Wednesday 22 December 2010

TONG SOK KABITA KU BEJA




Mang jaju anu burut keur nguseup di leuwi..

Kabeneran di éta leuwi téh aya anak jin keur ulin diasuh ku indungna..
Barang ningali nu burut keur nagog nyekelan jeujeur, éta anak jin téh ngomong ka indungna :
"ma,.. Hayang itu tuh...! Bari nunjuk kana kanyut burutna nu nguseup..
Nya ma'lum jin atuh, benghal... Da éta mah sakilat kanyut burut mang jaju téh dicokot tuluy dibikeun ka anakna...

Ari mang jaju, jongjon wé nguseup, da teu karasa aya nanaon.. Wanci soré kakara manehna beberes rék balik, barang jung nantung manehna reuwas campur bungah..ningali burutna anu gedé ayeuna ngadadak cageur....

Teu kacatur bungahna éta nu mang jaju, teu sirikna lumpat balik ka imah hayang buru-buru ngabéjakeun kabungahna kanu jadi kulawarga...

Ma'lum jelema atuh...mun aya nu aheng-aheng téh sok gancang nyebar... Béja-pabéja-béja...majar lamun hayang cageur burut mah kudu nguseup ka leuwi anu tisaprak kajadian harita dingaranan leuwi kanyut....

Kacaritakeun dilembur sejen, aya nu burut deuih, mang kemed ngarana téh. Barang manehna ngadéngé béja jaju cageur burutna kusabab nguseup dileuwi kanyut.. Manehna ngarasa panasaran hayang ngabuktikeun..

Saminggu saprak mang jaju, rebun2 mang kemed ngagedig muru ka leuwi kanyut, najan leumpang rada ngagéang lantaran kahalang ku burut, tapi manehna sumanget da hayang cageur...

Nepi ka leuwi,.. gog kemed nagog tuluy ngadekul nguseup bari haté mah ngarep-ngarep hayang buru-buru cageur burut.

Rada beurang, anak jin jeung indungna ulin deui ka leuwi..
Anak jin anu keur ngorék burut kanyut jaju ti minggu kamari, ngomong ka indungna : "ma, bosen yeuh ngorek ieu téh..Yeuh ah.." bari ngasongkeun burut ka indungna, tuluy ku indungna ditampanan.. Barang rek dipiceun, indungna ngareret ka kemed nu keur nguseup.. Ceuk indung jin :
"sujang, ari geus bosen mah urang pulangkeun wé nya kanu bogana nya."

Tuluy eta burut di baledogkeun ka kemed anu keur nguseup..."plok" burut jaju téh naplok na burut kemed....


matak tong sok kabita kubeja

1 comment:

  1. assalamu'alaikum ki dulacis...
    saurna tos aya di spanyol ayeuna. icalan naon dugika jauh-jauh ka spanyol ?

    ReplyDelete

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...