Friday 2 September 2011

KISUNDA SAWAWA (SILOKA)

K olebatna wanci lir ibarat kilat nu ngabelesat
I eu sasih nu leubeut ranggeuyan ku kaberkahan
S akedap deui baris ninggalkeun urang sadaya
U kur bisa kedal kalimat pileuleuyan romadhon..
N gajurung laku marengan leketeyna hate
D irungrum ku reumbayna cimata
A latan rasa bagja jeung kanalangsa pagaliwota

S imkuring sakulawargi neda tawakuf anu kasuhun
A ya paripaos, bilih kasiku catur, katajong omong
W ening galih nu dipamrih , jembar manah nu dipenta
A yeuna di bulan nu pinuh barokah urang silih lubarkeun
W ilujeng boboran shiam 1432 H dulur dulur sadayana..!!
A ndum pidu’ana, mudah mudahan shaum urang mabrur
 
Karya : Ki Sunda Sawawa

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...