Thursday 29 September 2011

GÉHGÉRAN

Mang Nunu katelah jalma nu géhgéran kabina-bina.

Basa keur mangku budak di buruan, nempo tatanggana miceun runtah, gancang manéhna miceun budak nu keur dipangkuna. Kungsi ogé manehna ka pasar tepi ka sapuluh balikan alatan unggal manéhna nepi ka pasar panggih jeung tatanggana nu mulang ti pasar,atuh gancang manéhna gé milu balik deui.

Sakali mangsa, basa Pamajikanana rék ngalahirkeun anakna nu bungsu, manehna kawiwirangan. basa pamajikanana keur ngaheujueun, manehna milu adug lajer ngaheujeun di juru ruangan. Waktu si Utun geus kaluar, Pamajikanana ngomong ka Bidan,”IBUU,si Utunna tos kaluar!!”. Na ari celengkeung téh mang Nunu bari semu peura,”Ibuu,nu abdi ogé tos kaluar!!” ceunah. Bidan ngajawab bari semu nu ambek sabab katempo aya nu namburu di juru, “Sodok wé ku Bapa!!”.

Sigana mah pas milu ngaheujeun mang Nunu teu kaampeuh,teu kuateun nahan nu rék kaluar.

Ku Abi Faturachman Hanifah di Forrum PUGER’s Pasundan

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...