Thursday 26 July 2012

Wasiat konglomerat

lamun apih paeh
pangbungkuskeun ku salambar boeh
ladang ngeleketek
tina rupa"proyek

lamun apih nemahan pati
pang meserkeun padung jati
ladang ngumpulkeun komisi
jeung rupa"korupsi

kontrak" nu can di teken
jeung SPK_SPK nu can dilaksanakeun
awurkeun luhuran paesan
na tetengger heg tulisan
Apih konglomerat tauladan

Tuesday 17 July 2012

Nalungtik Bahasa Sunda - Istilah dina bahasa sunda nu ampir tilem


GEREMBEL:
Kumpulan tatangkalan nu rada rembet, tapi teu biasa dipake nyumput sasatoan

GUPITAN
: Jalan heureut (sarupa jalan satapak) antara dua lamping

HUNYUR
: Imah rinyuh atawa taneuh nu mucunghul, pasir leutik

HUM
A : Sawah darat, kebon nu dipake melake par tur tara dikocoran cai

JALAN HUNI
: Lolongkrang tincakkeun antara pepelakan di kebon

JALAN JAJAHAN
: Jalan gedenu bisa dipaké ngaliwat kandaraan

JALAN SATAPAK
: Jalan nu ngan bisa diliwatan ku jelema

JONTOR
: Taneuh anu nyodor ka laut

JUNGKRANG
: Legok anu jero sarta gurawes

KUBANGAN
: Tempat nu ledok
(biasana di sawah atawa di balong) paranti mandi munding

KAMALIR
: Jalan cai leutik

KOBAKAN
: Lobang di tegalan anu aya caian

KEREES : Tempat di sisi walungan anu réa keusikan

KEBON
: Taneuh darat nu dipake melak rupa-rupa pepelakan

LANDEUH
: Taneuh atawa tempat nu leuwih handap ti tempat urang cicing

LEBAK
: Tempat nu leuwih handap

LENGKONG
: Tempat legok jeung jero di antara dua lamping

LAMPING
 : Tempat di gunung antara puncak jeung tutugan

jeung saterusna...

ku: Kisunda Sawawa di Forrum PUGER's Pasundan

Tuesday 26 June 2012

Ngobrol di FB nu Paling Seru

Sanajan antara status jeung nu komen teu nyambung, tapi sanggeus di tilik-tilik rame oge ieu barudak ngarobrol, jiga nu pakieu-kieu.....
pek tinggal gambarna di handap ieu:


Tuesday 17 January 2012

Gupay kamelang nyarungsum kalbu

Gupay kamelang marengan lengkah panjang
Nyarungsum kalbu kebek kabingung
Hate seja neang kaheman nu lawas ilang
Kiwari ukur tinggal rasa kagandrung

kamana kedah ngungsikeun kanyeri
nu kapatri dina ati sanubari
mungguh diri katalimbeng tunggara
kasarung dileuweung baluweng

Diri seja nyungsi kadeudeuh baheula
nu ayeuna duka dimana ngancikna
katineung teu weleh manteng
Naha katresna masih manjing jeung endahna


Di tempas ku......

teu kedah ngumbar tibelat
wakca ngedalkeun rasa nu miragadenda
da hirup mah estuning diugung ugung ku payung
diamprok amprok ku alok,,,

tuh geura tingali,,,
tampian masih keneh angger nu baheula
minuhan kalangkang jampana rasa
ramisak ngantos galindeng soanten salira
nyangkeh pageuh nyangcang kageugeut

Saturday 14 January 2012

Lembur kuring

Mangsa wanci geus reup reupan..
Halimun gunung mimiti nyimbutan lembur..
Tongeret lir mere tanggara..
Marengan hibarna cahaya layung..
Mapag datangna indung peuting

Kuring ngajanteng salila lila..
Neuteup runggunukna pilemburan..
Nu kalingkung ngeplakna pasawahan..
Tempat kuring reureuh..
Tempat kuring macangkrama jeung baraya..

Lembur kuring...
Sanajan ayana di tepis wiring..
Kuring bagja...
Dilahirkeun di sarakan pamidangan..
Nu nyuguhkeun katengtreman..
Waas...
Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...