Thursday 27 January 2011

Balap ngala hurang



“Nyi urang balap ngala hurang yu..!!” ceuk salaki ka pamajikannana..

“Hayu..!! ngan kira kirana akang bakal meunang kitu ngalawan abdi..!?” jawab pamajikannana.

“Ah... nyi akang mah geus puluhan taun ngala hurang teh, jadi geus apal kumaha carana.”

Teu lila der weh eta salaki jeung pamajikan téh ancrub ka walungan.

Bener pisan éta salakina teh estu ahli pisan ngalana, karék sakeudeung ogé geus loba beubeunangannana.

Salakina nanya ka pamajikannana bari ngareret : " nyi naha ngala hurang téh ngadon cicing waé, geus beubeunangan..??

Pamajikannana ngajawab : “ieu ogé keur ngala akang.. ngan can kaciri beubeunangannana..!!”

Ceuk salakina : " nyi enggeus wé lah, da sidik akang nu meunang mah " .. bari hanjat ka darat, tuluy nambrukeun hurang hasil ngalana. Bener ditingali téh, moal kurang ti satenganh kiloeun, cacakan karék sababaraha menit.

Ceuk salakina : " nyi gancang hanjat.. da ngala bari cicing kitu mah rék beubeunangan kumaha atu..!!”

Teu lila eta pamajikannana hanjat ti walungan. Ma'lum jeung salakina, éstuning teu ragab da geus biasa.

Na atuh barang salakina ningali pamajkanana hanjat, panonna mani burial buncelik semu nu kagéteun, sabab dina awakna pamajikannana mani utey hurang wungkul. Sabada digibrigeun teh, teu kurang ti sakiloeun lobana.

salakina bari olohok ngomong ka pamajikannana : " nyi.. rumasa akang éléh, teu sangka geuningan nya hurang mah resep pisan kana anu hanyir hanyir ..!! “bari seuri nyakakak..

pamajikannana nyéréngéh bari ngomong : " nya akang, matak ulah ngoa ka awéwé mah..

( punten rada cawokah sakedik ).. hahahahah

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...