kalakah nyeuri hate....
teu kungsi lila, Bah kohar ngaliwat deui ka tempat si Oded nu tatadi can kamamana nungguan pare....
Oded : "Bah....!....Bah!!..."
Bah Kohar : "Naon deuleun??"
Oded : " Tos pendak milarian jarum teh?"
Bah Kohar : "Aduh...si wewelek siah...kadieu siah ditampiling ku ngaing deuleun..."
ngan nu jadi pertanyaan jang Abah sorangan yeuh!!... Naha Bah Kohar make jeung ngambek pas si oded nanya ngenaan neangan jarum??......
Saturday, 27 August 2011
RUMASA
mun peuting teu daek meuting
datang mangsa beurang ngadon haredang
panon ngicep ukur sakicep
ngecap basa ukur sakecap
umur geus tunggang gunung
awak rajet hese ngejat
nu rek munut geus siap-siap
rek kamana atuh lumpat
geuningan umur teh ukur heureuyan
kamari asa cikeneh ayeuna geus erek mulang
kaduhung teu manggih tungtung
mangsa katukang moal kawilang
duh...gusti..hampura abdi!!
rumaos diri hamo pinu ku dosa!!
tebihkeun abdi ti siksa kubur!!
tebihkeun abdi ti siksa qiamat!!
tebihkeun abdi ti siksa naraka!!
naha atuh bet sieun disiksa?
ari hirup salawasna nyieun dosa...
kasaha urang menta hampura
Nya ka Allah nu Maha Kawasa
Karya : Abah Kabayan
Thursday, 10 March 2011
Kandang kosong
ku: Ki Sunda Sawawa
Kisunda : Bah.., minggu hareup urang ulin ka kebon binatang yu ??
Abah Kabayan : Aya naon kitu ?
Kisunda : Aya kandang kosong keur Abah..
Abah Kabayan : koplox siah..!!
Kisunda : heheh.. na atuh ari abah sok gancang katipeng wae..
Kisunda : Bah.., minggu hareup urang ulin ka kebon binatang yu ??
Abah Kabayan : Aya naon kitu ?
Kisunda : Aya kandang kosong keur Abah..
Abah Kabayan : koplox siah..!!
Kisunda : heheh.. na atuh ari abah sok gancang katipeng wae..
Labels:
Abah Kabayan,
dongeng bodor,
kandang,
kebon binatan,
Kisunda sawawa
Pantun Kisunda
Entong hayang rujak gedang..
Ipis kulit kandel cangkang..
Tong hayang ka bah Kabayan
Pedit duit getol nganjang...
Ipis kulit kandel cangkang..
Tong hayang ka bah Kabayan
Pedit duit getol nganjang...
PANTI JOMPO
ku: Abah Kabayan
Akhirna Kisunda diasupkeun oge ka Panti Jompo kusabab umurna nu geus kolot teuing...
Tapi aya atohna da geuning Kisunda teh di Panti Jompona dirawat ku mojang nu geulis kawanti-wanti, endah kabina-bina, ditilik ti gigir lentik, disawang ti tukang lenjang, ngaranna teh katelah Nyi MP...
Dina hiji poe, Kisunda jeung Nyi MP lelempangan di taman, Kisunda diuk dina korsi roda, Nyi MP nu ngadodorongna....
Waktu keur lelempangan di taman, ngadadak Kisunda awakna nyangigir ka kenca...Eta Nyi MP ku sigepna newak leungeun Kisunda sangkan ulah labuh bari mernahkeun deui posisi diukna, teu kungsi lila tidinya Kisunda nyangigir ka belah katuhu, atuh Nyi MP newak deui leungeun kisunda bari mernahkeun posisi diukna....eta kajadian nyangigirna Kisunda teh nepi ka sababaraha kali,anu antukna Nyi MP mawa balik Kisunda ka kamarna.
Isukna, Jang Jaka salaku anakna Kisunda datang rek neang kolotna
"Bapa, kumaha kaayaan Bapa didieu, betah?" Tanya Jang Jaka
"Betah sujang...ranjangna empuk, dahareunna ngareunah, nu ngarawatna gareulis komo Nyi MP mah Aki ge kabandang, ngan aya hiji masalah deuleun Sujang!!" Tembal Kisunda bari peupeuredeuyan ngabayangkeun pameunteuna Nyi MP.
"Naon Pa masalahna, wartoskeun ka Jaka??" Ceuk Jang Jaka rada heran...
