Hasil sarungsuman Ki Sunda Sawawa
Pepeling ka balarea
Sing jadi jalma pinuji
Sangkan hirup urang bagja
Nu ta’at parentah Gusti
Jauhkeun sipat dengki
Komo lamun jeung takabur
Eta teh lampah salah
Nu mawa cilaka diri
Kaduhung mah datangna tara tiheula
Mun urang milampah salah
Gagancangan mawas diri
Sok bisi kalalanjoan
Nu baris mawa balai
Antukna urang rugi
Dibendon Gusti nu Agung
Disiksa kunu kawasa
Tangtu rugi lahir batin
Rugi dunya parat nepi ka aherat..
Sing jadi jalma pinuji
Sangkan hirup urang bagja
Nu ta’at parentah Gusti
Jauhkeun sipat dengki
Komo lamun jeung takabur
Eta teh lampah salah
Nu mawa cilaka diri
Kaduhung mah datangna tara tiheula
Mun urang milampah salah
Gagancangan mawas diri
Sok bisi kalalanjoan
Nu baris mawa balai
Antukna urang rugi
Dibendon Gusti nu Agung
Disiksa kunu kawasa
Tangtu rugi lahir batin
Rugi dunya parat nepi ka aherat..
No comments:
Post a Comment
Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas