Wednesday 22 December 2010

DOMBA NU PISAH RANJANG


kacaritakeun dina hiji mangsa aya dua sakadang domba anu keur guntreng rasa manéhna hayang pada-pada punjul tinu séjén supaya aya nu meuli meureun!!...

domba hiji:”Ah siah bedegul..manéhmah moal payu da lain loba ku daging ngadon loba ku gajih wéh..”

Domba dua:” Gandeng siah régéng, daripada manéh euweuh dagingan, euweuh gajihan..ngadon tulang wéh digedékeun..dasar hitut dibungkusan tulang siah!!!

Domba Hiji: “Eeeh...éta tanduk atawa naon meuni néngtét sugan mah ceuhil!!

Domba Dua: “Daripada manéh..teu umum jeung batur..batur mah ngalebok jukut..manéhmah ngalebok roti..matak nyangsarakeun nu maraban wéh!!!

Torojol téh pak Tani rék meuli domba.. langsung sakadang domba hiji jeung dua pasang aksi da hayang katanggap meureun!.

Pak Tani:”Wah..meuli nu mana yeuh..duanana aralus??!!mmmmmm.....beuli lah duanana..urang pacekeun...”

Sihoréng sakadang domba hiji jeung domba dua téh salaki-pamajikan nu keur pisah ranjang...

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...