Thursday 29 September 2011

USUM HUJAN JEUNG BENCANA - Siloka



USUM HUJAN

U ngal poé langit ngan ceudeum waé

S iga nu rék turun hujan

U rang kudu ati ati

M eureun ieu téh rék ganti musin



H awa karasana asa teu genah

U lah poho mun indit inditan mawa jas hujan

J igana mah musim teh keur pancaroba

A nu asalna usum halodo

N gagayuh kana usum hujan



MIJIH

M angsa halodo geus lekasan

I barat hiji rizki nu muragan

J adi hiji kabagjaan pikeun urang

I lang panas ngagalentarang

H arepan baseuh manjuran



BANJIR

B alukarna jalma nu sok miceun runtah sambarangan

A yeuna bakal karasa ku balaréa

N aékna cai walungan nu moal bisa dihalangan

J adi ciri rupa sifat-na manusa jaman ayeuna

I raha atuh urang rék ngarti tur taliti?

R obahna usum kalakah mawa balai



MUSIBAH

M arengan datangna rizky

U rang masing ati ati

S abab naon nu bakal karandapan

I lahi robby nu ngersakeunana

B alukar tina rasa mokahana manusa,,

A yeuna datang narajang

H iji bencana bumi nu teu tiasa dipondah deui,



SABAR

S aestuna bagja jeung cilaka anging Allah nu nangtukeun

A lam mayapada ukur kakacaan lain saeunyana

B atin nu sabenerna nu kudu ditéang jeung dieusian

A llah resep ka jelema nu sabar tur tara elat ngadu'a

R ahmat mantenNa nu bakal mawa kabagjaan dunya jeung akhérat.



BENCANA

B anjir.. banjir.. jeung bajir..

E ta kalimat geus teu anéh deui

N impa ka sakumna warga

C itarum teu walakaya

A kibat ka saeur runtah

N u mariceun sagawayah

A ntukna jadi musibah



CITARUM

C aahna dayeuh bandung

I wal ti caahna cai kabendung

T aneuh lempung gugunungan

A yeuna ukur sasakala

R obahna jaman jeung kahirupan

U kur bisa nyarita salaksa guyonan

M angkaning ieu lain heuheureuyan!



Di cutat ku : Nini Calutak di Forrum PUGER’s Pasundan

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...