Tuesday 28 December 2010

WIRANG

Dongéng Aki Dulacis

Kéméd anyar pangantenan. Isukna balik sholat subuh di masjid, kéméd langsung ka kamarna, kasampak aya nu keur sholat, disangkana mah pamajikannana nu sholat téh, hantem wé ku kéméd téh dicolokan cangkengna, malah mimindengna mah nu dekokna...

Ari geus bérés,..singhoréng nu sholat téh mitoha awéwéna...Atuh kemed téh langsung pias...

Sanggeus sasadu, kusabab éra, kemed indit deui kamasjid..maksudna rék bebeja ka babaturan yén manéhna meunang kawirang...Da biasana geus sholat subuh téh sok sararé deui dimasjid nepika rada beurang..

"ieuh...hudang..! Hudang..!” Ceuk kéméd bari “jelekuk...jelekuk” najongan bujur nu keur ngaréngkol pangtukangna...

Meureun lila-lila mah katajong bobogaanna,.. Barang nguniang hudang, singhoréng mitoha lalakina... Atuh kéméd téh pias deui..

Rada beurang, kéméd dahar ngariung jeung mitohana ditepas..Ma'lum minantu anyar bari geus meunang kawirang...da éta mah kéméd sajeroning dahar téh ngan tungkuul wéh..'am kéjo...'am kéjo, teu wanieun nyokot deungeunna...

"tah jang lalabna..." ceuk mitohana bari ngasongkeun lalab kacang panjang anyar ngala ti kebon..
Kéméd nyokot saleunjeur, lain dipotongkeun kacang téh, kalahkah dipelengkungkeun, dua tungtungna dicapit.. Tuluy dicoélkeun kana sambel anu ngadagleg..

Barang rék dihuapkeun kana baham, kacang potong, sambelna ngabetrik nyeseg asup kana liang irung...Kusabab peurih.. Tuluy disusut ku samping,..

Dahar didadamping, ari kolor poho teu dipaké, atuh barang samping nyingkab dipaké nyusut irung téh...Bréh...Manuk kéméd anu cinutrun siga tikukur keur cinutnut, katembong kusaréréa...

Pamajikan kéméd ngajéréwét ngabéja-an, kéméd pias bari buru2 ningkrebkeun deui sampingna..sambel mah angger can beunang masih nyeseg na liang irung...

Ceuk pikir kéméd :"poé ieu aing geus tilu enol yeuh éra ku mitoha"...Tuluy kemed ugal ugil ngala-an sambel tina irung...

Ceuk urang mah éta tobas sangu téh hég tunda heula, pokuskeun wé kana ngala-an sambel tina irung, ieu mah kalah pageuh dicecekel....Ised,.ised wéh bujur kéméd usad ìsed nahan irung anu peurih, ari diuk disisi panto, lila-lila mah meureun beuki témbér... Ana juralit téh kéméd tijengkang ka buruan... Awak blak nangkarak, samping nyingkab ningkreb kana beungeut...ari tobas nu dicecekel bahé, sanguna nambru dina bobogan kemed...

Teu kapalang, hayam nu keur ngariung dikolong langsung pahibut parebut muru sangu nu namru, nepika bobogaan kéméd anu laér téh lédéh dihantem ku sijago nu keur meujeuhna jajangkar...

Kéméd ngoréjat tuluy tibuburanjat muru ka dapur maksud rék ngumbah irung... Tapi kusabab rusuh, lebah lawang sukuna tikudawet kana sampingna sorangan...’blug’ kemed labuh nangkuban, awakna ninggang anak hayam bikang anu kakarak turun tina sayang...ari sirahna tikusruk kana hawu...

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...