Showing posts with label banyolan. Show all posts
Showing posts with label banyolan. Show all posts

Monday, 28 February 2011

GARA-GARA LALAJO MAEN BALL

Si Kabayan keur anteng lalajo maén bal dina TV, ari torojol téh ti kamar Nyi Iteng:
“Kang, lampu teras pegat waé....pang gentoskeun atuh kunu anyar?”
“Ganti wé ku olangan...emangna aing PLN...!!!” ceuk si Kabayar meni énténg ngajawabna

“Nya atos pami alim mah, pang lereskeun kran cai atuh, tuh pamuteranna macét... teras cai ngucur teu tiasa di tutup pami diantep bilih kamar mandi banjir!” ceuk Nyi Iteng
“Menerkeun keran??...emangna aing PAM huh...??!!!!” éta Si Kabayan ngajawab deui.

“Nya atos pami alim mah...éh..ngké pami mésér rokok ka warung abdi nitip minyak tanah nya?” ceuk Nyi Iteng

“Ari manéh teu ningali uing keur lalajo maén bal?? Emangna aing PERTAMINA??” Si kabayan bari kekerot.

Kusabab Si Kabayan téh asa diganggu waé ku pamajikanna, nya manéhna pindah lalajo maén bal-na ka imah tatangga nepi ka balik deui ka imah jam dua subuh.

Tapi Si Kabayan asa héran kusabab lampu téras geus caang, indit ka kamar mandi kran-na geus aya nu menerkeun, indit ka dapur jirigen minyak tanah geus dieusian.

Isuk-isukna, Si Kabayan nanya ka pamajikanna : “Manéh peuting  ménta tulung ka saha?”

Pok téh Nyi Iteng “Kieu Kang... wengi téh saatos Akang ngalih nonton maén bal kateun tatanggi..abdi téh nangis di téras, terus aya jajaka kasép ngaliwat... terus manéhna nanya kunaon Nyai bet nangis...nya ku Nyai di caritakeun we saayana...tug dugi ka Akang ambek-ambekan gé ku abdi di caritakeun”

“Trus...trus...??” SI Kabayan rada panasaran

“Nya anjeunna téh nawisan jasa kanggo ngabantos Nyai, tapi aya syaratna...!” ceuk Nyi Iteng nuluykeun carita.

“Naon syaratna tah??” Ceuk Si Kabayan bari kerung da beuki panasaran..

“Aya dua Kang syarat na téh...ka hiji pang damelkeun roti, ...nu kadua abdi kulem sareng anjeunna!!” ceuk Nyi Iteng.

“Tapi nu pasti maneh milih syarat nu kahiji nya..pang nyieunkeun roti??” ceuk Si Kabayan yakin da pamajikanna moal mungkin milih syarat kadua
Ari pok téh Nyi Iteng: “Pang nyieunkeun roti???......Emangna aing HOLLAND BAKERY!!!??...” bari ngasongan péso kana irung Si Kabayan




Friday, 24 December 2010

Pagede gede wadul

“ Heureuy Bandung “
( Didongengkeun ku Ki Sunda Sawawa )



Kacaritakeun, aya 4 urang tukang nguseup keur ngariung, bari pagede gede ngawadul :

Ceuk tukang nguseup 1 :
Kuring mah, kusabab eupanna alus, karek clom oge dialungkeun, jol kurunyud we disangut.
Ceuk tukang nguseup ka 2 :
Ah.. atuh alus keneh eupan anu kuring, karek dipintel pintel oge, eta lauk teh geus ratok , bari ngaromong “ enggal kang geura anclomkeun, kuring geus teu kuat yeuh hayang geura nyanggut..!! “

Ceuk tukang nguseup ka 3 :
Ah.. atuh eta oge, masih keneh goreng, nu kuring mah, karek nyieun eupan oge, lauk teh pating arajleng ka darat bari ngaromong : “ kang… wios ku kuring di sangut ayeuna, geus aral yeuh hayang geura nyanggut..!!

