Friday 2 September 2011

Sora Takbir Dimana-mana

ALlah hu'akbar Allah hu'akbar,,,
Aweuhan sora takbir kadangu dimana mana
Ngagungkeun asmana Allah swt
Rasa bungah tur sedih pagaliwota

Hate jumerit maratan langit
Nyuuh nyuksruk pasrah kanu maha kawasa
Sukeman raga ka indung jeung bapak
Hapunten tina sagala dosa

Ya ALLAH ya robbi,,,,
Hapunten sagala kalepatan diri
Nu tos khilap dina poe kamari
Ngalajur dosa tuk dugi kakiwari

Ya Allah nu maha Ghofur
Nyanggakeun diri badan sakujur
Hate bungah pinuh rasa syukur
Anjeun tos masihan waktu kanggo tafakur
 
Dicutat ku : Bibie Dayank di Forrum PUGER's Pasundan

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...