Tuesday, 17 January 2012

Gupay kamelang nyarungsum kalbu

Gupay kamelang marengan lengkah panjang
Nyarungsum kalbu kebek kabingung
Hate seja neang kaheman nu lawas ilang
Kiwari ukur tinggal rasa kagandrung

kamana kedah ngungsikeun kanyeri
nu kapatri dina ati sanubari
mungguh diri katalimbeng tunggara
kasarung dileuweung baluweng

Diri seja nyungsi kadeudeuh baheula
nu ayeuna duka dimana ngancikna
katineung teu weleh manteng
Naha katresna masih manjing jeung endahna


Di tempas ku......

teu kedah ngumbar tibelat
wakca ngedalkeun rasa nu miragadenda
da hirup mah estuning diugung ugung ku payung
diamprok amprok ku alok,,,

tuh geura tingali,,,
tampian masih keneh angger nu baheula
minuhan kalangkang jampana rasa
ramisak ngantos galindeng soanten salira
nyangkeh pageuh nyangcang kageugeut

Saturday, 14 January 2012

Lembur kuring

Mangsa wanci geus reup reupan..
Halimun gunung mimiti nyimbutan lembur..
Tongeret lir mere tanggara..
Marengan hibarna cahaya layung..
Mapag datangna indung peuting

Kuring ngajanteng salila lila..
Neuteup runggunukna pilemburan..
Nu kalingkung ngeplakna pasawahan..
Tempat kuring reureuh..
Tempat kuring macangkrama jeung baraya..

Lembur kuring...
Sanajan ayana di tepis wiring..
Kuring bagja...
Dilahirkeun di sarakan pamidangan..
Nu nyuguhkeun katengtreman..
Waas...

Tuesday, 10 January 2012

Coretan Bibie Dayank


Selamat Ulang Tahun "kakakku tercinta"


Assalamu alaikum.....

Dengan penuh kata maaf,

kutunaikan niat menyambangi kakak,

meski lewat sepenggal ucapan

barang kali ini hanya kalimat yang terlambat

atau sekedar rasa yang tertunda.

Setelah 12 purnama mengambang,

entah di ruang yang mana

kakak…!,

13 Oktober adalah hari yang berarti bagi kakak

Dimana kakak mulai belajar bersuara, menangis tentunya

Lalu kakak kerdipkan mata kakak, seketika pecah senyum kakak

Menyapa kasih ibu dan dekapan abah

Saat itu pasti kakak lucu

Meskipun aku yakin,

tak banyak yang kakak ingat tentang itu

Sementara matahari terus datang dan pergi

Mengantarkan kakak menjadi bocah yang lugu

setidaknya ini kata bapak dan ibu kakak

Meskipun barang kali ketika itu juga “umbelen”

Tetapi kakak adalah kakak …

Bukan kata bapak-ibu kakak, bukan kata siapa-siapa

Termasuk pula kataku

Seiring sabit alis kakak, sabit pula kedirian kakak

Sebagai sosok lelaki yang terus berjalan pada

Selembar riwayat yang bernama HIDUP

Kakak singgahi musim tawa, musim air mata

Tanpa rasa “kapok” karena memang sejatinya hidup

tak lekang dari dua mahluk yang ghalibnya disebut “senang dan sedih”

Ia laksana sepasang pengantin yang abadi

sepanjang tempat dimana kita berpijak masih bernama “BUMI”

dan membiarkan mereka mencumbui siang dan malam,

itu lebih menyengangkan…

Hingga suatu ketika,

Yah… hari minggu itu telah mempertemukan kita sebagai kakak beradik

Minggu itu aku telah beroleh seorang kakak

Kakak yang sampai saat ini kukenang

Dan tak dapat kulupakan

Atas nama “adikmu”, izinkan kuucap kalimat

“ SELAMAT ULANG TAHUN ”

Entah ini ulang tahun kakak yang keberapa..,

Entah sudah berapa kali kakak lalui musim-musim tawa,

musim-musim air mata...

Harapanku, semoga Tuhan selalu bersama kakak

Menuntunm kakak pada kota dimana cahaya CINTA ada di sana

Biarlah kenangan semakin tua, karena impian masa depan

kan senantiasa remaja

Karena hanya dengan impian dan cintalah kita akan selalu hidup

Sebagai kakak beradik

Aku hanya ingin melihat kakak tersenyum

Wassalam.....