Ceuk tukang nguseup ka 4 :
Ah… kabeh oge goreng tah eupan teh, nu kuring mah, lamun poe minggu rek ngusep, tah malem mingguna teh, si lauk geus daratang ka imah bari ngaromong : “ kang ari enjing cios rek nguseup teh..?? omat ulah teu sumping, kuring geus teu kuat..!!
Tukang nguseup anu tiluan pating rareret bari ngaromong : “ ah .. teu sangka, geuningan gede pisan tah wadulna teh.. ( bari pating carakakak nepi ka seeleun )

Thursday, 23 December 2010

Moro Manuk



Kacaritakeun Jang Entis rebun kénéh geus mapay pasir di pilemburan rék moro manuk ku bedil angin, ngan geus nyedek ka burit teu sahulu-hulu acan manuk anu benang...

Nya turun wéh jang Entis téh niat rék balik, ngan di jalan manéhna nyimpang heula ka warung ceu Badriah nu anakna kembang désa di lembur éta.

Tadina jang Entis téh rék meuli bala-bala matak nyimpang ka warung ceu Badriah gé...ngan kusabab ningali aya mojang nu luis tur geulis..nya, rada lila jang Entis cicing di warung éta.

Teu kungsi lila nyi mojang nanya ka jang Entis
Nyi Mojang: “Timana kang, éta raray meuni léét ku késang, katinggalna capé pisan?”

Jang Entis: “Muhun Neng, Akang téh uih moro manuk, mung teu kéngéng..duka kamarana teu katinggal hiji-hiji acan!!”

Nyi Mojang: “Ah..atuh kang!! Masalah moro manuk mah..Abdi ahlina...hayu kuabdi ditunjukeun carana!!”

Éta Nyi mojang meuni sumanget hayang ningalikeun kaahlianna moro manuk ka jang Entis da memang jang Entis ge boga pameunteu nu lumayan kasép...

Disatukangeun ti éta aya nini-nini anu ngadéngékeun obrolan antara Nyi Mojang jeung jang Entis... malah waktu nyi Mojang jeung jang Entis indit gé éta nini-nini téh nuturkeun bari keketeyepan da sieun kapanggih...

Pondok carita....Nyi Mojang jeung Jang Entis geus tepi di pasir bari dituturkeun ku nini-nini..

Barang geus teupi...Nyi Mojang langsung gok cangogo di sisi gawir bari rada di déngkakeun palangkakannana...terus wéh calana jerona rada disingsatkeun ka belah gigir saeutik...sakur angin ngaliwat kana palebah bobogaanna nyi mojang éta mah sorana jiga sora ngahuit meuni tarik...malah mun kadéngéna ti kajauhan mah teu beda jeung sora hatong..

Da bener éta mah...jol cing tararojol manuk nyarampeurkeun kana sora nu ngahuit....Jang Entis atoh pisan da puguh manuk nu geus eunteup dina bobogaan nyi Mojang téh ngadadak jadi ralinek...manéhnamah tinggal newakan wéh terus asupkeun kana kurung.... Geus tangtu moal bisa lamun bobogaan Jang Entis disarupakeun jeung bobogaan nyi Mojang..meureun lamun téa mah jang Entis nurutan naon nu dipilampah ku nyi Mojang sorana lain ngahuit tapi “plak...plak...plak” da puguh laér bobogaan jang Entis mah...

Si nini nu geus lila ngintip..manéhna gé jadi panasaran “Mun sora budak ngora wae geus huhuit..komo sora nu kuring meureun!!” ceuk na pikir si Nini

Sa enggeus Nyi Mojang jeung Jang Entis turun ti pasir ....da puguh wanci geus ninggang sarepna..nya bagian si Nini ayeuna nu milampah sakumaha nu dicontoan ku nyi Mojang..... ngan geuning sorana lain huhuit tapi kalakah ngagebér jiga sora maung.. Antukna nu datang téh lain manuk tapi kalakah maung jaluna nu nyangka di geroan ku pamajikanna..barang rét ka si Nini “Wah kabeneran aya hakaneun di lebok siah ku ngaing!!!!!!!!!”

Matak sok aya paribasa : "Kari-kari nini-nini leungit sapeuting, isuk-isuk tai maung huisan"

Rek cilaka meunang bagja

( Hasi coretan Ki Sunda Sawawa )

Aki mah lamun inget kana kajadian waktu keur indit ka kota, sakapeung sok seuri sorangan, sabab anu tadina rek manggih kacilakaan teh teu tulus , malah kagantian ku kasenangan anu moal bisa lipur nepi ka iraha oge.

