Mangsa ayeuna lir ibarat lauk di balong anu terus diubek-ubek caina nepi ka kiruh,
Laukna ranghap atok-atokan sosoloyongan néangan cai nu hérang sangkan bisa ngarénghap jeung néeangan parab nu loba tapi teu kahakan sabab béakeun ku lauk nu lewih gede.
Loba lauk raksasa datang ngilu ngubek-ngubek balong nepi ka lauk leutikna benang dihakan caina kiruh...
Kumaha tah leres sapertos kitu ? Akhirna lauk nu leutik langlayeuseun hayang ngojay kana cai hérang cungapna dipenet supaya cai hérang teu ngocor ka balong.
Catatan Rohyatna Yatna di Forrum PUGER’s Pasundan
Blog Bahasa Sunda Cerita Sunda Dongeng Sunda Sastra Sunda Dongeng Cawokah Puisi Sunda Wawangsalan Pantun Sunda Siloka Sunda, Adat Sunda Budaya Sunda True Storry of Sundanese Sundanese in Indonesia guyon canda bahak koleksi berita tawa humor ngakak guling pingkal komedi Funniest Story Jokes Humor Comedy Cute Amusing Jest Feeding funny Through Laugh Giggle a true story Real Life imagine Stories Crazy Collection gambar lucu foto lucu foto ngakak >> PUGER-NYUNDA.blogspot.com
Showing posts with label babasan. Show all posts
Showing posts with label babasan. Show all posts
Thursday, 29 September 2011
Saturday, 17 September 2011
Babasan
dahar..........asa catang bobo
nginum.......asa tuak bari
nantung .......asa lalanjung
lempang........asa longkéwang
saré................asa ka impi impi
nagkarak............asa luhureun
nyangigir .............asa gigireun
nagkuban.............asa handapeun
kamana atuh kamana salira geulis...............
bet mabur ninggalkeun hutang..............he he.........
Di cutat ku : Iwan Setiawan di Forrum PUGER’s Pasundan
Tuesday, 6 September 2011
KATRESNA ATI (SILOKA)
Ku : Bibie Dayank
K anyaah moal rek ilang , ka...
A njeun nu janten panutan ati
T ali pasini jangji urang duaan
R aket pageuh pinuh kadeudeuh
E ndahna kembang kaasih
S eungit ngadalingding minuhan sanubari
N yimpayna rasa duriat nu hamo bakal kapegat
A smara nyandingkeun endahna cinta
A njeun curahan katersna mungguh sajati
T angkal harepan mugia ngajadi
I barat ligarna kembang malati
K anyaah moal rek ilang , ka...
A njeun nu janten panutan ati
T ali pasini jangji urang duaan
R aket pageuh pinuh kadeudeuh
E ndahna kembang kaasih
S eungit ngadalingding minuhan sanubari
N yimpayna rasa duriat nu hamo bakal kapegat
A smara nyandingkeun endahna cinta
A njeun curahan katersna mungguh sajati
T angkal harepan mugia ngajadi
I barat ligarna kembang malati
Labels:
babasan,
bahasa kolot,
bahasa sunda,
sastra sunda,
siloka sunda
Baso "Bayu"
Ki Sunda : Bah.., kade tong nganjuk deui baso “ Bayu “.. bahaya.. !!
Abah Kabayan : kunaon kitu make bahayana, naha sok diucah-aceh ku batur.. ??
Ki Sunda : ih henteu, ngan bisi……..
Abah Kabayan : enya bisi naon atuh ?? ( bari kerung )
Ki Sunda : eta bisi………. ngagedean hutangna..!!.. hahahaahaha
Abah Kabayan : ditalapung siah ku abah..!! ( bari seserengkehan da najong batu )
heee.. hampura ah.. bah..
Ku : Ki Sunda Sawawa
Sunday, 8 May 2011
Gambarna Rasa
Jungjunan nu kapiasih...
Teu aya saur ti kapungkur, carita ti baheula, ku téga salira nyangsara jalmi anu leres leres micinta..
miceun tineung tidiri Akang..ngarawu asih tinu leuwih...
Nyai...
Tuh saksina gunung tilu.. lamu Akang jalir jangji..
Mun nyai tetep cangcaya... geura beulah dada Akang...
...
Ieu salah sahiji conto bahasa gambarna rasa, sok sanajan kaasup sederhana, tapi kawilang endah lamun seug dilenyepan..
Ku: Ki Sunda Sawawa
Saturday, 19 February 2011
Bedana Paribasa Jeung Babasan!
ku: Ki Sunda Sawawa
Lamun ngabandungan barudak ayeuna, jigana moal pati apaleun naon anu disebut Paribasa jeung babasan, kusabab kitu jigana aki perlu ngaguar hal anu kasebut di luhur, susuganan aya mangpaatna....