Monday, 9 January 2012

Malati ligar wanci janari

Malati ligar dina wanci janari
marengan rongheap harepan diri
Nyurup mangsa hamo panggih deui
miharep lengkah nyanding Rezeki
Paparin ti Gusti nu Maha Suci

Campaka mangkrak tepat mangsa
Nganteur raga rumingkang dialam dunya
Dibarengan jeung Qodo katut Qodarna
Nu nangtukeun bagja cilakana hiji Jalma
Papasten ti Allah nu Maha Kawasa

Dicutat ku Bibie Dayank

Saturday, 7 January 2012

Sajak patempas tempas " anteng ngumbar sawangan"


Anteng ngumbar sawangan
mangsa layung hibar mayungan
hate nyoreang kanu anggang
ngajugjug kanu dipigandrung

ngolebat dina lamunan
salira nu kapitineung
ngaharewos nitipkeun kamelang
ngahriring kawih nu maranti

Dina ayunan kasono
urang patepung lawung
ngagupay rasa pinuh kawaas
silih rangkul kahoncewang

citangis mapaesan rasa
ngawengku jeroning kalbu
ngemu katunggara nu pohara
midangdam katresna nu ilang sirna
Marwan De
ti anggang nitip kamelang
ku wujud kidung katineung
marengan hiliwir na angin peuting
mawa ratug kapidangdung.
Ki Sunda Sawawa
marengan hibarna layung nu mayungan lembur,,
hate nyeredet dibarung ratugna jajantung
nu kagambar na kalangkang sawangan
kiceupna nyi mojang lenjang nenggorkeun imut pangirut
ayeuna datang nembongan,,

hanjakal,,,
datangna layung ngan sakedapan
tilem ku digjayana peuting
marengan leosna nyi mojang
duka kamana,,,,,,
Bibie Dayank
simpena peuting mepende hate
kasilir ku hiliwir angin barja
kapireung hariring tineung
ngagalura dina wirahma tunggara

wilujeng wengi kang Marwan De,,,

Duh Enung....
mung salira nu dipikacinta
raray anjeun ucang angge dina kongkolak panon
bluk nangkuban asa dihandapeun blak nangkarak asa diluhureun....

heuheuehueheuheu...
Bibie Dayank
kolepat sumirat gumubyar
mapaesan wanci nu endah
sawangan mapay panineungan
ka mangsa tepung munggaran
aya harewos pinuh deudeuh
marengan datangna paturay tineung
Bibie Dayank

duuh engkang,,
salira nu janten panutan rasa
siang wengi kaimpi impi
kapidangdam unggal waktu
nembongan dina sagala lamunan
heuheuuy deudeuuh,,,
Marwan De
Peuting teh,
ngalempay panjang, jungjunan
hate ngalenghoy disangkeh simpe
basa imut salira nutup lamunan
sajung jungeun diri hiber nemonan mawa katresna.
Sujang Surandi Riweuh

Enung.....
kunaon anjeun bet sulaya
katresna nu kungsi ngait
palid kabawa caah, nyangsang dimana boa
ranggeuyan kaheman, ayeuna garing tinggal regangna....
duh Enung.....
Bibie Dayank
liwung gandrung ku salira
honcewang pinuh kamelang
sok inggis mamanis ilang sarina
mungguh diri urang paanggang

duuuuh kumaha jadina kang Marwan De,,? he he
Bibie Dayank
duuuuuuuuuuuh engkang,,
teu wasa diri sulaya jangji
taya niat ngolembarkeun pasini
geuning duriat pegat kageugeutna
kaheman laas wening asihna

alah ieuuuung kang Sujang Surandi Riweuh
Ki Sunda Sawawa
sanajan ukur kokolebatan
urang kungsi patepung paadu teuteup
harewos anjeun ngagalindeng pinuh wirahma
ubar keur diri anu kalangsu
sanajan nganl ukur sabengbatan
Bibie Dayank
kabengbat rassa tibelat
sumeblak hate gumulung kapidangdung
ramo kanyaah nyimpaykeun tali duriat
nungtun kalbu ka mumunggang katresna
Dicutat ti Forrum PUGER's Pasundan postingan kaping 5 Januari 2012

Wednesday, 4 January 2012

Imoet's


Cinta,

dari ketiadaan menjadi keterjalinan

antara hati dan rasa

dari pertemeuna mata hati

tercurah kasih dan sayang

merangkum kejujuran, kesepahaman

dan sepengertian

dari sebuah anugerah

terbanglah pengharapan

menggapai sebuah impian

Singgetan tina naon "RANGGINANG"

Tarucing..... Singgetan tina naon "RANGGINANG" ?
Dadali Manting Sabalakana taluk,,, kapungkur ge kantos...hihihihi
Sujang Surandi Riweuh hahahhahaha... tah Geuning kang RAYUD sumping. sok der der kadinya ?
Ir'one Janzent Milanisti duka kang ah... taluk.....
Sujang Surandi Riweuh kang Ir'one Janzent Milanisti. sok ah ma enya ujug ujug TALUK.. teu rame ah... !
ixixiixixix
Sovian Choeruman pami di Menes-Banten RANGGINANG teh disebatna entep kejo.....
Dadali Manting Sabalakana kang Susuuu...upami Cimol mh aci digemol lah...
Sujang Surandi Riweuh Kang Vian... da dipalih dieu oge aya nu nyebat ENTEP REMEH.
ixiixixiixixiix
Sujang Surandi Riweuh Kang Rayud.... eta RANGGINANG heula ah !
hahhahahhaha ari nu hamil ngojay dileuwi make gaya kupu kupu naon karah ? basa cina na
hahhahahhahahhahahhahaha
Dadali Manting Sabalakana ah duka ath da teu kantos diajar bhsa cina pami bhsa jepangna mh apal...hihihi
Sujang Surandi Riweuh aeeeeeeeh.. enya basa Jepangna karah ?
ixixiixixiixix
Dadali Manting Sabalakana wew ah...jahahaha
Sujang Surandi Riweuh buru sok RANGGINANG.. ma enya ti BRETO KALA can apal ?
ixixiixixixi
Dadali Manting Sabalakana upami Ciwang mh aci jeng bawang kang Susuuuuuuu....
Sujang Surandi Riweuh muhun...
CILOK aci diCOLOK
Misro Amis dijeri
Sukro Suuk dijero

