Saturday 18 December 2010

PANGGIH JEUNG KUNTI

Dongeng  Abah Kabayan

Harita malam Jumaah kliwon bari poék mongkléng, Astahiam (Adi abah) ngaliwatan tangkal randu nu aya di pangairan...harita manéhna rék indit ka dayeuh bari ngagoés sapédah ontél

Ari belegbeg téh aya kunti ngajirim handapeun tangkal randu, buukna rewig maké baju bodas carang.

Dasar si Astahiam, manéhna can pernah panggih jeung kunti, disangkana éta Nyi Kunti téh awéwé beleger... dideukeutan éta kunti bari pok nyarita “Néng nuju naon wayah kieu wawantunan nyalira dinu poék, ....teu siuen jurig?”..

Éta kunti ngajawab “Pan kuring jurigna, naha manéh teu sieun!

Ulah munah-manéh, akang kituh supados kadanguna romantis!” kituh ceuk si Astahiam bari seuri hayang katanggap tiditunamah.

Nyi kunti héraneun..naha ieu jalu téh teu sieun ku jirim-na, teu panjang pikir nyangka Nyi kunti si Astahiam téh sajenis jeung manéhna matak jol seuri nyikikik...”geuning teu disangka-sangka panggih ogé jeung kunti nu jaluna”, ceuk pikir Nyi Kunti.

Néng, tos tuang teu acan??” si Astahiam nanya...

Teu acan kang!”, ceuk kunti jiga nu manja...

Hayu atuh urang tuang jeung Akang di warung ceu kokom!” ceuk si Astahiam ngolo.

Teuing ngimpi naon éta Nyi Kunti, neupi ka rék di traktir ku si Astahiam..

Mening di léstoran kang!, tos lami abdi teu tuang di léstoran!!” ceuk Nyi Kunti .

Hayu atuh, Enéng di boncéng ku Akang” ceuk si Astahiam bari séséréngéhan...

Sa enggeus tepi ka léstoran, nya puguh éta Nyi kunti asa ditonjok congcot, jol anekak hareupeun meja nungguan pesenan. Nya saha deui nu mesen ari lain si Astahiam mah...

Neng, hoyong naon?” ceuk si Astahiam

Kasedep Enéng mah, pais hayam, balakutak, sate, rolade,.........” ceuk Nyi kunti ditataan hiji-hiji nepi ka aya dua ratus rupana....

Ningali pesenan nu sakitu lobana, rada jangar otak si Astahiam kusabab dina sakuna ngan aya duit sapuluh rebu ... nepi antukna manéhna sadar, yén nu diajak dahar téh sihoreng jurig kunti...tapi teu éleh gélé barina gé da can kanyahoan ku Nyi Kunti

Gelo..pantesan sagala di tata, geuningan nu ajak dahar ku uing téh jurig kunti kalaparan...Aing kudu gancang-gancang kabur, saméméh katohian!” ceuk gerentes haté si Astahiam

Ngadak-ngadak manéhna boga idé.....

Neng, Akang badé kapengker heula nya...teu kiat hoyong miceun!!” bari api-api kuram-kireum

Mangga Kang!” ceuk Nyi Kunti teu aya curiga....

Lila Nyi Kunti nungguan si Astahiam balik ti cai, nepi ka aya dua jam-na... antukna nu boga restoran nagih, da puguh kaciri geus béak pabalatak urut tuang Nyi Kunti...

Ké Ceu...!! ngantosan nu nraktir abdi nuju ka cai heula sakedap” ceuk Nyi kunti ku can aya curiga kénéh.

Lalaki Nu sareng Enéng tadi?” ceuk nu boga restroan, ‘unggeuk’ Nyi Kunti téh bari rada kesel.....

kabayang wéh nungguan bari diuk dua jam teu nangtung-nangtung..... mun jeleuma mah geus meureun singsireumeun...untung JURIG!

Si Ujang nu jeung Enéng mah tatadi gé geus balik, malah lumpat ngaberebet jiga nu diudag anjing!!..tuh sapédah na gé tinggaleun!” ceuk nu boga restoran ngabéjaan...

Kacida teuing éta si akang, rek nipu kuring meureun...untung kuring masih boga kénéh duit sésa kamari!” ceuk Nyi Kunti ngubaran manéh.

Sabarahaeun kabéhna Ceu??” ceuk Nyi Kunti ...

Sa juta dua ratus-eun Neng!”, ceuk nu boga réstoran, da puguh nu dituang ku Nyi kunti mah hampir kabéh kapapay...

Oh... untung aya dua juta deui”... ceuk Nyi Kunti bari ngahelas...

Ieu..ceu angsulan dalapan ratus!” bari ngaluarkeun duit...

Duit naon ieu?? Ieu mah daun karakas lain duit!!... nu beneur atuh néng bisi dilaporkeun ka pulisi!!” ceuk nu boga réstoran ngambek..

Sihoréng duit nu dipaké ku kunti mah geuningan tina daun karakas..... nya uguh moal payu rék dijajankeun di alam manusa mah...

Ku sabab éta Nyi kunti teu bisa mayar urut dahar-na...nya kapaksa Nyi Kunti meunang hukuman ti nu boga réstoran, nyaeta dititah ngumbahan wadah hsabregbregan neupi kabérésna.........

Kacaritakeun...sababaraha poé ti éta kajadian...si Astahiam ngaliwat deui ka tangkal randu tempat ngancikna Nyi Kunti...ngan Nyi Kunti geus teu kaciri deui jirimna..da sihoréng tangkal randu-na di sita ku nu boga réstoran.. nu antukna Nyi Kunti jadi béré maén di hareupen alun-alun Bandung....

Karunya teuing Nyi Kunti...na nasib téh meuni goréng-goréng teuing....

(tamat)

6 comments:

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...