Friday 17 December 2010

Tokoh Legenda Tatar Pasundan

Hasil Coretan Ki Sunda Sawawa

1. SI KABAYAN
Mangrupakeun salah saurang tokoh sunda anu ngalagenda di masyarakat sunda, aweuhan ngaranna ti 19 abad ka tukang, geus jadi “ icon “ di Tatar Pasundan. Sosok na lugu, bodo,jeung pangedulan, ngan sagudang akalna. Lamun tea mah di titah ku pamajikan atawa mitohana, pasti we nyampak keur alesannana. Malahan ku Mang Koko Koswara mah, diabadikeun dina lagu, anu sya’irna teh diantarana :

Sikabayan ceritra rakyat pasundan..
Hei dongeng.. dongeng ki sunda.. tidak ada tapi ada
Orang bodo tapi pintar…..
Dimana nyi iteung ada si kabayan pun di sana..
… jeung saterusna…

2. NYI ITEUNG
Nyi Iteung teh, nya eta pamajikannana si kabayan. Matak disebut nyi iteung teh, pedah we rada hideung ( hideung santen mun ayeuna mah disebutna teh), sok sanajan geulisna ka wanti wanti endahna kabina bina, numatak ku si kabayan sok dilandi nyi iteung.
Nyi iteung henteu bodo model si kabayan, tapi sok mindeng dibobodo ku salakina ( si kabayan ) ..

3. SANGKURIANG
Mangrupakeun tokoh legenda Tatar Pasundan, anu aya patula patalina jeung sajarah Tangkugan Parahu, anu nyaritakeun anak ( sangkuriang ) bogoh ka indung ( dayang sumbi )
Ngan kusabab gagal dina nyieun parahuna ..sabab kaburu beurang ( akibat ditipu ku indungna ( dayang sumbi) nepi ka eta parahu teh ditalapung, ahirna nangkub nepi ka ayeuna (Tangkuban Parahu)

4. DAYANG SUMBI
Mangrupakeun tokoh legenda dina sajarah tangkuban Parahu ( saperti anu geus dicaritakeun dina lalakon sangkuriang )

( Hanca…. )

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...