Monday 16 May 2011

LENYEPANEUN



Ujang nu kasep... !!
Sing jadi lalaki langit lalandang jagat..
Anu teu unggut kalinduan .. gedag kaanginan
Anu ngabogaan prinsip..
Suka pejét batan ngejat..
Kajeun lebur teu lebar naruhkeun pati..
Dina ngabélaan kahormatan kulawarga..
Omat...
Sing jadi tuturus laku enggoning sumujud kanu Maha Agung..
Jadi pola lampah dina papantunan hirup..
Hidep teh bénténg di rumah tangga..

Nyai nu geulis.... !!
Sing jadi istri raspati.. anu tumut turut ka salaki
Nu tara aral dina nyinghareupan galura kahirupan
Sing bisa ngajaga kaharmonisan rumah tangga
Mihapekeun...
Meunang rizki saeutik sing bisa mahi..
Meunang rizki loba sing jadi barokah..
Omat..
Kaharmonisan kulawarga, aya dina leungeun hidep..

Ujang... Nyai.... !!
Sok teuleuman ieu kahirupan..
Ulah loba pacéngkadan..
Geura amparkeun sajadah panjang..
Pasrah sumerah kanu Maha kawasa..
Indung bapa hidep...
Marengan sapanjang jalan..

Cag..

3 comments:

  1. Subhanallah sekali kang..... ngiring ngaos,ditambih copas... he...

    ReplyDelete
  2. nyunkeun widi kangge copas, mugia janten pepeling ka sadayana

    ReplyDelete
  3. Ngiring copas ,,mudah2an urang sadyana tiasa ngamalkeunnana

    ReplyDelete

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...