Saturday 3 September 2011

Rundayan Epen (Kabuyutan Rancatungku)

 

Bagea barudak ...kumaha sararehat..??
Dina poean ieu teu hilap abah menta pangampura ti sarerea, sabab abah sadar dina enggoning hirup kumbuh babarengan, tangtu loba tisoledat letah. Kukituna dina ieu kasempetan meujeuhna urang silih lukbarkeun tina kasalahan .
 
Sajabana ti eta, sabenerna mah abah geus lila boga niat hayang ngungkab deui sajarah katukang ngeunaan karuhun urang, geuningan sabada ditalungtik, di ieu lembur nu kasebut " MENGGER " teh estuning ampir sakabehna sekeseler ti rundayan " NINI EPEN "

Baheula, duka taunna mah abah poho deui, anu ngababadak di ieu lembur teh teu aya lian iwal ti " EPEN ".. anu rundayan garis badagna nyaeta :

NINI EPEN bebesanan sareng EMBAH ( ngaran aslina mah abah oge teu apal )
Nini EPEN boga budak awewe anu ngaran NINI EMEH, ari EMBAH boga budak lalaki ngarana teh " BAH KASMU " ( anu kasohornamah ngarana teh " H. DURAHMAN " )

Tina hasil perkawinan teh, boga turunan diantarana anu abah inget keneh :

  1. Aki SUARMA : boga turunan diantarana : Mang Sukriya, mang Amat.. jst
  2. AKI UMNASAH : boga turunan diantarana : Mang Uju pameutingan , mamah Inah Rancaengang, Mang Eje ( ngan teu pati apal dimana padumukannana )
  3. NINI ANDUM : Boga turunan Ijah Sukamandi, Ma Acih, mang ada mang  Kana ( kabeh oge padumukannana di Sukamandi
  4. NINI ERUM : boga turunan : Wa Acin, Wa Inah, Wa Andum, Wa Rukayah (Emi)
  5. NINI UCAH : boga turunan : Wa Amah, Wa Nunu, Wa Dana, Wa Cece, Ceu Maliah, Mang Unang, Ceu Dariah
  6. BAH KARMITA : boga turunan : Wa Atip, Wa H. Uad Sukatma, Wa Mamah, Wa Ujat, Bi Mariah, Bi Esin
  7. AKI IING : boga turunan : Kang Ujang Oboy ( kukutan )
  8. AKI URUS : boga turunan Mang Uko, Bi Uka ( bojongkoneng )

Tah eta teh karek sabagian leutik nu ku abah bisa dijujut, Insya Allah, ke dina kaempetan nu bakal datang ku abah urang ungkab kabeh, ngarah urang sarerea teu leungiteun obor.
Ku eta oge urang bakal bisa ngajabarkeun rundayan ka handapna nepi apal pernah naon urang ka baraya baraya urang di lembur mengger ieu.

Ngan ceuk sejarah, nu ngabaladah ieu lembur teh minantuna H. DURAHMAN anu ngarana " BADAK NUNGGAL " .. tapi Wallahu'alam..

Sok tengetan ieu rundayan, ulah nepi ka urang teu wawuh ka dulur sorangan, komo bari jeung papaseaan mah.. kade mihapekeun..

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...