Saturday, 29 January 2011

Ngagedebut!!


 
Caritana keur jongjon lalajo TV, kadenge aya anu ngagedubut tarik pisan di kamar anakna, indungna reuwaseun pisan, tuluy nanyakeun ka anakna anu keur aya di kamar : " Sujang aya naon, mani ngagedebut kitu..?? "
anakna di kamar nembalan : " ah.. ma teu aya naon naon, ieu simbut ragrag..!! "
Indungna nanya deui : " naha ragrag simbut mani ngagedebut kitu ?? "
Anakna ngajawab ti kamar bari teu kireum kireum : " pan dina simbutna aya abdian..!!
Indungna bari jejebris nyarekan : si wewelek siaaah..ka kolot teh ngaheureuyan..!!
( meunang nyutat tinu sejen )

Thursday, 27 January 2011

Balap ngala hurang



“Nyi urang balap ngala hurang yu..!!” ceuk salaki ka pamajikannana..

“Hayu..!! ngan kira kirana akang bakal meunang kitu ngalawan abdi..!?” jawab pamajikannana.

“Ah... nyi akang mah geus puluhan taun ngala hurang teh, jadi geus apal kumaha carana.”

Teu lila der weh eta salaki jeung pamajikan téh ancrub ka walungan.

Bener pisan éta salakina teh estu ahli pisan ngalana, karék sakeudeung ogé geus loba beubeunangannana.

Salakina nanya ka pamajikannana bari ngareret : " nyi naha ngala hurang téh ngadon cicing waé, geus beubeunangan..??

Pamajikannana ngajawab : “ieu ogé keur ngala akang.. ngan can kaciri beubeunangannana..!!”

Ceuk salakina : " nyi enggeus wé lah, da sidik akang nu meunang mah " .. bari hanjat ka darat, tuluy nambrukeun hurang hasil ngalana. Bener ditingali téh, moal kurang ti satenganh kiloeun, cacakan karék sababaraha menit.

Ceuk salakina : " nyi gancang hanjat.. da ngala bari cicing kitu mah rék beubeunangan kumaha atu..!!”

Teu lila eta pamajikannana hanjat ti walungan. Ma'lum jeung salakina, éstuning teu ragab da geus biasa.

Na atuh barang salakina ningali pamajkanana hanjat, panonna mani burial buncelik semu nu kagéteun, sabab dina awakna pamajikannana mani utey hurang wungkul. Sabada digibrigeun teh, teu kurang ti sakiloeun lobana.

salakina bari olohok ngomong ka pamajikannana : " nyi.. rumasa akang éléh, teu sangka geuningan nya hurang mah resep pisan kana anu hanyir hanyir ..!! “bari seuri nyakakak..

pamajikannana nyéréngéh bari ngomong : " nya akang, matak ulah ngoa ka awéwé mah..

( punten rada cawokah sakedik ).. hahahahah

Katipeng!


Abah: "Nyi, naon ieu nu dina piring baruleud hideung?"
celeungkeung abah nyeuleuweung ka si Nyai nu keur ngalicin di tengah imah.

Nyai:"Oh..étamah asem bah, kanggo engké ngarujak asem!" ceuk si Nyai bari sarua nyeleungkeung

Abah: "Meunang diasaan nyi!!!?"

Nyai: "mangga wé bah diraosan da moal janten matak!!!

Abah:"bener nyi asem teh rasana haseum semu pait deuleun!!" bari camuil-camuil da ngeunah meureun.

torojol si Nyai ka dapur rék ningali pamolah si Abah.

Nyai:"Bah éta mah sanes asem..da asem mah tuh nu dilebet boboko!

Abah:"ari nu di dahar ku abah naon atuh?"

Nyai:"ehehehe...éta mah........tai ucing....tadi ku Nyai teu acan ka piceun da kaburu jongjon ngalicin"...

Abah:"Astahiyaaam......ari maneh..naha tai ucing disimpen na piring"

Nyai: "da ongkoh na gé eta mah piring kanggo obat nyamuk bah!"

cag!!

Monday, 17 January 2011

Sasalimpetan



Gunung gunung jujumplukan
Pasawahan héjo lémboh
Curcor cai kahuripan
Walatra tur karaharja..

Saung lisung tutunggulan
Haleuang bujang jeung lanjang
Sempal guyon gogonjakan
Daratang ka pilemburan..

Sasasalimpetan duh ieuh.. sasasalimpetan
Urang rék rerencepan
Patepung paduduaan..
Sasasalimpetan duh ieuh.. sasasalimpetan
Urang rék rerencepan
patepung dibalé nyungcung.

