Ku: Abah Kabayan
kacaritakeun KI SOMAD jeung pamajikanna NI IJOH karék turun tina karéta api...
NI IJOH :"Aki..aduh..Aki...!!" (NI IJOH bari kerung jiga anu kalengitan..)
KI SOMAD: "Aya naon Nini aduh-aduhan ngahariwangkeun batur deuleun!"
NI IJOH: "Ari salempay Nini dimana nya? poho deui nyimpen!"
KI SOMAD: "Ari manéh..matak ulah sok limpeuran ari hirup téh ngadon ngawiwirang batur..antukna nu limpeuran mah sok nyapékeun batur deuleun!!!" (ceuk KI SOMAD mamatahan kanu jadi pamajikan.)
NI IJOH: "Ah..inget ayeunamah Ki!...dina jok karéta..ku nini teh disampaikeun..tadina ngarah gancang garing pan peuting urut ngelap dahdir Aki!"
KI SOMAD: "Ari maneh, cik tong tarik teuing nyebut urut ngelap dahdir uing téh..éra ku batur deuleun!!...jig gancang cokot atuh mungpung karétana can ngejat...manéhnmah limpeuran téh dibéakeun ku sorangan dasar geus nini-nini..gancang cokot lain pulewah pelewéh.." (KI SOMAD bebeakan nyarekan NI IJOH bakating ku keuheul).
Barang si nini geus di luhur kareta..KI SOMAD kaciri jéjéngkean dina jandéla bari celetuk ngomong :
"Ni..Sakalian pang nyokotkeun kaca panon uing..eta gigireun jok!!!"
Geuning geus nyarékan laklak dasar téh saruana KI SOMAD gé limpeuran teu beda jauh jeung NI IJOH....
No comments:
Post a Comment
Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas