Mangsa ayeuna lir ibarat lauk di balong anu terus diubek-ubek caina nepi ka kiruh,
Laukna ranghap atok-atokan sosoloyongan néangan cai nu hérang sangkan bisa ngarénghap jeung néeangan parab nu loba tapi teu kahakan sabab béakeun ku lauk nu lewih gede.
Loba lauk raksasa datang ngilu ngubek-ngubek balong nepi ka lauk leutikna benang dihakan caina kiruh...
Kumaha tah leres sapertos kitu ? Akhirna lauk nu leutik langlayeuseun hayang ngojay kana cai hérang cungapna dipenet supaya cai hérang teu ngocor ka balong.
Catatan Rohyatna Yatna di Forrum PUGER’s Pasundan
Blog Bahasa Sunda Cerita Sunda Dongeng Sunda Sastra Sunda Dongeng Cawokah Puisi Sunda Wawangsalan Pantun Sunda Siloka Sunda, Adat Sunda Budaya Sunda True Storry of Sundanese Sundanese in Indonesia guyon canda bahak koleksi berita tawa humor ngakak guling pingkal komedi Funniest Story Jokes Humor Comedy Cute Amusing Jest Feeding funny Through Laugh Giggle a true story Real Life imagine Stories Crazy Collection gambar lucu foto lucu foto ngakak >> PUGER-NYUNDA.blogspot.com
Showing posts with label basa sunda. Show all posts
Showing posts with label basa sunda. Show all posts
Thursday, 29 September 2011
Monday, 16 May 2011
LENYEPANEUN
Ujang nu kasep... !!
Sing jadi lalaki langit lalandang jagat..
Anu teu unggut kalinduan .. gedag kaanginan
Anu ngabogaan prinsip..
Suka pejét batan ngejat..
Kajeun lebur teu lebar naruhkeun pati..
Dina ngabélaan kahormatan kulawarga..
Omat...
Sing jadi tuturus laku enggoning sumujud kanu Maha Agung..
Jadi pola lampah dina papantunan hirup..
Hidep teh bénténg di rumah tangga..
Nyai nu geulis.... !!
Sing jadi istri raspati.. anu tumut turut ka salaki
Nu tara aral dina nyinghareupan galura kahirupan
Sing bisa ngajaga kaharmonisan rumah tangga
Mihapekeun...
Meunang rizki saeutik sing bisa mahi..
Meunang rizki loba sing jadi barokah..
Omat..
Kaharmonisan kulawarga, aya dina leungeun hidep..
Ujang... Nyai.... !!
Sok teuleuman ieu kahirupan..
Ulah loba pacéngkadan..
Geura amparkeun sajadah panjang..
Pasrah sumerah kanu Maha kawasa..
Indung bapa hidep...
Marengan sapanjang jalan..
Cag..
Sunday, 8 May 2011
Gambarna Rasa
Jungjunan nu kapiasih...
Teu aya saur ti kapungkur, carita ti baheula, ku téga salira nyangsara jalmi anu leres leres micinta..
miceun tineung tidiri Akang..ngarawu asih tinu leuwih...
Nyai...
Tuh saksina gunung tilu.. lamu Akang jalir jangji..
Mun nyai tetep cangcaya... geura beulah dada Akang...
...
Ieu salah sahiji conto bahasa gambarna rasa, sok sanajan kaasup sederhana, tapi kawilang endah lamun seug dilenyepan..
Ku: Ki Sunda Sawawa
Teu Kudu Bingung
Ki Sunda : disidik-sidik ti tadi Abah mani siga keur bingung. Aya naon Bah ?
Abah Kabayan : nya éta keur bingung, rék ka rumah sakit poho deui jalanna..
Ki Sunda : maké bingung sagala, teu apal jalan mah cicing we Abah di tengah jalan, engké ogé aya nu nganteurkeun geura.
Abah Kabayan : na bet bisa kitu Ki ??
Ki Sunda : kapan engké Abah kasenggol, pastina gé bakal dianteurkeun ka rumah sakit ...
Abah Kabayan : ditalipak siah ku aing... !!!!
Ki Sunda : Haaaaahahahahaha.. tong napsu Bah..!! ( bari lumpat )
Teu Kudu Bingung
Ki Sunda : disidik-sidik ti tadi Abah mani siga keur bingung. Aya naon Bah ?
Abah Kabayan : nya éta keur bingung, rék ka rumah sakit poho deui jalanna..
Ki Sunda : maké bingung sagala, teu apal jalan mah cicing we Abah di tengah jalan, engké ogé aya nu nganteurkeun geura.
Abah Kabayan : na bet bisa kitu Ki ??
Ki Sunda : kapan engké Abah kasenggol, pastina gé bakal dianteurkeun ka rumah sakit ...
