Sunday 15 May 2011

Jumeritna Rahayat Leutik



Jauh tina sangkaan..
Basa anjeun mimiti prung padungdung..
Kungsi wakca balaka pinuh daria..
Lamun kuring jadi ....
Bakal ngajungjung karaharjaan..
Bakal ngajungjung bebeneran..
Bakal ngajungjung kaum leutik
Jeung réa deui bakal – bakal anu séjénna..

Tapi kabuktian..
Jangji teh geuning sulaya..
Sabada cicing dina kalungguhan..
Rahayat leutik ting jarerit..
Nu hengker pating kocéak..
Mana... mana... jangji anjeun....!!!!
Nu kungsi ngageleger ka jomatara..
Kuring sarerea nunggu...!!

Gusti... !!
Hapunten abdi sadaya tos kalalanjoan..
Sanés badé masihan tarajé kasarakahan
Nanging.. sakawitna neundeun harepan..
Perjuangangan sinareng dukungan abdi sadaya..
Sugan jeung sugan tiasa mulihkeun deui lemah cai
Anu tos kaombang ambing cucuk kasarakahan..
Mugia Gusti masihan jalan kaluar anu saé.. Amiin..

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...