Saturday 7 January 2012

Sajak patempas tempas " anteng ngumbar sawangan"


Anteng ngumbar sawangan
mangsa layung hibar mayungan
hate nyoreang kanu anggang
ngajugjug kanu dipigandrung

ngolebat dina lamunan
salira nu kapitineung
ngaharewos nitipkeun kamelang
ngahriring kawih nu maranti

Dina ayunan kasono
urang patepung lawung
ngagupay rasa pinuh kawaas
silih rangkul kahoncewang

citangis mapaesan rasa
ngawengku jeroning kalbu
ngemu katunggara nu pohara
midangdam katresna nu ilang sirna
Marwan De
ti anggang nitip kamelang
ku wujud kidung katineung
marengan hiliwir na angin peuting
mawa ratug kapidangdung.
Ki Sunda Sawawa
marengan hibarna layung nu mayungan lembur,,
hate nyeredet dibarung ratugna jajantung
nu kagambar na kalangkang sawangan
kiceupna nyi mojang lenjang nenggorkeun imut pangirut
ayeuna datang nembongan,,

hanjakal,,,
datangna layung ngan sakedapan
tilem ku digjayana peuting
marengan leosna nyi mojang
duka kamana,,,,,,
Bibie Dayank
simpena peuting mepende hate
kasilir ku hiliwir angin barja
kapireung hariring tineung
ngagalura dina wirahma tunggara

wilujeng wengi kang Marwan De,,,

Duh Enung....
mung salira nu dipikacinta
raray anjeun ucang angge dina kongkolak panon
bluk nangkuban asa dihandapeun blak nangkarak asa diluhureun....

heuheuehueheuheu...
Bibie Dayank
kolepat sumirat gumubyar
mapaesan wanci nu endah
sawangan mapay panineungan
ka mangsa tepung munggaran
aya harewos pinuh deudeuh
marengan datangna paturay tineung
Bibie Dayank

duuh engkang,,
salira nu janten panutan rasa
siang wengi kaimpi impi
kapidangdam unggal waktu
nembongan dina sagala lamunan
heuheuuy deudeuuh,,,
Marwan De
Peuting teh,
ngalempay panjang, jungjunan
hate ngalenghoy disangkeh simpe
basa imut salira nutup lamunan
sajung jungeun diri hiber nemonan mawa katresna.
Sujang Surandi Riweuh

Enung.....
kunaon anjeun bet sulaya
katresna nu kungsi ngait
palid kabawa caah, nyangsang dimana boa
ranggeuyan kaheman, ayeuna garing tinggal regangna....
duh Enung.....
Bibie Dayank
liwung gandrung ku salira
honcewang pinuh kamelang
sok inggis mamanis ilang sarina
mungguh diri urang paanggang

duuuuh kumaha jadina kang Marwan De,,? he he
Bibie Dayank
duuuuuuuuuuuh engkang,,
teu wasa diri sulaya jangji
taya niat ngolembarkeun pasini
geuning duriat pegat kageugeutna
kaheman laas wening asihna

alah ieuuuung kang Sujang Surandi Riweuh
Ki Sunda Sawawa
sanajan ukur kokolebatan
urang kungsi patepung paadu teuteup
harewos anjeun ngagalindeng pinuh wirahma
ubar keur diri anu kalangsu
sanajan nganl ukur sabengbatan
Bibie Dayank
kabengbat rassa tibelat
sumeblak hate gumulung kapidangdung
ramo kanyaah nyimpaykeun tali duriat
nungtun kalbu ka mumunggang katresna
Dicutat ti Forrum PUGER's Pasundan postingan kaping 5 Januari 2012

2 comments:

  1. hapunten anu kasuhun.rehna tos kumawantun. kujalan akang ngiringan'henteu aya kasopanan rumaos kirang didikan, seratan nu salajengna,akang rumasa ,mika resep bahasa sunda,akang maca nudibahas tea,akang moal leupas tina du.a,muga aya manfaatna ,kanggo urang balarea, hatur nuhun , KANG ROBET,

    ReplyDelete
  2. sae kang puisina,..abdi oge hoyong ngadamel puisi sapertos kitu tapi teu tiasa

    ReplyDelete

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...