Ku: Kisunda Sawawa
Nya didieu, naha hate geus kaduyung
Nu teu pira, salira nenggorkeun imut
Ngadak ngadak, asa bénten rarasaan
Hate ratug, cacakan tepang munggaran
Nya ayeuna, kapentang panah asmara
Sorot soca, sinar cinta tembus rasa
Gurilapna lir inten pinuh permata
Hate mangprung, kabawa imut salira
Najan tepung, harita ukur ukur salangkung
Kapidangdung, gandrung liwung ngalanglayung
Aduh... kieu rasana kagémbang
Hayang nenang... hayang nganjang
Mustika kembang kamelang
Horéng kieu, rasana panyakit cinta
Majarkeun téh hésé piubareunnana
Ngadak ngadak, jadi bénten rarasaan
Haté ratug cacakan tepang dadakan..
No comments:
Post a Comment
Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas