Saturday 16 April 2011

Nyungsi Diri

nyungsi diri raga nyawang
deuk nganteur gerentes hate
nambah rasa can kaduga
lalakon nu kalakonan

 tegalan raga katineung
amparan nu kapanasan
taya iyuh diri urang
duhhh,,,

 ceurik diri di ceungceurikan
sukma nu kumalayang
anu bela samar_samar
jumerit ka alah paul

 rumasa diri teh henteu miboga
rupa nu sieup ukur saulas
raga adegan jadi banusan
dunya nu endah bakal paturai

 naha saha nu boga ieu diri?
weleh taya sora mawa beja
lelembutan nyawang nu can datang
raga neang diteangan

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...