Saturday 19 March 2011

Salah Nginum

Ki Sunda Sawawa

Abah Kabayan : ki abah mah sakitu unggal poe nginum Jajamu, angger we geuning awak teh mani laleuleus..

Kisunda : dasar belegud..lain nginum jajamu atuh bah lamun awak hayang hareuras mah..

Abah Kabayan : Na kudu nginum naon atuh ki.. cing abah bejaan ..

Kisunda : coba geura nginum air keras geura... moal teu jadi hareuras tah awak teh.

Abah Kabayan : Gustiiii.... na ari abah beunang katipu wae..!!
( bari garo garo teu ateul )

Kisunda : tapi wajar bah, da abah mah " Indo " , jadi moal pati ngarti

Abah Kabayan : oh kitu kutan.. enya da abah mah turunan Indo.. ( bari rada marahmay )

Kisunda : heheh... enya bah.. campuran antara bodo jeung belegug..

Abah Kabayan : Tobaaaaaaaaaatttt.....!!!!!!!!!
( bari aya anu kaluar balon tina liang irungna )

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...