Tuesday 11 January 2011

SI BOHIM



 
"Mun teu dipangmeulikeun...awas siah....montong balìk ka ìmah....!!!" Ceuk INOT bari ngagablogkeun panto.


BOHIM anu nangtung diburuan teu loba omong, manehna sadar yen pamajikannana geus moal bìsa di olo, moal bisa dibebenjokeun....kapaksa manehna kudu meuli kapiting kahayang nu jadi pamajikannana...dahareun anu manehna ogé can kungsi nyaho rasana..

Bohim ngagedig indit kakota...barang rek asup ka warung nu ngajual kapiting...manehna ngarengkog....lantaran dijero warung aya si ALEK jeger batak nu kasohor beuki duit tur telenges mun pamentana teu ditedunan....

euweuh nu wanieun ka si ALEK mah kabéh ogé...

Keur ngahuleng pentaseun warung...lar KEMED ngaliwat...tuluy nanya ka BOHIM nu keur hulang-huleng....

Sanggeus dijelaskeun... KEMED kalah ngagakgak...

- KEMED : "Sìa mah jalma borangan him...! Yeuh si alek mah sieuneun ku dewek mah..! Boro-boro dicarekan...dikompolan gé ku aing mah moal wanieun ngambek...!!"

- BOHIM : " lah sia...! Ngawadul téh teu kireum-kireum...!!

-KEMED : " Bener aing mah..! Sok taruhan dua ratus rebuan jeung aìng teu percaya mah...!!

Ngadenge taruhan, BOHIM curinghak, lantaran karesepna, katambah kamari basa final indonesia malasia manehna eleh taruhan ku KEMED 200 rb...lakadalah ayeuna cenah waktuna bales dendam....da ceuk pikirna, mustahil si ALEK make sieuneun ku si KEMED...komo maké daekeun diki-ihan sagala mah...

Mun si KEMED jadi aduy digaley si ALEK kakara cenah kaharti..

BOHIM teu mikir panjang...duit ladang ngajual hayam keur meuli kapiting anu ngan dua ratus rebuna téh...gìlig rek dipaké taruhan...da pikirna yakin bakal meunang...

malah lantaran hayang puas ceuk BOHIM : " jadi siah taruhan jeung dewek...! Tambahan siah...duit dua ratus rebu,..nu eleh kudu ngalamotan korong nu meunang..,!!"

"sok siah...jadi..!!" jawab KEMED saklek...

Sanggeus duanana sasalaman..

KEMED asup ka warung nyampeurkeun si ALEK nu keur diuk nyanghareupan meja bari mabok...

Tikajauhan pentaseun jalan BOHIM ningalikeun bari beungeutna marahmay, lantaran yakin kemed bakal eleh taruhan,.. manehna bakal meunang duit teu puguh-puguh duaratus rebu...

BOHIM nyarandé kana tihang bari heheotan..

Dijero warung...KEMED nyarita ka ALEK yen dirina boga kaahlian bisa ki-ih diasupkeun kana botol tikajauhan...bari moal ngacrét kaluar saeutik-eutik acan...tuluy kemed ngajak taruhan saratus rebuan...

ALEK teu percaya...maenya euweuh nu ceret sakeclak-keclak acan...manehna satuju taruhan da memang karesepna...tuluy nyokot botol...sok ditunda dina luhur meja hareupeunnana...supaya katingali cenah mun aya anu ngeclak kaluar...

KEMED ngalacat naek kana korsì...kira-kira aya kana sameterna tina botol....

tuluy ngaluarkeun boboga-annana...teu antaparah wér ki-ih dipancerkeun kana lebah botol anu aya hareupeun si alek....kemed ki-ìh ngahaja diacer-acer kaditu kadieun...malah ngahaja diacerkeun kana beungeut si Alek sagala...tapi si alek kalah ngagakgak sabab manehna bungah meunang taruhan bakal nampa duit saratus rebu teu puguh-puguh...

Beres ki-ih...kemed mayar saratus rebu ka alek anu gagalakgakan keneh...

Tuluy kemed nyampeurkeun bohim anu titatadi ningalikeun pentaseun jalan...

Bohim ngeleper bari pìas...kabayang ku bohim gurihna korong kemed...jeung kacipta manehna bakal disidang ku INOT pamajikannana...

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...