Abah Kabayan : ditalipak siah ku aing... !!!!
Ki Sunda : Haaaaahahahahaha.. tong napsu Bah..!! ( bari lumpat )
Abah Kabayan : nya éta keur bingung, rék ka rumah sakit poho deui jalanna..
Ki Sunda : maké bingung sagala, teu apal jalan mah cicing we Abah di tengah jalan, engké ogé aya nu nganteurkeun geura.
Abah Kabayan : na bet bisa kitu Ki ??
Ki Sunda : kapan engké Abah kasenggol, pastina gé bakal dianteurkeun ka rumah sakit ...
Abah Kabayan : ditalipak siah ku aing... !!!!
Ki Sunda : Haaaaahahahahaha.. tong napsu Bah..!! ( bari lumpat )
Teu Kudu Bingung
Ki Sunda : disidik-sidik ti tadi Abah mani siga keur bingung. Aya naon Bah ?
Abah Kabayan : nya éta keur bingung, rék ka rumah sakit poho deui jalanna..
Ki Sunda : maké bingung sagala, teu apal jalan mah cicing we Abah di tengah jalan, engké ogé aya nu nganteurkeun geura.
Abah Kabayan : na bet bisa kitu Ki ??
Ki Sunda : kapan engké Abah kasenggol, pastina gé bakal dianteurkeun ka rumah sakit ...
Abah Kabayan : ditalipak siah ku aing... !!!!
Ki Sunda : Haaaaahahahahaha.. tong napsu Bah..!! ( bari lumpat )
Guaran asal usul sampurasun jeung rampés
Ku: Ki Sunda Sawawa
Mun kamari aki ngaguar perkara kalimat " sampurasun "..
Ayeuna aki rek namatkeun perkara jawabannana nyaéta " rampes ".
Lumrahna, saréréa ogé bakal sapamadegan ngeunaan pihartieun tina kalimat rampés téh nyaéta " mangga ". Éta oge mémang teu salah, tapi harti anu asalna mah " rampés " teh tina kalimat " rampas ", hartina rebut, sabab harita nagara urang keur dijajah ku walanda, antukna supaya teu kacingcirihi ku musuh keur silih sumangetan ka nu séjén, make simbul éta.
Tah kitu guaran ngeunaan kalimat sampurasun jeung rampés teh asal usulna mah..
Cag...
Thursday, 5 May 2011
Ngaguar harti ucapan sampurasun
Ku: Ki Sunda Sawawa Kabiasaan urang sunda, kalimat awal anu diucapkeun lamun manggihan babaturan atawa dulurna, sok ngucapkeun “Sampurasun“.. dijawab kunu didatangan teh ku kalimat “rampés“, bari duka apaleun atawa henteu kana harti anu sabenerna tina éta kalimat teh.
Kalimat “sampurasun“ téh lamun di hartikeun sajalantrahna nyaéta tina kecap “Assalamu’alakum, isun ( kaula/abdi/kuring ) ménta dihampura“
Kusabab lamun ngucapkeun “ ASSALAMU’ALAIKUM KAULA MENTA DIHAMPURA “ mah panjang teuing, nya disingket samodél dina budaya basa kamilitéran jadi “ SAMPURASUN “
Nengetan tina maksud ieu “salam sunda” kacida alusna, sabab nalika urang panggih jeung baraya langsung ngucapkeun salam (singgetan tina assalamu’laikum) bari terus menta dihampura,Hiji tanda yén urang Sunda mah salian ti ngucapkeun doa kasalametan keur baraya nu panggih teh, terus menta dihampura sok bisi aya kasalahan dina mangsa anu katukang-tukang, sanajan can tangtu urang téh boga kasalahan ka eta baraya nu kakara panggih tea. Tuh pan kacida alusna ...!!
Hanca...
Ku: Ki Sunda Sawawa
Kabiasaan urang sunda, kalimat awal anu diucapkeun lamun manggihan babaturan atawa dulurna, sok ngucapkeun “Sampurasun“.. dijawab kunu didatangan teh ku kalimat “rampés“, bari duka apaleun atawa henteu kana harti anu sabenerna tina éta kalimat teh.
Kalimat “sampurasun“ téh lamun di hartikeun sajalantrahna nyaéta tina kecap “Assalamu’alakum, isun ( kaula/abdi/kuring ) ménta dihampura“
Kusabab lamun ngucapkeun “ ASSALAMU’ALAIKUM KAULA MENTA DIHAMPURA “ mah panjang teuing, nya disingket samodél dina budaya basa kamilitéran jadi “ SAMPURASUN “
Nengetan tina maksud ieu “salam sunda” kacida alusna, sabab nalika urang panggih jeung baraya langsung ngucapkeun salam (singgetan tina assalamu’laikum) bari terus menta dihampura,
Hiji tanda yén urang Sunda mah salian ti ngucapkeun doa kasalametan keur baraya nu panggih teh, terus menta dihampura sok bisi aya kasalahan dina mangsa anu katukang-tukang, sanajan can tangtu urang téh boga kasalahan ka eta baraya nu kakara panggih tea. Tuh pan kacida alusna ...!!