Harita teh aki rek ka kota, geus direncanakeun ti peuting keneh indit teh rek isuk keneh, sabab lamun beurangteuing, biasana beus teh geus padedet ku panumpang. Ngan nya kitu, rencana tinggal rencana, hayang ka kota isuk keneh teh teu tulus da aki nyaringna kabeurangan. Enya we basa aki megat beus, eta beus teh geus padedet ku panumpang, nepi ka aki teu kabagean tempat diuk, atuh kapaksa we nangtung, ngan teu teu pati kukulutus teuing, sabab gigireun aki teh kabeneran awewe geilis jeung ngora keneh, sarua deuih manehna oge nangtung, da bareng megatna oge jeung aki.

Caritana.. keur jongjong aki ngalamun, karasa asa aya anu ngageleser asup kana saku calana hareup aki, jigana mah rek nyopet meureun. Ngan kabenerannana teh aki teu nyimpen duit dina saku eta, da inget eta saku teh molongo. Atuh eta leungeun copet teh jol langsung ngaguriwel we kana budak aki anu keur sare tibra. Eta copet teh reuwaseun, sabab anu kacabak teh lain duit, tapi kawas hileud orok anu keur ngadakom. Barang rek dikejetkeun, ku aki gacang di tungkup eta leungeun copet teh, barang ditingali, sihoreng copetna na teh awewe gigireun aki tea. Barang ku aki diteuteup, eta copet teh kaciri beungeutna nyiak pias jiga anu era, sabab kalakuannana ku aki katohiyan.

Harita aki negor ka eta copet, bari ngomong ..“ beunang siaaaaaaaaaaah…….!! “

Eta copet teh kaciri rumpang reumpeunna, sabab sieuneun ku aki dibetahkeun, pamikirna tara teuing bukbekna pada neunggeulan.. lamun anu sejen apaleun manehna nyopet. Eta copet ,tuluy teterejel hayang ngaleupaskeun leungeunnana anu keur nyabak budak aki anu geus lilir sabab kagareuwahkeun, ngan teu bisa sabab eta leungeun copet teh ku aki pageuh di cerek.

Gancangna carita, aki ngomong ka eta copet. Ceuk aki : “ Pek siah..!!.. mening ku aki dibetahkeun ngarah pada neunggeulan, atawa mending tuluy pangusapankeun sangkan anjeun salamet..!! “. Eta copet ngahuleng bekat tikarep, cigana mah meureun keur mikir kudu kumaha pipetaeun. Ngan teu kungsi lila, bari jejebris, eta leungeun copet teh tuluy ngusapan budak aki anu geus nyaring, malahan mah eta budak teh geus cengkat da meureun reuwaseun. Geus kitu mah aki jongjon weh peureum hayam, bari sakapeung mah sok peupeureudeuyan.. nepi ka tempat tujuan.

Geus nepi mah ka kota, aki jeung eta copet teh, tuluy sasalaman, bari teu poho ngomong : “ nuhun nyi..!! ( bari nyerengeh ) Eta copet ngajawab semu teugeug : “ sawangsulna ki..!! “

Tiharita nepi ka ayeuna, lamun aki sakalieun panggih jeun eta copet sial teh, teu poho sok manggut bari nganuhunkeun kana hasil gawena.

Kabehdieunakeun ku aki kapaluruh, sihoreng geuningan eta awewe teh lain copet asli, tapi manehna kapaksa sabab teu bogaeun duit, da loket jeung duitna aya anu nyopet dijalan…
Emhh.. lamun apal mimitina mah, eta copet teh ku aki bakal diburuhan.. da karunya capeeun.. hehehe
Cag…….

Wednesday, 22 December 2010

SADÉRÉK PRÉÉÉÉT



Nyi Timah geunah ayeunamah menangkeun salaki bandar angkot turunan batak nu wastana Bob Situmurung Marga Hayu...Panggil wéh pondokna si Bob..

Geus katelah urang Batak mah boga watak heuras matak mun boga masalah leutik gé bisa jadi ngagedéan...
Tah...dina hiji waktu Nyi Timah karék balik ti bioskop jeung salakina naek motor bébék ...

Dihareupeun aya Jang Émon jeung Jang Tohir nu keur gigitaran bari hahaleuangan ngalagukeun lagu jaman baréto ngan dilonyéngkeun ditungtungan make sora hitut “Préééét!”

Model kieu “begini nasib jadi bujangan “Préééét!””

