Tuesday 28 December 2010

wawangsalan



Barudak.. Aki nulis conto-conto kalimat anu nyumput dina wawangsalan
  1. Bangbung hideung panyeureudan = bangbara, maksudna = kilangbara.
  2. Ngabulu kawung, bulu kawung = injuk, maksudna = nganjuk.
  3. Moal aya nu monyét hideungna. Monyét hideung = lutung, maksudna = moal aya untungna.
  4. Geus ngembang boléd. Kembang boléd = atéla, maksudna = geus tétéla/ geus nyata.
  5. Budak ngembang tiwu. Kembang timu = badaus, maksudna = budak mawa karep sorangan, teu nurut kana papatah.
  6. Nyiruan genténg cangkéngna = papanting, maksudna = pulang anting/bulak-balik.
  7. Teu beunang diopak kembung. Opak kembung = kolontong, maksudna = teu beunang dientong-entong.
  8. Teu beunang disupa dulang. Supa dulang = kejo, maksudna = teu beunang dibebenjokeun.
  9. Beulit cinggir simpay tangan = ali,  maksudna = ulah lali
  10. Untun tipung tambang béas = laksa, maksudna = mugia pareng laksana.
  11. Hayang kapalupuh nangtung. Palupuh nangtung = bilik, maksudna = hayang kapimilik.
  12. Teu beunang dihurang sawah. Hurang sawah= simeut, maksudna = teu beunang dipikameumeut.
  13. Ngadahan peunggas = ngadorokdok, maksudna = ngadadak.
  14. Nganjing cai. Anjing cai = séro, maksudna = ngahéroan
  15. Belut sisit saba darat = oray, maksudna = kapiraray, kagambar baé dina ingetan
jeung rea rea deui...

1 comment:

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...