Showing posts with label wawangsalan. Show all posts
Showing posts with label wawangsalan. Show all posts

Sunday, 15 May 2011

TUNGGARA

T. ungkusan katresna
U. kur ngolebat ngajauhan
N. inggalkeun rasa katineung
G. ugupay lir pileuleuyan
G. udawang ngarakrak dada
A. tra guratna tapak tapak cinta
R. enghap napas pinuh tunggara
A. sih teh reuntas di jalan

Monday, 9 May 2011

Nyakseni Bulan Purnama


Bari ngitung wanci nu neuteuli..
Geuning salira téh ukur nundutan..
Salira ukur imut......unggeuk.....
Bari ngaharéwos rék maténi wanci ku ngimpi..
Emh.. nyai.. sugan teh rek marengan nyakseni bulan purnama..!!
...Ari rek heesmah.. di enggon we atuh ulah ngahalangan jalan..

 Cutatan : Ki Sunda Sawawa

Tuesday, 28 December 2010

wawangsalan



Barudak.. Aki nulis conto-conto kalimat anu nyumput dina wawangsalan
  1. Bangbung hideung panyeureudan = bangbara, maksudna = kilangbara.
  2. Ngabulu kawung, bulu kawung = injuk, maksudna = nganjuk.
  3. Moal aya nu monyét hideungna. Monyét hideung = lutung, maksudna = moal aya untungna.
  4. Geus ngembang boléd. Kembang boléd = atéla, maksudna = geus tétéla/ geus nyata.
  5. Budak ngembang tiwu. Kembang timu = badaus, maksudna = budak mawa karep sorangan, teu nurut kana papatah.
  6. Nyiruan genténg cangkéngna = papanting, maksudna = pulang anting/bulak-balik.
  7. Teu beunang diopak kembung. Opak kembung = kolontong, maksudna = teu beunang dientong-entong.
  8. Teu beunang disupa dulang. Supa dulang = kejo, maksudna = teu beunang dibebenjokeun.
  9. Beulit cinggir simpay tangan = ali,  maksudna = ulah lali
  10. Untun tipung tambang béas = laksa, maksudna = mugia pareng laksana.
  11. Hayang kapalupuh nangtung. Palupuh nangtung = bilik, maksudna = hayang kapimilik.
  12. Teu beunang dihurang sawah. Hurang sawah= simeut, maksudna = teu beunang dipikameumeut.
  13. Ngadahan peunggas = ngadorokdok, maksudna = ngadadak.
  14. Nganjing cai. Anjing cai = séro, maksudna = ngahéroan
  15. Belut sisit saba darat = oray, maksudna = kapiraray, kagambar baé dina ingetan
jeung rea rea deui...

Saturday, 18 December 2010

Cinta

 ku : Ichigo Ichanx Roises

Upami cinta nuju *bersemi* cacing ge rasa *sarimi*
Upami cinta nuju *berkembang* ti teuleum *ngambang*
Upami cinta nuju *rindu* ti kotok ge asa *bolu*
Upami cinta *ngarasuk* ti embe ge rasa *suuk*
Ceuk si dodo bari heuay

Thursday, 16 December 2010

Karunya Ka Kisunda

 Ku : Ki Ais Pangampih

Sok karunya ka Ki Sunda..
Ayeuna teu walakaya..
Henteu bisa merbayaksa
Sabab gawena rohaka
Numpuk pisan na Mejana

Di tempat gawe nu anyar
Teu bisaeun balangsiar
Era ku dunungan anyar
Tungtungna mah humandeuar
Mencet sirah jiga jangar..

Hapunten ah.. ka ki sunda..!! Wilujeng nanghunjar lambar... hehehe
Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...