Showing posts with label papatah. Show all posts
Showing posts with label papatah. Show all posts

Thursday, 10 March 2011

Papatah Kisunda

Mungguh hirup laki rabi
Lir kapal jero jaladri
Garwa minangka layarna
Carogé lir juru mudi
Di lautan satujuan
Sapapait samamanis

Guruan mah lauk laut
Sanajan caina asin
Awakna teu katépaan
Mandiri dina pribadi
Mangpaat keur anu lian
Jadi pamungpungan asih
 
(Catetan Ki Sunda Sawawa)

Monday, 3 January 2011

Mapag Taun Anyar



T. euteup jalan sorangeun pikahareupeun..
A. nu katukang omat sing jadi eunteung
U. lah ngan ukur kabawa ku tradisi jeung kabiasaan
N. gabagéakeun taun anyar ku hal anu teu munasabah

B. aca diri katut kulawarga urang
A. nu kungsi kalakonan dina ngeusian taun nu kaliwat
R. umasakeun yen urang teh mahkluk nu lemah/dhoif
U. ulah ukur kabawa ku cileuncang kasarakahan
Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...