Saturday 19 March 2011

Silih Taur

Coretan Ki Sunda Sawawa

Kacaritakeun aya saurang paninggaran keur moro bagong, di kebonna salah saurang patani. Bari nungguan boroannana, manehna kukurilingan neangan tempat anu merenah, tapi lain keur nyumput, tapi manehna teh hayang ngendog, da kabuktian sabada manggihan tempat anu merenah, jol gejlek manehna teh ngaluarkeun endogna. Ma'lum anu pangseng, eta endogna teh mani ampir sagede bal beliter.

Ari ngendogna teh kabeneran dina kebonana patani anu teu resep sama sakali lamun aya jelema anu ngadon ngendog dina kebonna.

Harita oge basa kapanggih aya paninggaran anu ngendog teh jol pudigdig we ambek, ngan basa rek nyarekan eta patani teh ngarengkog, sabab sieuneun ditembak ku paninggaran.

Kacaritakeun eta patani teh bari rada ngagidir nyampeurkeun ka paninggaran, pok manehna nanya : keur naon jang.. ??
Panginggaran ngajawab : eta bah nuju moro bagong..!!
Tiasa abah ninggalan bedil.. jigana mah alus tah..??
Paninggaran : Mangga bah bade ningalan mah..!!

Gep we eta bedil teh ku patani dicokot, tuluy diilik ilik.. na atuh ari geus kitu, eta bedil teh ditodongkeun ka paninggaran, bari ngomong : silaing anu ngendog teh..?? ( bari muncereng )

Paninggaran kacida reuwaseunnana, pok manehna ngajawab : muhun bah..!! na kumaha kitu..?? ( bari raga ngeleper da sieun di tembak )

Ceuk patani bari nodongkeun bedilna : hakan siah...!!!!...

Panggaran : ah.. nu leres bah.. piraku abdi kudu ngadahar endog sorangan... !! ( bari murungkut )

Patani : eh... hayang ditembak siah.. !! ( bari terus nodongkeun bedil )

Eta paninggaran mani burial buncelik sabab ambek nyedek tanaga midek, ari rek ditolak sieun dibedil, ari digugu, asa piraku kudu ngadahar endog sorangan, mangkanng sakitu nampuyakna..

Tapi da sieun cilaka, eta paninggaran tuluy we nyoelan endogna saeutik saeutik bari teu kuat hayang ongkek..

Ceuk patani : kudu loba loba siah ngadaharna...!! ( bari molot )

Tungtungna mah, bari teu kuat oge, eta endong sorangan teh teu burung we beak..

Ceuk paninggaran : tah bah.. kusabab abdi tos nyeepkeun endogna, cing eta bedil teh ayeuna mah ka abdikeun..

Teu panjang pikir eta patani teh song we mikeun bedilna ka paninggaran.
Sanggeus katarima, teu antaparah deui eta paninggaran teh nodongkeun bedilna ka patani bari nyarita : ngendog siah...!!!

Eta patani mani reuwas luar biasa, sabab teu nyangka bakal malik ka sorangan..
ceuk patani : ah sujang da abah mah teu hayang ngendog deuleun...!! ( bari rek ceurik.. )

Paninggaran : Paksakeun siah...!!

Atuh eleh deet eta patani teh ngendog sagejlek, da sidik keur teu hayang..
Paninggaran : hakan siah...bisi ku aing di tembak..

eta patani mani sujud kana suku paninggaran supaya teu tulus ngadahar endogna..

Paninggaran : gancang siah hakan... !! bisi ditembak ku aing..!!

Tungtungna mah eta patani ngarawu endogna, da ngan saeutik, maksudna mah rek disamualkeun..

Paninggaran : eutik eutik siah....

Atuh kapaksa we anu tadina rek disamualkeun teh jadi dieutik eutik da sieun..

Sanggeus beak, eta paninggaran ngomong ka patani : lunas bah...!! ( bari ngaleos )

Eta patani, sanggeus euweuh sasaha, tuluy we utah uger aya mingguna...

cag... hehe

1 comment:

  1. KAMI SEKELUARGA MENGUCAPKAN BANYAK TERIMA KASIH ATAS BANTUANNYA MBAH , NOMOR YANG MBAH BERIKAN/ 4D SGP& HK SAYA DAPAT (350) JUTA ALHAMDULILLAH TEMBUS, SELURUH HUTANG2 SAYA SUDAH SAYA LUNAS DAN KAMI BISAH USAHA LAGI. JIKA ANDA INGIN SEPERTI SAYA HUB MBAH_PURO _085_342_734_904_ terima kasih.

    KAMI SEKELUARGA MENGUCAPKAN BANYAK TERIMA KASIH ATAS BANTUANNYA MBAH , NOMOR YANG MBAH BERIKAN/ 4D SGP& HK SAYA DAPAT (350) JUTA ALHAMDULILLAH TEMBUS, SELURUH HUTANG2 SAYA SUDAH SAYA LUNAS DAN KAMI BISAH USAHA LAGI. JIKA ANDA INGIN SEPERTI SAYA HUB MBAH_PURO _085_342_734_904_ terima kasih.


    KAMI SEKELUARGA MENGUCAPKAN BANYAK TERIMA KASIH ATAS BANTUANNYA MBAH , NOMOR YANG MBAH BERIKAN/ 4D SGP& HK SAYA DAPAT (350) JUTA ALHAMDULILLAH TEMBUS, SELURUH HUTANG2 SAYA SUDAH SAYA LUNAS DAN KAMI BISAH USAHA LAGI. JIKA ANDA INGIN SEPERTI SAYA HUB MBAH_PURO _085_342_734_904_ terima kasih.

    ReplyDelete

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...