Saturday 19 March 2011

Pupuh Kinanti


Dina bahasa sunda mah, salah nulis saeutik oge, bakal mangaruhan kana eusina.
sok geura bandungan dina pupuh " Kinanti "

Nulis anu bener :
Budak leutik bisa ngapung
Babaku ngapungna peuting
Kuriling kakalayangan
Neangan nu amis amis
Sarupaning bungbuahan
Naon bae nu kapanggih..

Nulis anu salah :

Budak leutik bisa ngacung
Babaku ngacungna peuting
Kuriling kakalayangan
Neangan nu amis amis
Sarupaning bungbuahan
Naon bae nu kapanggih..

Sok geura tengetan, kira kirana bakal akur pimaksudeunnana..??
Ceuk aki mah beda pisan, nu ka1 mah eusina teh lalay / kalong
Ari anu ka 2 ...?? aki oge rada bingung keur ngucapkeunnana.. hehe

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...