"Nyeta didieu mah teu meunang hitut..!! kamari ge waktu Bapa rek hitut ku Nyi MP ditahan wae, da parat nepi ka ayeuna Bapa can hitut.!!" Tembal Kisunda bari nempokeun beuteungna anu geus boncenang herang kusabab tikamari can hitut-hitut....
Labels:
Abah Kabayan,
dongeng bodor,
hitut,
Kisunda sawawa,
panti jompo
Tuesday, 1 March 2011
SI TUKANG BARANG INJEUM
si Tohir tukang nginjeman barang ka si Ocol, si Ocol geus bosen di injeman barang wae bari tara di balikeun...
na hiji waktu
Tohir: "Col..nginjem gunting?"
Ocol:"guntingna rek di pake motong kaen, terus ke berang dipake motong palastik, sorena rek dipake motong jukut..pokokna poe ieu mah rek dipake..moal di injem-injem!"
Tohir: "Berarti mun ti isuk nepi ka sore maneh rek motong, sapatu futsal moal dipake kan?..injem ku urang nya!!..." (bari sapatuna geus dipake)
Labels:
Abah Kabayan,
heureuy bandung,
nyakakak,
olahraga,
urang bandung,
urang sunda,
wewelek
WIRANG KU LUKISAN
ku: Abah Kabayan
Na hiji waktu présiden nagara sasagon nganjang ka paméran lukisan, ku sabab harita presidén téh keur ka serang panyakit panon (bélék) jadi titingalianna rada teu écés, ku sabab kitu manéhna mawa ajudan nu tugasna nunungtun ieu présiden.
dimimitian ningali lukisan ka hiji:
Presidén: “Wah...lukisan ieu hadé...laukna jiga nu hirup!.”
Ajudan: “Sssst...Pak, alon-alon nyariosna bilih kadangu kunu sanés, éta sanés lukisan lauk tapi lukisan buaya!!”
Terus pindah kana lukisan nu lianna
Présidén: “Whuh...ieu lukisan gajah meni katingalina gagah...hebat nu nyieunna!!”
Ajudan: ”Ssssst....Pak, alon-alon ah nyariosna..eta mah lukisan banténg...”
Kusabab di protés waé ku ajudan akhirna ieu présidén nahan diri pikeun ngomentaran lukisan nu ku manéhna di tingalian..nepi ka dina hiji juru ruangan..manéhna teu kuat hayang ngoméntaran hiji lukisan:
Présidén: “Wah..ieu nu ngalukis bener-bener jelema hebat....lukisan Gorilla-na mirip pisan jeung nu aslina....hébat nu nyieun lukisan ieu..kudu menang penghargaan....!!!”
Ajudan: “Sssssssst......Pak,.... alon-alon nyariosna...eta mah sanés lukisan Gorila tapi lukisan bapak...!!!”
Labels:
Abah Kabayan,
bahasa sunda,
basa sunda,
diajar bahasa,
dongeng bodor,
gorila,
nyakakak,
Presiden,
urang bandung
Tuesday, 4 January 2011
Hatiku Jang Wawan - Kakawihan barudak
ku: Abah Kabayan
Cingan barudak..aya nu masih kénéh apal kakawihan di handap ieu?
Hatiku jang wawan
Numpak mobil sédan
Sédanna ucutan
Di kolonga jambatan
Oméan...oméan.....
Teu boga duit,
Ngajual domba,
Domba mitoha,
Mitoha gering,
Ngajual piring,
Piringna songék,
Ngajual céngék,
Céngékna buruk,
Ngajual jeruk,
Jerukna pentil,
Ngajual pentil,
Kutil ngajendil.....
Cingan barudak..aya nu masih kénéh apal kakawihan di handap ieu?
Hatiku jang wawan
Numpak mobil sédan
Sédanna ucutan
Di kolonga jambatan
Oméan...oméan.....
Teu boga duit,
Ngajual domba,
Domba mitoha,
Mitoha gering,
Ngajual piring,
Piringna songék,
Ngajual céngék,
Céngékna buruk,
Ngajual jeruk,
Jerukna pentil,
Ngajual pentil,
Kutil ngajendil.....
Labels:
Abah Kabayan,
cengek,
jang wawan,
kakawihan,
kaulinan,
kawih,
lagu barudak,
mitoha,
omean,
pentil domba,
piring songek
Wednesday, 29 December 2010
Ayang Ayang Gung
Ku: Abah Kabaya
Barudak baheula mah abah keur budak mun di pépéndé ku kolot abah téh sok di panghaleuangkeun sababaraha lagu, nu sabagian masih kénéh ka impleng ku abah..
