Tuesday 3 January 2012

Sajak patempas tempas

(+)
bagja nu minuhan rasa
gumulung mapakan hibarna layung nu mayungan langit
ngahudang rasa nu teu bisa kagambar ku reka carita
duka iraha datangna,,, duka kumaha mimitina
ieu hate teu walakaya nyinglarkeunnana....



(-)
galura rasa nu ngancik dina dada
hamo ilang kahieuman poekna mega
kiceup bentang dilolongkarang sinar bulan purnama
nyungkelit lir ibarat hate nu nyamunikeun rasa bagja...

(+)
tong ringrang ku rumeukna mega
sapanjang angin ngadangdingkeun langgam kaheman
maturan bulan nu sumirat mere caang cakrawala
Insya Allah,, balebat bakal satia datang....


Dicutat ti Forrum Puger's



No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...