Tuesday 21 December 2010

Pais Tahu


 
 
Mun nyahoeun carita ieu..si Nini mah sok ngambeuk...

Baheula..anyaran kawin...

Ari si Nini mah tara olo-olo jiga nu lian...enya gé masih pangantén anyar si Nini mah masih getol kasawah....

Nya kacaritakeun harita téh poé minggu kakarék tilu poé ti poéan kawin...

Si Nini janari kénéh geus uprak-eprek di dapur, tara tisasari...

Néng, nuju naon?” ceuk Abah (Baheula mah Abah nyebutna Enéng da puguh masih keneh geulis karek 17 taun...)

"Nuju ngadamel pais tahu Kang!” ceuk si Nini..sorana masih halimpu..mun ngadéngé sora si Nini baheula mah, pasti loba lalaki kapincut..

Abah:”Meuni kersaan wayah kieu Neng....teu tiris?” ceuk abah semu ngaheureuyan..

Henteu Kang..pan Engké siang badé kasawah, Néng téh dipiwarang ngabedug ku Mang Junéd” (Ayeuna –mah geus jenatna Mang Junéd téh da geus tutup umur sababaraha taun katukang)..

Pondok carita..panon poé geus pucunghul ti beulah wétan..geus rada haneut moyan..karasa beuteung téh asa lapar..Inget kana pais!!...

Rék bébéja ka Pamajikan da keur nyeuseuh di walungan Cilampeni...

Ah cokot wé da meureun pamajikan masak téh jang saha piraku teuing jang batur...!!” pikir abah harita

Barang di tempo, geuning ngan hiji nyieun paisna téh... “beu meni ngirit-ngirit teuing... ah kembaé da beuteung teu kuat kekerbekan hayang dieusian....!!

celebek wéh abah sasarap.. teu karasa éta pais téh ku Abah dihanca nepi ka béakna....

Ari barang geus béak..torojol wéh jang mamat..”Mang...pais tahu titipan Ki Junéd parantos asak...?

Asa kacéntar gelap ngadéngé jang Mamat nanyakeun pais tahu nu geus béak didahar ku Abah tadi...

Ké Jang..ku Mamang di anteurkeun kaditu...acan asak karék satengah mateng!” ceuk Abah ngawadul.

Enya atuh Mang...” léos weh Jang Mamat...rada tenang haté abah sanajan bari rénghap-ranyug ogé..

Ngadak-ngadak Abah téh hayang béol...indit wéh ka pacilingan bari mikir-mikir geusan kumaha sangkan éta pais tahu téh bisa aya deui.... rék dipunurkeun waktu da moal mungkin...

Teu lila mikir....jol datang idé teuing timana datangna “Tadi..nu di lebok ku Aing téh tahu..ayeuna Aing keur miceun..geus pasti tahu deui nu kaluarna”... kitu pikiran Abah harita..nepi ka ku abah pamiceunan nu abah téh diwadahan kana piring, terus dibungkus ku daun cau..terus wéh di pais nepi ka asakna...

Teu kungsi lila torojol deui Jang Mamat “Mang pais téh parantos asak.. ceuk Ki Junéd meuni asa lami-lami teuing!!” ceuk Jang Mamat bari laga na téh di pantes-pantes jiga Mang Junéd..da dina sapameunteu Abah mah Mang Junéd téh gédé ambek.

Kéla tungguan Jang, da tadimah kacirina geus asak!!”..bari kadapur nyokot pais meunang Abah téa..

Sabenerna hatémah deg-degan inggis katohian ku Mang Junéd yén pais nu rék didahar ku manéhna téh kungsi ulin heula dina beuteung Abah....

Caritana dibikeun éta pais téh ka jang mamat, terus dibawa ku Jang Mamat ka Mang Junéd...

Teu sababaraha lila tidinya....na atuh éta Mang Junéd ti kajauhan kéneh kerung bari néngténg pacul..ceuk na pikir ”Tuh..da bener...CILAKA! katohian......paéh kuring!!!!”

Karék gé rék lumpat..ti kajauhan geus di calukan

Kabayan!!....Kabayan!!..kadieus siah!!!

muhun Mang, ké antosan sakedap” teu tulus rék kabur téh...”Ah kembaé...rek dilawanan wéh mun Mang Junéd nepi ka hanteu-na nakol ku pacul..na da kuring gé boga ari karék élmu silat mah!” ceuk na pikir bari ngadeukeutan Mang Junéd.....

Ari geus pahareup-hareup ceuk Mang Junéd “Ngeunah pisan jang pais tahu téh...mirasa!!...Emang neupi ka rék béak sangu saboboko ...éta ku pait peuheurna..!..béjakeun ka pamajikan isukanmah paria-na tong loba teuing!..” bari ngaleos..

Abah mah ngusapan dada wéh bari ngomong di jeuro haté “Salamet...salamet!!!

2 comments:

  1. ha ha ha jurig teh...lucu pisan euy..

    ReplyDelete
  2. KAMI SEKELUARGA MENGUCAPKAN BANYAK TERIMA KASIH ATAS BANTUANNYA MBAH , NOMOR YANG MBAH BERIKAN/ 4D SGP& HK SAYA DAPAT (350) JUTA ALHAMDULILLAH TEMBUS, SELURUH HUTANG2 SAYA SUDAH SAYA LUNAS DAN KAMI BISAH USAHA LAGI. JIKA ANDA INGIN SEPERTI SAYA HUB MBAH_PURO _085_342_734_904_ terima kasih.

    KAMI SEKELUARGA MENGUCAPKAN BANYAK TERIMA KASIH ATAS BANTUANNYA MBAH , NOMOR YANG MBAH BERIKAN/ 4D SGP& HK SAYA DAPAT (350) JUTA ALHAMDULILLAH TEMBUS, SELURUH HUTANG2 SAYA SUDAH SAYA LUNAS DAN KAMI BISAH USAHA LAGI. JIKA ANDA INGIN SEPERTI SAYA HUB MBAH_PURO _085_342_734_904_ terima kasih.


    KAMI SEKELUARGA MENGUCAPKAN BANYAK TERIMA KASIH ATAS BANTUANNYA MBAH , NOMOR YANG MBAH BERIKAN/ 4D SGP& HK SAYA DAPAT (350) JUTA ALHAMDULILLAH TEMBUS, SELURUH HUTANG2 SAYA SUDAH SAYA LUNAS DAN KAMI BISAH USAHA LAGI. JIKA ANDA INGIN SEPERTI SAYA HUB MBAH_PURO _085_342_734_904_ terima kasih.

    ReplyDelete

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...