PARIBASA
PARIBASA
Nya eta salah sahiji wanda pakeman basa anu mangrupa ungkara winangun kalimah anu geus puguh entep seureuhna teu bisa dirobah boh unina boh tempatna atwa dilemeskeun anu ngandung harti babandingan atawa silokaning hirup manusa.
contona :
- Adat kakurung ku iga=tabeat nu geus hese dirobahna
- Beungeut nyanghareup ati mungkir=teu sarua jeung hate
- Batok bulu eusi madu= siga bodo tapi pinter
- Goong nabeuh maneh=muji atawa ngagulkeun sorangan
BABASAN
Nya eta salah sahiji wanda pakeman basa meh sarua jeung paribasa, ngan ari paribasa mah lain mangrupa kalimah tapi mangrupa kecap kantetan tur ngandung harti injeuman
Contona :
- Aku-aku angga= ngaku-ngaku atawa miboga barang batur
- Bobor karahayuan= katarajang apes, cilaka,atawa meunang kasusah
- Cacag nagkaeun= teu beres atawa teu alus lantaran mindeng katunda tuluy dihanca deui/diteruskeun deui
- Dibeuweung diutahkeun= dipikir dibula-balik
- Elmu sapi= guyub kana hal nu kurang hade
Cag heula we sakitu.. ke ka hareup sugan urang sambung deui..
Monday, 14 February 2011
Bingung
ku: Jaka Sunda
Aya hiji wanoja keur huleng jentul, ditanya ku babaturannana ..
Ceuk babaturannana..kunaon maneh teh bet huleng jentul wae..??
Jawabab eta wanoja: nyeta kuring teh keur bingung.. !!
Babaturannana : naha bingung ku naon..??
Jawab wanoja : nyeta aya nu mikahayang ka kuring, bari duanana oge geus baroga gawe, jadi bingung kudu milih anu mana..
Babaturannana : atuh pilih we lalaki anu gede gajihma, anu hiji deui keun we ka teteh keun..!! ( bari semu ngadongsok )
Jawab wanoja : nyeta nu jadi bingung teh, lalaki anu kahiji digawena tukang mulungan kuntung, lalaki anu ka dua digawena teh tukang baramaen, jadi bingung rek milihna..
Babaturannana : ah.. dasar gejul... boro dibandungan.. ( bari ngehkey seuri )..
cag.... hehe..
Ceuk babaturannana..kunaon maneh teh bet huleng jentul wae..??
Jawabab eta wanoja: nyeta kuring teh keur bingung.. !!
Babaturannana : naha bingung ku naon..??
Jawab wanoja : nyeta aya nu mikahayang ka kuring, bari duanana oge geus baroga gawe, jadi bingung kudu milih anu mana..
Babaturannana : atuh pilih we lalaki anu gede gajihma, anu hiji deui keun we ka teteh keun..!! ( bari semu ngadongsok )
Jawab wanoja : nyeta nu jadi bingung teh, lalaki anu kahiji digawena tukang mulungan kuntung, lalaki anu ka dua digawena teh tukang baramaen, jadi bingung rek milihna..
Babaturannana : ah.. dasar gejul... boro dibandungan.. ( bari ngehkey seuri )..
cag.... hehe..
Labels:
babasan,
bandung kota kembang,
bodor sunda,
dongeng bodor,
dongeng cawokah,
wanoja
Tuesday, 28 December 2010
Bahasa Sunda Nu Mernah
ku: Aki Panganpih
Sampurasun….
Barudak…..!! , jiganamah aki geus meujeuhna mémérés bahasa hidep, anu ku aki dibandungan, sakapeung mah sok pahili dina ngalarapkeunnana, tapi hampura, lain hartina aki leuwih pinter ti hidep, ngan ieu mah urang silih benerkeun, jeung silih talingakeun dina ngucapkeunana, diantarana aya anu disebut :
1. Bahasa cohag
nyaeta basa anu pangkasarna tina basa sunda.
biasa dipaké keur sato
contona: nyatu, tetegék, ngalebok, ngéwékeun, jeung sajabana
2. Bahasa kasar loma
nyaéta basa sunda kasar sahandapeun ti cohag.
biasa di paké lamun urng sunda keur ambek
contona: bangkawarah, jeung sajabana
3. Bahasa kasar
nyaéta basa sunda kasar sahandapeun ti loma.
biasa dipaké keur kolot lamun ngobrol jeung nu sahandapeun atawa barudak
contona: dahar, saré, sia, jeung sajabana
4. Bahasa sedeng
nyaéta basa sunda sapopoé.
biasa dipaké keur ngobrol jeung anu saumuran atawa bisa ogé dipake keur ngobrol jeung sahandapeun
5. Bahasa lemes
nyaéta basa sunda anu halus.
biasa dipaké lamun urang sunda ngobrol jeung kolot atawa anu saluhureun.
contona: tuang, kulem, jeung sajabana
6. Bahasa lemes pisan
nyaéta basa sunda anu paling halus.
biasa dipaké keur nyarios ka raja. tapi kiwari mah biasa dipaké keur maca du’a ka gusti Allah.