Hanca...
Tuesday, 1 March 2011
WIRANG KU LUKISAN
ku: Abah Kabayan
Na hiji waktu présiden nagara sasagon nganjang ka paméran lukisan, ku sabab harita presidén téh keur ka serang panyakit panon (bélék) jadi titingalianna rada teu écés, ku sabab kitu manéhna mawa ajudan nu tugasna nunungtun ieu présiden.
dimimitian ningali lukisan ka hiji:
Presidén: “Wah...lukisan ieu hadé...laukna jiga nu hirup!.”
Ajudan: “Sssst...Pak, alon-alon nyariosna bilih kadangu kunu sanés, éta sanés lukisan lauk tapi lukisan buaya!!”
Terus pindah kana lukisan nu lianna
Présidén: “Whuh...ieu lukisan gajah meni katingalina gagah...hebat nu nyieunna!!”
Ajudan: ”Ssssst....Pak, alon-alon ah nyariosna..eta mah lukisan banténg...”
Kusabab di protés waé ku ajudan akhirna ieu présidén nahan diri pikeun ngomentaran lukisan nu ku manéhna di tingalian..nepi ka dina hiji juru ruangan..manéhna teu kuat hayang ngoméntaran hiji lukisan:
Présidén: “Wah..ieu nu ngalukis bener-bener jelema hebat....lukisan Gorilla-na mirip pisan jeung nu aslina....hébat nu nyieun lukisan ieu..kudu menang penghargaan....!!!”
Ajudan: “Sssssssst......Pak,.... alon-alon nyariosna...eta mah sanés lukisan Gorila tapi lukisan bapak...!!!”
Labels:
Abah Kabayan,
bahasa sunda,
basa sunda,
diajar bahasa,
dongeng bodor,
gorila,
nyakakak,
Presiden,
urang bandung
Monday, 28 February 2011
GARA-GARA LALAJO MAEN BALL
Si Kabayan keur anteng lalajo maén bal dina TV, ari torojol téh ti kamar Nyi Iteng:
“Kang, lampu teras pegat waé....pang gentoskeun atuh kunu anyar?”
“Ganti wé ku olangan...emangna aing PLN...!!!” ceuk si Kabayar meni énténg ngajawabna
“Nya atos pami alim mah, pang lereskeun kran cai atuh, tuh pamuteranna macét... teras cai ngucur teu tiasa di tutup pami diantep bilih kamar mandi banjir!” ceuk Nyi Iteng
“Menerkeun keran??...emangna aing PAM huh...??!!!!” éta Si Kabayan ngajawab deui.
“Nya atos pami alim mah...éh..ngké pami mésér rokok ka warung abdi nitip minyak tanah nya?” ceuk Nyi Iteng
“Ari manéh teu ningali uing keur lalajo maén bal?? Emangna aing PERTAMINA??” Si kabayan bari kekerot.
Kusabab Si Kabayan téh asa diganggu waé ku pamajikanna, nya manéhna pindah lalajo maén bal-na ka imah tatangga nepi ka balik deui ka imah jam dua subuh.
Tapi Si Kabayan asa héran kusabab lampu téras geus caang, indit ka kamar mandi kran-na geus aya nu menerkeun, indit ka dapur jirigen minyak tanah geus dieusian.
Isuk-isukna, Si Kabayan nanya ka pamajikanna : “Manéh peuting ménta tulung ka saha?”
Pok téh Nyi Iteng “Kieu Kang... wengi téh saatos Akang ngalih nonton maén bal kateun tatanggi..abdi téh nangis di téras, terus aya jajaka kasép ngaliwat... terus manéhna nanya kunaon Nyai bet nangis...nya ku Nyai di caritakeun we saayana...tug dugi ka Akang ambek-ambekan gé ku abdi di caritakeun”
“Trus...trus...??” SI Kabayan rada panasaran
“Nya anjeunna téh nawisan jasa kanggo ngabantos Nyai, tapi aya syaratna...!” ceuk Nyi Iteng nuluykeun carita.
“Naon syaratna tah??” Ceuk Si Kabayan bari kerung da beuki panasaran..
“Aya dua Kang syarat na téh...ka hiji pang damelkeun roti, ...nu kadua abdi kulem sareng anjeunna!!” ceuk Nyi Iteng.