. Tah ayeuna RANGGINANG naon ?
hhahahahhahah keukeuh
Dadali Manting Sabalakana taluk luk luk....jahahaha
Sujang Surandi Riweuh keun ah moal wara dibeja.... sugan geus ka 3 Episode mah aya nu apaleun..
ixixiixixixiixix
Sovian Choeruman pami ranggesing..entep naon nya??
Sujang Surandi Riweuh kang Vian..... itu tingal kang Rayud. meni kuat ka adug lajer.. palay terang singgetan RANGGINANG.... manawi di Mengger aya nu uningaeun. hawatos kang.
ixixiixixixiixixixiix
Dadali Manting Sabalakana keun teu dibejakeun mh deuk dipaok wae kitabna...hihihi
Sujang Surandi Riweuh sok we... wani mah. gelut heula jeung si apa.
jiahahhahahhaa
Tety Yulia Somantri RANGKAIAN GIGI NANGRING...xixixi eta sanes..?
Sujang Surandi Riweuh hahahhahahhahah. teh Tetty... gancang hupus.. bisi aya kang RAYUD. (Dadali Manting Sabalakana )
Tety Yulia Somantri naha ihh...ongkoh naroskeun???asyiikk....keunging hadiah atuh...namprak...
Sujang Surandi Riweuh ieu teh tos 2 Episode tarucing... teu acan kawaler wae.
hahahhahhaha
Ki Sunda Sawawa heee,, aya naon kang putraaaaaaaaaaaaa,,,,
Sujang Surandi Riweuh Apaaaaaaaaaaaa... Damang ?
hehehheh ieu pa.. mung TARUCING... tamba nanggeuy gado we..
Dadali Manting Sabalakana Ngkiiiiii....kang Susu jahaaaaattt
Ki Sunda Sawawa oh,,, manawi teh naon,, hee,,
apa mah apal kana eusina eta tarucing teh, ngan moal dibeja beja ah lebar,,
Ki Sunda Sawawa jang Dadali Manting Sabalakana,, saha nu ngala jaat,, duh karesep aki atuh eta mah,,, heee
Sujang Surandi Riweuh Kang Rayuuuuuuuuuuuuuud.. apal teu.. itu tos diwaler ku teh Tetty.
hahahhahahh
Sujang Surandi Riweuh Apaaaaaa... sok ipa ipa wae.. tadi mah ngahephep wae da henteu uninga waleranna
Ki Sunda Sawawa hahahah,,, apa mah lain ngahephep, tapi keur ngahenen,, kang putraaaaaaaaaaa,,
Ki Sunda Sawawa hayu ah,, urang sholat Maghrib heula,,
Sujang Surandi Riweuh Apa.. dikantun heula ah tos magrib..



Dicutat tina postingan Puger's Pasundan 22 Desember 2011









Ligar dina GOLODOG Fesbuk

Sisindiran "Duda"

koloyong kapal udara
katingal matak waasna
sok hoyong wanoh jeung duda
hanjakal anakna lima


ngaronda di leuwi panjang
aya domba nu dibawa
karunya neng Bibie Dayank
meunang duda anakna loba


Anak domba dahar saladah
papanting beda jeung balanak
Anak loba teu masalah
Nu penting dudana jinak


seureuh beureum -seureuh beureum
aya kuda di kaki lima
Riweuh meureun riweuh meureun
Komo duda anakna lima


Dicutat deui ti Forrum Puger's Pasundan

Tuesday, 3 January 2012

Sajak patempas tempas

(+)
bagja nu minuhan rasa
gumulung mapakan hibarna layung nu mayungan langit
ngahudang rasa nu teu bisa kagambar ku reka carita
duka iraha datangna,,, duka kumaha mimitina
ieu hate teu walakaya nyinglarkeunnana....



(-)
galura rasa nu ngancik dina dada
hamo ilang kahieuman poekna mega
kiceup bentang dilolongkarang sinar bulan purnama
nyungkelit lir ibarat hate nu nyamunikeun rasa bagja...

(+)
tong ringrang ku rumeukna mega
sapanjang angin ngadangdingkeun langgam kaheman
maturan bulan nu sumirat mere caang cakrawala
Insya Allah,, balebat bakal satia datang....


Dicutat ti Forrum Puger's



Coretan Ki Sunda Sawawa








Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...