Tepis wiring nu lungkawing
Kasilir angin ti lamping
Angin tingtrim ngahariring
Hariring tilam ka eling..

Pucuk awi lir gugupay
Gugupay.. gupay manéhna
Pucuk ati na salempay
Salempay tilam katresna

Pajuang



Pasosore di forum keur ngobrol bari ngawadul
Abah kabayan : "Tah abah mah kieu- kieu milu bajoang basa zaman revolusi baheula, malah basa jaman DITII abah mah milu pager betis, tah buktina tatu na tonggong abah" ( bari nembongkeun tatu na tönggöngna)
Kisunda: "Urut granat eta teh bah?"
Abah : "iih lain.."
Jaka : "Ooh..tilas katembak bedil?"
Abah : "Lain.."
Kisunda: "Ari eunggeus urut naon atuh?
Abah : "Tah mun tatu anu leutik urut cacar, mun nu gedé urut bisul.."
Kisunda+jaka:?¿

Tuesday, 11 January 2011

ANTENE



Dina hiji wengi Kisunda nuju nonton TV
Chenel 1. Film kuntilanak
Chenel 2. Film drakula
Chenel 3. Film pocong

Kisunda manggil Kang Jaka,: "Jaka naha acara TV téh bet horor kabéh, cik tinggali antenena malik kamana?"
Jaka: "ka kuburan"
Kisunda: Oh..meren atuh, cik pang malikeun cina ngarah ka KODIM sugan we aya film rambo"
Jaka: "Mening ka kolam renang ki, sugan we aya film...17 Th keatas..hihi

Ki Sunda Sawawa

K alangkang umur anu terus ngukuntit
I barat sang surya anu beuki lila beuki surup
S anajan maksa menta waktu hayang reureuh
U kur kahayang nu mustahil bisa kasorang
N gan ukur bisa nyawang lalakon kahirupan
D ilimpudan rasa was was
A.nu katalimbeng cucuk kahirupan

S ok meungpeung masih aya kasempetan
A ya paribasa umur mah diudag udag waktu
W anci teh ngan ukur sakolepat
A nu hamo bisa balik deui
W ayahna sing getol nya ibadah
A. mbeh salamet dunya akherat..

SI BOHIM



 
"Mun teu dipangmeulikeun...awas siah....montong balìk ka ìmah....!!!" Ceuk INOT bari ngagablogkeun panto.


BOHIM anu nangtung diburuan teu loba omong, manehna sadar yen pamajikannana geus moal bìsa di olo, moal bisa dibebenjokeun....kapaksa manehna kudu meuli kapiting kahayang nu jadi pamajikannana...dahareun anu manehna ogé can kungsi nyaho rasana..

Bohim ngagedig indit kakota...barang rek asup ka warung nu ngajual kapiting...manehna ngarengkog....lantaran dijero warung aya si ALEK jeger batak nu kasohor beuki duit tur telenges mun pamentana teu ditedunan....

euweuh nu wanieun ka si ALEK mah kabéh ogé...

Keur ngahuleng pentaseun warung...lar KEMED ngaliwat...tuluy nanya ka BOHIM nu keur hulang-huleng....

Sanggeus dijelaskeun... KEMED kalah ngagakgak...

- KEMED : "Sìa mah jalma borangan him...! Yeuh si alek mah sieuneun ku dewek mah..! Boro-boro dicarekan...dikompolan gé ku aing mah moal wanieun ngambek...!!"

- BOHIM : " lah sia...! Ngawadul téh teu kireum-kireum...!!

-KEMED : " Bener aing mah..! Sok taruhan dua ratus rebuan jeung aìng teu percaya mah...!!

Ngadenge taruhan, BOHIM curinghak, lantaran karesepna, katambah kamari basa final indonesia malasia manehna eleh taruhan ku KEMED 200 rb...lakadalah ayeuna cenah waktuna bales dendam....da ceuk pikirna, mustahil si ALEK make sieuneun ku si KEMED...komo maké daekeun diki-ihan sagala mah...

Mun si KEMED jadi aduy digaley si ALEK kakara cenah kaharti..

BOHIM teu mikir panjang...duit ladang ngajual hayam keur meuli kapiting anu ngan dua ratus rebuna téh...gìlig rek dipaké taruhan...da pikirna yakin bakal meunang...

malah lantaran hayang puas ceuk BOHIM : " jadi siah taruhan jeung dewek...! Tambahan siah...duit dua ratus rebu,..nu eleh kudu ngalamotan korong nu meunang..,!!"

"sok siah...jadi..!!" jawab KEMED saklek...

Sanggeus duanana sasalaman..

KEMED asup ka warung nyampeurkeun si ALEK nu keur diuk nyanghareupan meja bari mabok...

