Thursday 10 March 2011

BARUANG KUTUB

 ku:  Sovian Choeruman



Dina hiji wanci, sakadang baruang kutub keur dariuk dina salju jeung anak-anakna. Teu kungsi lila, celetuk salah sahiji anakna nanya “Apa... ari abdi 100% baruang kutub asli?

Bapana ngajawab “komo anaking anjeun mah 100% baruang kutub asli!

Ungek anak baruang téh bari kaciri kénéh masih bingung.....

Sababaraha menit ti dinya, éta anak baruang téh nanya deui ”Apa...jujur atuh Apa....abdi téh asli baruang kutub atanapi sanés....wios abdi nampi pami Apa jujur mah!....naha abdi téh turunan baruang madu, baruang coklat atanapi baruang panda??” bari ciramay...

Bapana ngajawab “Jang, Bapa manéh 100% baruang kutub, kitu deui indung manéh 100% baruang kutub, geus jelas manéh gé 100% baruang kutub Jang!

Teu kungsi lila éta anak beruang kutub téh nyarita deui “Apa..tong dikira abdi bakal seudih pami Apa jujur, abdi moal sedih Pa ..asal Apa jujur naha abdi téh 100% asli baruang kutub?” éta anak baruang kutub masih kénéh panasaran...

Kusabab tatanya na téh éta-éta kénéh anu antukna Bapak baruang kutub rada kesel nu akhirna malik nanya “Ari ilaing..nu ditanyakeun téh éta-éta kénéh...naha naon nu matak nyieun ilaing ragu yén ilaing téh baruang kurub asli ...heuh???

Bari luwa-lewé éta baruang kutub ngajawab “mun abdi 100% baruang kutub, naha abdi maké jeung tiris..pan baruang kutub mah kuat ku tiis!!!”

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...