Palebah sora "Préééét!"-na kadéngéeun ku Nyi Timah nu tibaheula kénéh geus ngéwa ka budak duaan éta da sok otél mun Nyi Timah ngaliwat..

“Bang..Bang...tuh lihat anak-anak bilang "Préééét!" Ke Abang!!” ceuk Nyi Timah ngadu kanu jadi salaki..

“Zialan tuw Kutu Kupret..Bbelum tahu ziapa aku rupanya!!”ceuk si Bob bari engos-engosan da nahan nafsu...

Kacaritakeun..datang wéh si Bob ka barudak nu sidik keur ngariung gigitaran..”Bah!!!..ziapa taddi yang Bbilang aku "Préééét!"...ngaku!!!” bari sesentak

“Siapa yang bilang "Préééét!" Bang?..kita nggak pernah bilang "Préééét!" Ke Abang” ceuk Jang Tohir ngabéla manéh

“Aahhh..zudah..ngaku saja kau kalau tidak..aku kazih kau pelajaran!!”

Kusabab eta kasus "Préééét!" Teu bisa dibéreskeun ditempat nya sakadang "Préééét!" Ayeuna geus aya di imah RT

“Kumaha mimitina?” ceuk Pak RT series..

“Enya Pak..abdi teh dituduh nyebat "Préééét!" Ka si Abang..padahal da abdimah teu rumaos Pak!” ceuk Jang Émon sasadu

“Bah!!..Bohong kau..aku déngar zéndiri kau bilang "Préééét!" Zéngaja kau!”

“Heunteu Bang abdimah..heunteu” ceuk jang Tohir keukeuh...

Kusabab pa keukeuh-keukeuh jeung teu manggih jalan kaluar..nya kasus "Préééét!" Téh ayeuna geus aya di ruangan RW..

“Ngaku lah Jang Tohir..anjeun nyebut "Préééét!" Ka Bang Bob.. Méh teu panjang carita!!” ceuk Pak RW ngolo..

“Moal abdi mah moal ka olo..da abdi mah teu rumaos nyarios "Préééét"! Heunteeeeuu!!”ceuk Jang Tohir bari ciramayan..da puguh teu rumasa tea

Sarua kénéh..di kantor RW kasus "Préééét!" Teu béres kénéh ...kitu deui di Bale Desa...

Kusabab kasus "Préééét!" Teu bisa dibéréskeun sacara kakulawargaan..nya Si Bob téh ngalaporkeun sacara hukum...nepi ka kasus "Préééét!" Téh ayeuna aya di pangadilan.....

“Saudara Tohir dan Saudara émod..betulkah Anda berdua telah menghina saurdara Bob Situmurung Marga Hayu dengan sebutan "Préééét!"!” ceuk Pa Hakim..sorana agem matak nyurucud tuur...

“Tidak..paK..Tidaaaaaaak abdi teu bilang "Préééét!"” ceuk Si Tohir segruk..segruk ceurik da leungeuna di borogol...

“Begini Pak Sebetulnya!.. saya téh sedang main gitar cuman sambil heureuy kitu.. make "Préééét!"!” ceuk si Émod jujur.

“Bah...Bohong Pak! Méréka Bohong... Méréka Zéngaja bilang "Préééét!" képada saya! Méréka Zéngaja "Préééét!"” Ceuk si Bob peupeulekeuk ..

éta pangadilan téh mun kadéngé hawar-hawar tikajauhan estuning sora
"Préééét!" "Préééét!" "Préééét!" nu kadéngé téh...

Antukna kusabab euweuh bukti nya sidang ditutup.....Ngan karék gé rék turun ti majilis na ari "Préééééééééééét!" Eta si Bob Hitut..da puguh geus tilu poé teu manggih sangu kusabab mikiran kasus "Préééét!" jigana meureun asup angin...

Étama kabéh para hadirin nu aya dina persidangan teu sidikna marelong kabéh ka si Bob Situmurung Marga Hayu.

Ceuk Polisi”Allhamdulillah geuning ayeunamah sadérék "Préééét" parantos katohian kumargi kitu...TEWAAAAAAK!”

DOMBA NU PISAH RANJANG


kacaritakeun dina hiji mangsa aya dua sakadang domba anu keur guntreng rasa manéhna hayang pada-pada punjul tinu séjén supaya aya nu meuli meureun!!...

domba hiji:”Ah siah bedegul..manéhmah moal payu da lain loba ku daging ngadon loba ku gajih wéh..”

