Pangalaman Ki Sunda Sawawa
Harita mah, ka éra jeung kawirang aki, éstu teu aya tandingna, sabab di wiwirang budak satepak hareupeun jalma nu réa..
Harita téh aki rék indit ka banjaran, ngan teu kana kendaraan, da harita mah aki can boga kendaraan, ngadagoan ojég euweuh, tungtungna mah indit téh kapaksa leumpang.
Keur jongjon aki leumpang, karérét ku juru panon, aya duit 1000 pérak ngagolér, ngan harita mah, duit sarébu téh, masih kénéh aya hargaan.
Harita aki ngarandeg, bari rurat rérét sugan aya nu ngaliwat, maksud téh rék ngabéjaan aya duit. Kusabab katingalina teu aya sahaha, tuluy aki ngarongkong rék nyokot éta duit. Barang rék dicokot, éta duit téh bisa maju ku sorangan, harita mah aki teu loba mikir, da panyangka téh meureunan katiup angin. Barang rek dirongkong deui, éta duit téh ngagulusur deui, bari deuih sarurak tinu bala nyeungserikeun aki,..
Sihoréng simanahoréng, éta duit teh ditalian ku kenur, tuluy disimpen ditengan jalan, unggal aya anu ngaliwat rek nyokot duit, eta duit teh didudut...
Na da sanggeus aki apal......mani asa euweuh beungeutan... ari ras ku ka éra, sabab geuning dinu bala téh, lain saurang dua urang, tapi aya welasna, bari terus ngageuhgeuykeun aki...
Aki harita ngomong sorangan bari ngaléos... “euh... ieu meureun anu disebut ‘wiwirang di kolong catang’ teh.. "
Na da sababaraha minggu mah, aki teu wani ngaliwat ka lebah dinya, sabab asa can lipur tah ka éra téh,.......
No comments:
Post a Comment
Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas