Showing posts with label mojang priyangan. Show all posts
Showing posts with label mojang priyangan. Show all posts

Friday, 4 March 2011

DI URUT

ku: Möjåñg Prìyåñgäñ

Hiji dinten ma Erot mulih ti pasar ngagaleuh sampeu, ditaros ku kisunda
Kisunda: "Ma, meser sampeu sabaraha kilo?
Ma Erot: "Sakilo"..
Kisunda: "Naha ngan sakilo, sanes dua kilo"?
Ma Erot: "Tenang ku Ema urang urut jadi dua kilo"
Kisunda??

Monday, 17 January 2011

Pajuang



Pasosore di forum keur ngobrol bari ngawadul
Abah kabayan : "Tah abah mah kieu- kieu milu bajoang basa zaman revolusi baheula, malah basa jaman DITII abah mah milu pager betis, tah buktina tatu na tonggong abah" ( bari nembongkeun tatu na tönggöngna)
Kisunda: "Urut granat eta teh bah?"
Abah : "iih lain.."
Jaka : "Ooh..tilas katembak bedil?"
Abah : "Lain.."
Kisunda: "Ari eunggeus urut naon atuh?
Abah : "Tah mun tatu anu leutik urut cacar, mun nu gedé urut bisul.."
Kisunda+jaka:?¿

Tuesday, 11 January 2011

ANTENE



Dina hiji wengi Kisunda nuju nonton TV
Chenel 1. Film kuntilanak
Chenel 2. Film drakula
Chenel 3. Film pocong

Kisunda manggil Kang Jaka,: "Jaka naha acara TV téh bet horor kabéh, cik tinggali antenena malik kamana?"
Jaka: "ka kuburan"
Kisunda: Oh..meren atuh, cik pang malikeun cina ngarah ka KODIM sugan we aya film rambo"
Jaka: "Mening ka kolam renang ki, sugan we aya film...17 Th keatas..hihi

Tuesday, 28 December 2010

LAMUN JADI PRÉSIDÉN



Dongeng Mojang Priyangan

Abah Kabayan: "Cik abah rék nanya lamun kisunda kaparengkeun jadi PRÉSIDÉN boga frogram naon keur ngamajukeun nagara Indonesia?”

Kisunda:"Wah lamun aki jadi présidén rék ngalaksanakeun program,... Kahiji widang Ékonomi kabéh anu ngagur rék dibéré gawé, aki2 jeung  nini2 arék di pansiun,.....Kadua widang insfratuktur arék nyieun jambatan antar pulo,....Katilu widang hukum anu koruptor rék di hukum sabeurat beuratna, teu pira rék dititah nyuhun batu 5 kwintal 10 jameun, ........Ka opat widang olahraga, keur kamajuan PSSI rék ngolo présidén Inggris sangkan timnas inggris daék jadi WNI,....
Cik ari Abah lamun jadi présidén rék kumaha?” (bari légég hayang  disebut pinter)

Abah Kabayan: "Ah, abah mah moal loba... hiji wéh tapi geudé manfaatna"

Kisunda: "Cik naon?” (nganggap remeh)

Abah Kabayan: "Abah mah begitu dilantik soréna rek ngarujuk Kisunda ka rumah sakit jiwa, lantaran hariwang ngalamuna tarik teuing"

Kisunda:”..!¿?$ (Amek bari kekerot)

DASAR TEU NASIONALIS

 Dongeng Ku : Mojang Priyangan

Tadi peuting ngadadak jempling satutasna tim maen bal Indonesia eleh ku Malaysia
Karek ge acara rengse aya anu aneh di imah na Abah kabayan mah
Kadenge surak eak eakan..

Kadenge, Nyi Iteng suraak kitu deui Abah kabayan mah teu sirik na ajrag ajaragan bangun anu atoh pisan.. Puguh we keur tatanggana mah aneheun batur sedih ari ieu mah ngadon susurakan
Keur Kisunda minangka tatangga deukeut ngarasa keuheul baturmah muyung ieu ngadon susurakan
Teu antap warah kisunda ngajorak ka imah Abah kabayan bari pok "Dasar sia mah teu nasionalis ngadon ngadukung malaysia,."

Ngadadak Abah repeh tuluy nanya " Eeh nya saha anu ngadukung malaysia ?"
Kisunda: "Ari nyaneh bieu batur sedih kalah surak jiga anu atoh"
Abah : "Heuheuy deudeuh na da Abah mah teu lalajo bal, tapi keur ngintip beurit asup kana senteg, nya blus teh asup..heuheu..kuring atoh geus 3 jam ngadepong ngintip..pek hasil..hehe
Kisunda ngaleos campur gendok..Cag ah..

Friday, 24 December 2010

BEDA KAYAKINAN

Dongeng ku Mojang Priyangan


Abah :"Kisunda kunaon bet batal nikah?
Kisunda : "Nyeta kuring jeung kabogoh beda kayakinan"
Abah : "Ooh..beda agama maksadna?"
Kisunda : "Sanes, beda kayakinan wungkul. Aki yakin aki teh kasep. Tapi kabogoh aki teu yakineun."
Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...