Salah sahiji na nyaéta lagu “Ayang-ayang Gung”.. salah sahiji lagu nu eueina ngritik pamaréntahan kangjeng dalemTANUWIJAYA salah sahiji bupati mimiti di Sumedang nu asli turunan sunda...
Sok nyanyikeun...terus tengetkeun eusi tina lagu....
Ayang-ayang gung, gung....
Gung goongna ramé, mé...
Ménak ki mastanu, nu..
nu jadi wadana, na..
naha manéh kitu, tu...
tukang olo olo, lo...
loba anu giruk, ruk...
ruket jeung kumpeni, ni...
niat naék pangkat, kat...
katon kagorengan, ngan...
ngantos kangjeng dalem,
lempa lempi lempong
ngadu pipi jeung nu ompong....
salah sahiji dokumén anu nerangkeun tentang sajarah lagu “ayang-ayang gung”
Tanuwijaya peletak dasar Negeri Bogor
Riesz. dalam "De Geschiedenis van Buitenzorg" (1887) menjelaskan bahwa TANUWIJAYA adalah orang Sunda dari Sumedang yang berhasil membentuk "pasukan pekerja" dan mendapat perintah dari Camphuijs untuk membuka Hutan Pajajaran sampai akhirnya ia mendirikan Kampung Baru yang menjadi tempat "kelahiran" (de bakermat) Kabupaten Bogor yang didirikan kemudian. [Tanuwijaya dalam catatan VOC disebut "Luitenant der Javanen" (Letnan orang-orang Jawa dan merupakan Letnan Senior diantara teman-temannya. Kampung Baru yang didirikannya ada di Cipinang (Jatinegara) dan di Bogor. Yang di Bogor mula-mula bernama Parung Angsana. Tetapi ketika Tanuwijaya pindah dari Kampung Baru Cipinang ke sana, ia kemudian memberi nama Kampung Baru. Sekarang bernama TANAH BARU]
Terpengaruh oleh kunjungannya ke bekas Ibukota Pakuan bersama Scipio, ia kemudian ingin mendekatkan diri dengan peninggalan Siliwangi. Kampung-kampung seperti Parakan Panjang, Parung Kujang, Panaragan, Bantar Jati, Sempur, Baranangsiang, Parung Banteng dan Cimahpar adalah kampung-kampung yang didirikan oleh Tanuwijawa bersama pasukannya. Kampung Baru (Parung Angsana) saat itu sudah menjadi semacam "pusat pemerintahan" bagi kampung-kampung yang didirikan secara terpencar oleh anak buahnya. Tanuwijaya pula yang mengambil inisiatif membuat garis batas antara daerah pemukiman orang-orang Banten dengan orang-orang Kumpeni ketika rakyat Pangeran Purbaya mulai membangun pemukiman pada daerah aliran Cikeas. [Sementara itu daerah aliran Ciliwung antara Kedung Badak sampai Muara Beres telah ditempati orang-orang MATARAM yang tidak mau kembali ke daerah asalnya setelah tercapainya persetujuan antara Mataram dan VOC tahun 1677. Sebagian dari mereka adalah pelarian pasukan BAHUREKSO, sebagian lagi kelompok resmi yang dikirimkan oleh SUNAN AMANGKURAT I tahun 1661 ke Muara Beres bekas basis pasukan Rakit Mataram ketika mengepung Benteng Batavia].
Rasa hormat Tanuwijaya terhadap bekas Ibukota Pakuan demikian besar sampai gerakan okupasinya dihentikkan pada sisi utara Ciliwung. Ia tidak berani melintasinya. Juga kepada rekan-rekannya yang berniat melintasi sungai tersebut dianjurkan agar melakukannya jauh di sebelah hulu (Ciawi dan Cisarua).
[Almarhum M.A. Salmun pernah menulis dalam Majalah Intisari (salah satu nomor tahun pertama), bahwa MENAK KI MAS TANU dalam lirik lagu AYANG-AYANG GUNG itu dimaksudkan Tanuwijaya ini. Entahlah, akan tetapi hampir tiap baris lirik lagu itu dapat diterapkan kepada keadaan Tanuwijaya dalam riwayat hidupnya. Ia memang anak emas Kumpeni dan dibenci oleh rekan-rekannya. Ia ditunjuk oleh Camphuijs menggantikan Letnan Pangirang (orang Bali) untuk membuka daerah selatan.