Tikajauhan pentaseun jalan BOHIM ningalikeun bari beungeutna marahmay, lantaran yakin kemed bakal eleh taruhan,.. manehna bakal meunang duit teu puguh-puguh duaratus rebu...

BOHIM nyarandé kana tihang bari heheotan..

Dijero warung...KEMED nyarita ka ALEK yen dirina boga kaahlian bisa ki-ih diasupkeun kana botol tikajauhan...bari moal ngacrét kaluar saeutik-eutik acan...tuluy kemed ngajak taruhan saratus rebuan...

ALEK teu percaya...maenya euweuh nu ceret sakeclak-keclak acan...manehna satuju taruhan da memang karesepna...tuluy nyokot botol...sok ditunda dina luhur meja hareupeunnana...supaya katingali cenah mun aya anu ngeclak kaluar...

KEMED ngalacat naek kana korsì...kira-kira aya kana sameterna tina botol....

tuluy ngaluarkeun boboga-annana...teu antaparah wér ki-ih dipancerkeun kana lebah botol anu aya hareupeun si alek....kemed ki-ìh ngahaja diacer-acer kaditu kadieun...malah ngahaja diacerkeun kana beungeut si Alek sagala...tapi si alek kalah ngagakgak sabab manehna bungah meunang taruhan bakal nampa duit saratus rebu teu puguh-puguh...

Beres ki-ih...kemed mayar saratus rebu ka alek anu gagalakgakan keneh...

Tuluy kemed nyampeurkeun bohim anu titatadi ningalikeun pentaseun jalan...

Bohim ngeleper bari pìas...kabayang ku bohim gurihna korong kemed...jeung kacipta manehna bakal disidang ku INOT pamajikannana...

Monday, 10 January 2011

ANTÉNE



Dina hiji wengi Kisunda nuju nonton TV
Chénel 1. Film kuntilanak
Chénel 2. Film drakula
Chénel 3. Film pocong
Kisunda manggil Kang Jaka,: "Jaka naha acara TV téh bet horor kabéh, cik tinggali anténena malik kamana?"
Jaka: "ka kuburan"
Kisunda: Oh..meren atuh, cik pang malikeun cina ngarah ka KODIM sugan wé aya film rambo"
Jaka: "Mening ka kolam renang ki, sugan wé aya film...17 Th keatas..hihi"

Friday, 7 January 2011

Kembang Balébat



Bagéa kembang balébat
Di taman mandalapurwa
Naon bacaeun ayeuna
Maca beurang.. ku beurangna
Ngaji peuting.. ku peutingna
Dereseun na papantunan

Da hirup ngan sakolépat
Di udag udag balébat
Ditutur tutur ku layung
Ngalungsar diperjalanan
Engké atawa isukan..
Duka téh teuing...

Di langit Bandung Bulan keur mayung



Jang peuting geus ngalingkup
Ngarungkupan dayeuh bandung, anu hibar sinar lampu

Panto haté geus narutup
Mipindingan kawih asih, anu halon tur halimpu..

Geus paanggang geuning urang pajauh
Rek kasaha diri nyungkem nyalu'uh

Nu disungsi geuning nu diteangan
Duh ieung teu tembong tembong, geuning taya ngiberan

Di lalangit.. langit bandung
Ngempur hurung, bulan keur mayung..

Di lelemah.. lemah bandung
Kapidandung... kapidangdung..diri ditundung...

Hariring Nu Kungsi Nyanding



Purnama nu kungsi nyanding
Ayeuna urang ditepangkeun deui
Anu kungsi kapiati
Kiwari datang ka buruan deui

Hariring nu kungsi nyanding
Ayeuna datang ngahaleuang deui
Hayu pataréma leungeun
Cacapkeun meungpeung aya kasempetan

Ayeuna mangsa nu éndah
Hayu urang suka bungah
Caang bulan opat belas
Narawangan ati bangblas

Pupuh Asmarandana


( lagu keur barudak )

Lagu ka 1

Éling-éling mangka éling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan baé
Raga taya pangawasa
Lamun kasasar lampah
Napsu nu matak kaduhung
Badan anu katempuhan

lagu ka 2
 
Eling-eling murangkalih
Kudu apik jeung berséka
Ulah odoh ka panganggo
Mun kotor geuwat seuseuhan
Soéh geuwat kaputan
Ka nu buruk masing butuh
Ka nu anyar masing lebar

lagu ka 3

Nu rujit mawa kasakit
Mawa cela ka salira
Katénjo ku batur awon
Tungtungna urang dihina
Ku pada babaturan
Batur téh geus tangtu embung
Babarengan eujeung urang

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...