Domba dua:” Gandeng siah régéng, daripada manéh euweuh dagingan, euweuh gajihan..ngadon tulang wéh digedékeun..dasar hitut dibungkusan tulang siah!!!”

Domba Hiji: “Eeeh...éta tanduk atawa naon meuni néngtét sugan mah ceuhil!!”

Domba Dua: “Daripada manéh..teu umum jeung batur..batur mah ngalebok jukut..manéhmah ngalebok roti..matak nyangsarakeun nu maraban wéh!!!”

Torojol téh pak Tani rék meuli domba.. langsung sakadang domba hiji jeung dua pasang aksi da hayang katanggap meureun!.

Pak Tani:”Wah..meuli nu mana yeuh..duanana aralus??!!mmmmmm.....beuli lah duanana..urang pacekeun...”

Sihoréng sakadang domba hiji jeung domba dua téh salaki-pamajikan nu keur pisah ranjang...

TONG SOK KABITA KU BEJA




Mang jaju anu burut keur nguseup di leuwi..

Kabeneran di éta leuwi téh aya anak jin keur ulin diasuh ku indungna..
Barang ningali nu burut keur nagog nyekelan jeujeur, éta anak jin téh ngomong ka indungna :
"ma,.. Hayang itu tuh...! Bari nunjuk kana kanyut burutna nu nguseup..
Nya ma'lum jin atuh, benghal... Da éta mah sakilat kanyut burut mang jaju téh dicokot tuluy dibikeun ka anakna...

Ari mang jaju, jongjon wé nguseup, da teu karasa aya nanaon.. Wanci soré kakara manehna beberes rék balik, barang jung nantung manehna reuwas campur bungah..ningali burutna anu gedé ayeuna ngadadak cageur....

Teu kacatur bungahna éta nu mang jaju, teu sirikna lumpat balik ka imah hayang buru-buru ngabéjakeun kabungahna kanu jadi kulawarga...

Ma'lum jelema atuh...mun aya nu aheng-aheng téh sok gancang nyebar... Béja-pabéja-béja...majar lamun hayang cageur burut mah kudu nguseup ka leuwi anu tisaprak kajadian harita dingaranan leuwi kanyut....

Kacaritakeun dilembur sejen, aya nu burut deuih, mang kemed ngarana téh. Barang manehna ngadéngé béja jaju cageur burutna kusabab nguseup dileuwi kanyut.. Manehna ngarasa panasaran hayang ngabuktikeun..

Saminggu saprak mang jaju, rebun2 mang kemed ngagedig muru ka leuwi kanyut, najan leumpang rada ngagéang lantaran kahalang ku burut, tapi manehna sumanget da hayang cageur...

Nepi ka leuwi,.. gog kemed nagog tuluy ngadekul nguseup bari haté mah ngarep-ngarep hayang buru-buru cageur burut.

Rada beurang, anak jin jeung indungna ulin deui ka leuwi..
Anak jin anu keur ngorék burut kanyut jaju ti minggu kamari, ngomong ka indungna : "ma, bosen yeuh ngorek ieu téh..Yeuh ah.." bari ngasongkeun burut ka indungna, tuluy ku indungna ditampanan.. Barang rek dipiceun, indungna ngareret ka kemed nu keur nguseup.. Ceuk indung jin :
"sujang, ari geus bosen mah urang pulangkeun wé nya kanu bogana nya."

Tuluy eta burut di baledogkeun ka kemed anu keur nguseup..."plok" burut jaju téh naplok na burut kemed....


matak tong sok kabita kubeja

Tuesday, 21 December 2010

kATIPENG


 Karya :Abah Kabayan

Katipu ku jang Wawan!!...Abah téh kamari di béré asin jamalroti nu geus bilatungan maklum abah mah da teu apal asin jamalroti téh nu kumaha....

Jang Wawan: “Bah, ieu mah asil jamalroti asli ti Pangandaran...”

Abah:”naha surjang asin jamalroti téh aya bilatungan jeung bau deuih??”

Jang Wawan: “Da asin asli mah kitu Bah..ke gé mun tos di tuangmah moal kaambeu!!”

Abah:”Oh..kitu surjang..da Abah mah kakara apal asin jamalroti téh nu model kieu!!”

