Tuesday 6 September 2011

KATRESNA ATI (SILOKA)

Ku  : Bibie Dayank


K anyaah moal rek ilang , ka...
A njeun nu janten panutan ati
T ali pasini jangji urang duaan
R aket pageuh pinuh kadeudeuh
E ndahna kembang kaasih
S eungit ngadalingding minuhan sanubari
N yimpayna rasa duriat nu hamo bakal kapegat
A smara nyandingkeun endahna cinta

A njeun curahan katersna mungguh sajati
T angkal harepan mugia ngajadi
I barat ligarna kembang malati

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...