“Tapi nu pasti maneh milih syarat nu kahiji nya..pang nyieunkeun roti??” ceuk Si Kabayan yakin da pamajikanna moal mungkin milih syarat kadua
Ari pok téh Nyi Iteng: “Pang nyieunkeun roti???......Emangna aing HOLLAND BAKERY!!!??...” bari ngasongan péso kana irung Si Kabayan
Labels:
acara TV,
banyolan,
basa sunda,
Bola mania,
heureuy bandung,
PAM,
PLN,
sepak bola,
urang sunda
Tuesday, 22 February 2011
Beda Olahraga jeung Olahragi
Ku: Ki Sunda Sawawa
Semah : jang ari bapa aya ?
Budak : Bapa mah nuju olah raga di lapang.
Semah : Ari ema ?
Budak : Ema mah nuju olah ragi
Semah : Ke bapa nuju olah raga terus ibu nuju olah ragi...kumaha ieu teh asa
bingung ??
Budak : Muhun bapa mah nuju badminton, ari ema mah nuju ngadamel peuyeum...!!
Semah : gejul teh katipu... (Bari kekerot)
Budak : Bapa mah nuju olah raga di lapang.
Semah : Ari ema ?
Budak : Ema mah nuju olah ragi
Semah : Ke bapa nuju olah raga terus ibu nuju olah ragi...kumaha ieu teh asa
bingung ??
Budak : Muhun bapa mah nuju badminton, ari ema mah nuju ngadamel peuyeum...!!
Semah : gejul teh katipu... (Bari kekerot)
Labels:
badminton,
bahasa kolot,
basa sunda,
dongeng bodor,
olahraga
BUBUKA
ku: Ki Sunda Sawawa
Aki ngahaja nulis conto bubuka keur acara seren sumeren panganten,anu jadi harepan dina nungtun acara teh ulah sagala ngandelkeun kolot, geus meujeuhna para nonoman anu maju ka hareup..
BUBUKA
BUBUKA
Bismillaahir rohmaanir rohiim
Assalamu'alaikum Wr. Wb.
Alhamdulillahi robbil aalamin, Wabihi nasta'iinu alla umuurid dunia waddin. Was sholaatu wassalaamu alla sayydina Muhammadin khootaminnabiyyin, Wa aalihi wa shohbihii ajma-'iin.
Langkung ti payun, sim kuring kalayan asmana bapak/ibu ……………………………. Sakulawargi, ngahaturkeun wilujeng sumping ka Ibu miwah Bapa…………… anu janten sepuhna calon panganten pameget, pon kitu deui ka sugri anu nyarenganana. Tutut gunung keong reuma sumangga geura lalinggih.
Pinisepuh, piderekan, para wargi anu sami hadir.
Dinten ieu ping ……………………………., mangrupi dinten anu kebek ku kabagjaan utamina kanggo kulawargi bapak/ibu ………….. miwah kulawargi ibi/bapa ……………………….., atuh urang oge anu ayeuna sami-sami riung mungpulung seja ngiring bingah, seja mintinkeun prasetya kawening ati geusan rumojong ngandum pangdu'a dina nyakseni pamaksadan anu parantos disimpay ti anggalna ku dua kulawargi.
Kukituna saparantos reureuh palay, pepes kesang, bada mudun/nanjak ti ………………….. ka ………………….., sok sanaos anu sumping parantos sampurasun pon kitu deui pribumi parantos ngarampeskeun, nanging
supados kahartos naon rupi pamaksadan tatamu, sumangga ka sesepuh rombongan calon panganten pameget dihaturanan ngadugikeun pamaksadanana.
Labels:
bahasa kolot,
basa sunda,
bubuka,
guaran basa,
mapag panganten,
urang bandung,
urang sunda
Tuesday, 28 December 2010
Kapaut Imut
Ku: Kisunda Sawawa
Nya didieu, naha hate geus kaduyung
Nu teu pira, salira nenggorkeun imut
Ngadak ngadak, asa bénten rarasaan
Hate ratug, cacakan tepang munggaran
Nya ayeuna, kapentang panah asmara
Sorot soca, sinar cinta tembus rasa
Gurilapna lir inten pinuh permata
Hate mangprung, kabawa imut salira
Najan tepung, harita ukur ukur salangkung
Kapidangdung, gandrung liwung ngalanglayung
Aduh... kieu rasana kagémbang
Hayang nenang... hayang nganjang
Mustika kembang kamelang
Horéng kieu, rasana panyakit cinta
Majarkeun téh hésé piubareunnana
Ngadak ngadak, jadi bénten rarasaan
Haté ratug cacakan tepang dadakan..
Labels:
basa sunda,
haleuang,
Imut,
kagembang,
Kisunda sawawa,
Pepeujeuh,
tembang sunda
Subscribe to:
Posts (Atom)