Jang Wawan: “Sok we Bah ..jang Abah sadayana..abdi mah seueur keneh di bumi!” bari ngaléos...

Abah:”Kéla...kéla....ari ngurusna kumaha??”

Jang Wawan: “Langsung tuang weh bah..langkung énak sareng sangu poé”

Abah:”Oh kitu...nuhun atuh jang..cing diwales kunu leuwih gedé nya!” maksudmah ngado’akeun!

Jang Wawan:”Amiiien....!” bari léos ka luar

Kabeneran di imah téh loba kénéh sangu poé... jeung beuteung kabeneran keur lapar......nya Abah téh nyokot piring ...”ceduk!” sangu poé aya sapiring mentung-na....

Terus wéh nyokot asin jamalroti bilatungan...ceuk na pikir...”Wah geus pasti nikmat yeuh...komo ieu mah asin asli ti pangandaran!!”

Na......ari “celebek”....teu kuat Abah téh ku bauna..jeung ngurey...ceunah moal ka ambeu..tapi ieu kaambeuna leuwih-leuwih tinu di ambeu....

“Borolo” ongkék sakabéh eusi peujit kaluar..... tiharita abah teu inget deui...da nyaho-nyaho hudang téh geus di Imanoel....

Nepi ka ayeuna Abah tara nanya ka Jang Wawan..jeung mun ningali beungeutna asa ningali asin jamalroti nu bilatungan.... matak mun pangih sok ngurey...malah sok ongkék sakapeng mah.....

Monday, 20 December 2010

UBAR PELUH


 

hiji mangsa aya pasangan salaki jeung pamajikan Kang Juhri Jeung Nyi Dumi umurna kana 40 taunan,, keur meujeuh na PUBER ka 5,,,,, ngan hanjakal Kang Juhri na téh katarajang panyakit peluh,,, eta panyakit teh geus aya 2 taun na,,,
da eta wéh pamajikan nana mah geus gumerot hayang sapatemon,,,
hiji mangsa eta Nyi Dumi teh ngadengé ti babaturan nana yén aya dukun nu bisa ngubaran panyakit peluh,,, atuh kalintang atoh na éta Nyi Dumi bari buru" ngabejaan salaki na,,

"Kang hayu urang indit" ceuk Nyi Dumi,,,

"rék Kamana iyeuh?" tembal Kang Juhri,,

"hayu Urang ka dukun,, urang ngubaran panyawat apa" tembal Nyi Dumi sabari satengah maksa ngagugusur salakina,,, da éta weh pedah teu kiat hayang saré bareng jeung salaki na,,,,

pondok carita,, éta Kang Juhri jeung Nyi Dumi téh tepi ka Imah éta dukun sakti,,
terus we ngobrol jeung dukun,,,

"punten Ki,, leres aki teh tiasa ngalandongan Peluh?" ceuk Nyi Dumi ka éta dukun

"leres Nyi" tembal Dukun sakti,,, éta atoh na Nyi dumi ngadéngé kitu,,,
 
"cik atuh pangalandongankeun salaki abdi Ki,,!!!" ceuk Nyi dumi bari surungah séréngéh,,

"mangga" tembal si dukun,,, "tapi aya syarat na jang" ceuk dukun ngomong ka Kang Juhri,,, 
 
Maklum mang Juhri Keur atoh téa "ah Ki sarat naon naon ogé ku abdimah bakal disanggupan asal bisa ngabagjakeun nu jadi pamajikan we Ki" tembal Kang Juhri.

"jeung deui ieu ubar teh ngan sakalieun, sarat na téh teu menang kaanginan" ceuk dukun bari kunyam kunyem,,"

"sangem Ki lah" ceuk Kang Juhri semu nu atoh,,,,

caritana éta Kang Juhri teh beres diubaran nepikeun ka bobogaan Kang Juhri téh manteng heras taya hingga na,, sapanjang jalan menikeun ka dibaguded bobogaan Kang Juhri da sieun ka anginan,,, nepikeun ka dina mobil ogé cicing na jauh tina jandela,,,

carita na geus tepi ka imah Kang Juhri jeung Nyi Dumi téh langsung buru" ka kamar da geus teu kuat dua nana gé,,, kabéh sakur liliangan nu aya di kamar ditutupan ku Kang Juhri jeung Nyi Dumi,,,