Sok tengetan, tuluy cobaan larapkeun dina caritaan.
Labels:
babasan,
bahasa halus,
bahasa kolot,
bahasa sunda,
diajar bahasa,
urang bandung,
urang sunda
Thursday, 23 December 2010
Moro Manuk
Kacaritakeun Jang Entis rebun kénéh geus mapay pasir di pilemburan rék moro manuk ku bedil angin, ngan geus nyedek ka burit teu sahulu-hulu acan manuk anu benang...
Nya turun wéh jang Entis téh niat rék balik, ngan di jalan manéhna nyimpang heula ka warung ceu Badriah nu anakna kembang désa di lembur éta.
Tadina jang Entis téh rék meuli bala-bala matak nyimpang ka warung ceu Badriah gé...ngan kusabab ningali aya mojang nu luis tur geulis..nya, rada lila jang Entis cicing di warung éta.
Teu kungsi lila nyi mojang nanya ka jang Entis
Nyi Mojang: “Timana kang, éta raray meuni léét ku késang, katinggalna capé pisan?”
Jang Entis: “Muhun Neng, Akang téh uih moro manuk, mung teu kéngéng..duka kamarana teu katinggal hiji-hiji acan!!”
Nyi Mojang: “Ah..atuh kang!! Masalah moro manuk mah..Abdi ahlina...hayu kuabdi ditunjukeun carana!!”
Éta Nyi mojang meuni sumanget hayang ningalikeun kaahlianna moro manuk ka jang Entis da memang jang Entis ge boga pameunteu nu lumayan kasép...
Disatukangeun ti éta aya nini-nini anu ngadéngékeun obrolan antara Nyi Mojang jeung jang Entis... malah waktu nyi Mojang jeung jang Entis indit gé éta nini-nini téh nuturkeun bari keketeyepan da sieun kapanggih...
Pondok carita....Nyi Mojang jeung Jang Entis geus tepi di pasir bari dituturkeun ku nini-nini..
Barang geus teupi...Nyi Mojang langsung gok cangogo di sisi gawir bari rada di déngkakeun palangkakannana...terus wéh calana jerona rada disingsatkeun ka belah gigir saeutik...sakur angin ngaliwat kana palebah bobogaanna nyi mojang éta mah sorana jiga sora ngahuit meuni tarik...malah mun kadéngéna ti kajauhan mah teu beda jeung sora hatong..
Da bener éta mah...jol cing tararojol manuk nyarampeurkeun kana sora nu ngahuit....Jang Entis atoh pisan da puguh manuk nu geus eunteup dina bobogaan nyi Mojang téh ngadadak jadi ralinek...manéhnamah tinggal newakan wéh terus asupkeun kana kurung.... Geus tangtu moal bisa lamun bobogaan Jang Entis disarupakeun jeung bobogaan nyi Mojang..meureun lamun téa mah jang Entis nurutan naon nu dipilampah ku nyi Mojang sorana lain ngahuit tapi “plak...plak...plak” da puguh laér bobogaan jang Entis mah...
Si nini nu geus lila ngintip..manéhna gé jadi panasaran “Mun sora budak ngora wae geus huhuit..komo sora nu kuring meureun!!” ceuk na pikir si Nini
Sa enggeus Nyi Mojang jeung Jang Entis turun ti pasir ....da puguh wanci geus ninggang sarepna..nya bagian si Nini ayeuna nu milampah sakumaha nu dicontoan ku nyi Mojang..... ngan geuning sorana lain huhuit tapi kalakah ngagebér jiga sora maung.. Antukna nu datang téh lain manuk tapi kalakah maung jaluna nu nyangka di geroan ku pamajikanna..barang rét ka si Nini “Wah kabeneran aya hakaneun di lebok siah ku ngaing!!!!!!!!!”
Matak sok aya paribasa : "Kari-kari nini-nini leungit sapeuting, isuk-isuk tai maung huisan"
Labels:
Abah Kabayan,
babasan,
banyolan,
bobodoran,
dongeng bodor,
dongeng cawokah,
moro,
Moro manuk,
ngala manuk
Subscribe to:
Posts (Atom)