Rupa-rupanya kedekatan batin Tanuwijaya dengan Pajajaran telah melonggarkan ketaatannya terhadap Kumpeni. Ia tentu merasakan kepahitan bahwa sebagai seorang letnan tetap harus tunduk kepada seorang sersan seperti Scipio yang kulit putih, padahal ia sendiri menjadi atasan sersan pribumi. Akhirnya "anak emas" Kumpeni ini menjadi sekutu dan pelindung Haji Perwatasari yang bangkit mengangkat senjata terhadap perluasan daerah kekuasaan VOC. Mereka kalah dan Tanuwijaya dibuang ke Tanjung Harapan di Afrika.
Orang dulu menyindir Tanuwijaya dengan "lempa lempi lempong, ngadu pipi jeung nu ompong" (ia mengejar harapan kosong dan bermesraan dengan orang tidak bergigi) Yang dimaksudkan dengan "orang tidak bergigi" di sini adalah Perwatasari yang kalah dalam perjuangan.
Dalam masa penjajahan Belanda, penyusun Babad Bogor (1925), tidak berani mencantumkan nama Tanuwijaya sebagai "bupati pertama". Dalam daftar silsilah biasanya selalu dicantumkan MENTENGKARA atau MERTAKARA kepala Kampung Baru yang ketiga (1706 - 1718). Ia adalah putera Tanuwijaya (menurut De Haan). Sebaliknya para penulis Belanda, lebih leluasa menyebutkan Tanuwijaya sebagai Bupati Kampung Baru pertama dan peletak dasar Kabupaten Bogor.
Pengalaman Tanuwijaya dengan Kumpeni adalah mirip dengan pengalaman UNTUNG SURAPATI. Akan tetapi, jika benar lirik "Ayang-ayang Gung" diciptakan untuk menyindir Tanuwijaya, maka kita patut merenungkannya kembali].
Tahun 1745, 9 distrik, yaitu Cisarua, Pondok Gede, Ciawi, Ciomas, Cijeruk, Sindangbarang, Balubur, Darmaga dan Kampung Baru digabungkan menjadi satu "pemerintahan" di bawah kepala Kampung Baru dan diberi gelar DEMANG. Gabungan 9 distrik inilah yang dahulu disebut "Regentschap Kampung baru" atau "Regentschap Buitenzorg". Atas dasar itulah kedua sungai (Cisadane dan Ciliwung) dalam lambang Kabupaten Bogor masing-masing digambarkan dengan 9 baris gelombang. Ada benarnya apa yang dikemukakan Riesz, bahwa Kampung Baru (Tanah Baru) adalah "de bakermat" (tempat kelahiran) Kabupaten Bogor.
Tuesday, 28 December 2010
LIMPEURAN
Ku: Abah Kabayan
kacaritakeun KI SOMAD jeung pamajikanna NI IJOH karék turun tina karéta api...
NI IJOH :"Aki..aduh..Aki...!!" (NI IJOH bari kerung jiga anu kalengitan..)
KI SOMAD: "Aya naon Nini aduh-aduhan ngahariwangkeun batur deuleun!"
NI IJOH: "Ari salempay Nini dimana nya? poho deui nyimpen!"
KI SOMAD: "Ari manéh..matak ulah sok limpeuran ari hirup téh ngadon ngawiwirang batur..antukna nu limpeuran mah sok nyapékeun batur deuleun!!!" (ceuk KI SOMAD mamatahan kanu jadi pamajikan.)
NI IJOH: "Ah..inget ayeunamah Ki!...dina jok karéta..ku nini teh disampaikeun..tadina ngarah gancang garing pan peuting urut ngelap dahdir Aki!"
KI SOMAD: "Ari maneh, cik tong tarik teuing nyebut urut ngelap dahdir uing téh..éra ku batur deuleun!!...jig gancang cokot atuh mungpung karétana can ngejat...manéhnmah limpeuran téh dibéakeun ku sorangan dasar geus nini-nini..gancang cokot lain pulewah pelewéh.." (KI SOMAD bebeakan nyarekan NI IJOH bakating ku keuheul).
Barang si nini geus di luhur kareta..KI SOMAD kaciri jéjéngkean dina jandéla bari celetuk ngomong :
"Ni..Sakalian pang nyokotkeun kaca panon uing..eta gigireun jok!!!"
Geuning geus nyarékan laklak dasar téh saruana KI SOMAD gé limpeuran teu beda jauh jeung NI IJOH....
Labels:
Abah Kabayan,
dongeng bodor,
kaca mata,
kaca panon,
kareta api,
pikun,
salempay
Subscribe to:
Posts (Atom)