beres kitu der maraneh na téh marukaan baju jeung calana na masing" malahan mah Nyi Dumi mah nepikeun ka gumetap sagala ningali bobogaan salaki na meni heuras ciga tihang listrik,,,

barang rék der,, can oge nepi eta bobogaan Kang Juhri kana Bobogaan nana Nyi Dumi, ngadadak Nyi Dumi teh hayang hitut,,, "possssss"

na atuh da keur heuras éta bobogaan Kang Juhri ngadadak jadi leuleus deui,,,,,
ningali kitu éta kang Juhri amek nakeranan bari nyarita "Mun rek medut ngomong heula,,, meureun ku aing moal waka dibuka",, Nyi Dumi teu bisa ngomong, manehna ngahuleng bari pinuh ku kaduhung,,,,

Saturday, 18 December 2010

Cinta

 ku : Ichigo Ichanx Roises

Upami cinta nuju *bersemi* cacing ge rasa *sarimi*
Upami cinta nuju *berkembang* ti teuleum *ngambang*
Upami cinta nuju *rindu* ti kotok ge asa *bolu*
Upami cinta *ngarasuk* ti embe ge rasa *suuk*
Ceuk si dodo bari heuay

Nu Maotna Nu Sok Barang Penta


Poe bieu mah, aki boga lalakon pikaseurieun, basa ngalongok anu maot, sabab aya salah saurang jalma anu ngadongeng pikaseurieun, pajarkeun teh cenah aya mayit anu leungeunna teu bisa disidakepkeun tuluy we namprak, sanajan geus sagala cara ditarekahan, angger we teu bisa. 

Tungtungna salah saurang kulawargana ngadatangkeun hiji kolot ...anu geus ahli dina cara ngurus mayit. Barang datang, eta kolot teh tuluy mariksa kaayaan mayit. Sanggeus rada lila eta kolot teh ngarewos ka salah saurang kulawargana : “ Cik jang.. aki menta duit sarebu..!!.. sanggeus dibere, eta duit sarebu teh ku si aki dikeupeulkeun kana leungeun mayit. Sarerea anu ningalikeun euweuh anu teu kerung, sabab teu ngarti naon maksudna.

Geus rada lila, si aki ngomong deui : “ Cing saha anu boga duit 50.000..??, sarerea ting rareret da teu ngarti rek dikumahakeun.

Caritana salah saurang anu ngalongok mikeun duit ka si aki, bari ngomong : “ yeuh ki.. anu abdi we tamut heula…!!.

Eta duit ku si aki dicokot, tuluy dikeupeulkeun kana leungeun mayit. Na atuh, sarerea oge euweuh anu teu ngarenjag bari bengong, sabab barang dikeupeulan duit 50.000, eta leungeun mayit.. jol gep weh ngeupeul duit, bari langsung sidakep.. Si aki nyerengeh bari ngomong 

: “ emh… dasar manehna mah keur hirupna tukang barang penta, geus maot oge masih keneh apal kana duit gede mah…!! Bari ngaheheh…


Eta anu diinjeuman duit tea, da lebareun meureun, tuluy nyoba nyoba nyokot duit anu dikeupeul ku eta mayit, tapi tibatan beunang mah, kalah ka ngesang nyokotna oge…

Anu boga duit kukulutus bari ngomong.. : “ si bedul teh…!!, aya bahan lapur tah duit teh…!! ( bari ngaleos ) …

Na da tungtungna mah sakur anu ngalongok, anu tadina ngahareruk teh jadi sareuri mani ngehkey, sok sanajan rada di tahan oge, da bisi eraeun kulawargana…

Si aki harita ngomong ka sarerea : " tah ayeuna mah, sok geura bungkusan, mengpeung duitna can lesot...!! " ( bari nyerengeh )
Cag…

Wednesday, 15 December 2010

KOREAK!

karya: Abah Kabayan


kolot baheula mah...

mun aya koreak ngaliwat urang teh sok amit-amit :"hush..hush!...Ka sabrang, ka Palembang, balikna mawa kurupuk!"

ngan watir, sa eunggeus eta koreak datang ka palembang, sarua urang lembang ge amit-amit: "hush..hush...ka sabrang, ka Bandung, balikna mawa peuyeum..!"

kusabab eta koreak kaditu diusir, kadieu diusir..akhirna manehna bunuh diri di selat sunda...hehehehe!
Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...