Thursday 16 December 2010

Kabobodo

Aki mah, mun inget kana lalakon baheula waktu aki dibobodo ku ki sunda, sakapeung sok rey ambek, da asa diwiwirang.. sakapeung deui seuri sorangan, da hirup teh asa bodo bodo teuing..

Harita masih keneh inget, basa aki rek ka kota, dijalan digeroan ku ki sunda.. " kang kadieu urang ngopi heula," ( da ka aki teh manehna mah ngaakangkeun ).

aki harita ngarandeg, keur mah memang rada cape, da kabeneran indit teh leumpang, teu panjang pikir gek weh diuk gigireun ki sunda, harita kisunda nawaran opieun..., aki teu haripeut, da bisi kudu mayar sorangan.

Ceuk ki sunda.." sok kang ngopi, keun ku abdi diitungna..!!..."

geus ngadenge kitumah aki teu antaparah deui, deker we aki ngopi, keur mah rada lapar, da can sasarap ti imah, jeung deuih pikiran aki teh meungpeung gratis, da bakal dipangmayarkeun ku ki sunda.

geus rasa lila, ki sunda ngomong ka aki, " Kang sing jongjon we nya..!! abdi mah bade ka palih dinya heula..!!.."

aki teu boga curiga nanaon, sabab pamikiran teh, ki sunda rek ka dieu deui bari mayar anu aki.

Geus rada lila, aki oge permios kanu boga warung rek nuluykeun indit ka kota, bari bebeja beak sababarahaeunna, cenah engke dibayarna mah ku ki sunda.

Heuleut saminggu ti hartia, basa aki kabeneran ngaliwat deui ka warung eta, nu boga warung geus ngabedega megat aki, bari pok ngomong : "Ki.. punten tilas minggu kamari teh teu acan dibayar..!!."

Aki reuwas beak tikarep... bari ngomong : " pan tiheula teh lain dibayar ku ki sunda.. ?? " ,

nu boga warung ngajawab, "muhun ki eta oge ki sunda teh ka warung deui, teras mangetangkeun anu aki, tapi cenah mayarna mah engke we tagih ka aki pangampih, sabab ki sunda mah ngan ukur nawaran rek mangitungkeun wungkul."

Bari era campur wirang, jeung keuheul deuih ka ki sunda, aki tuluy weh mayar bari sasadu, da teu ngahaja.

Tiharita nepi ka ayeuna, aki can panggih deui tah jeung ki sunda, mun panggih mah, ku aki moal asa asa rek dikerekeb..!! hehehe

karya :Aki Pangampih

3 comments:

  1. hade euy caritana.....eta teh pangalaman pribadi??

    ReplyDelete
    Replies
    1. KAMI SEKELUARGA MENGUCAPKAN BANYAK TERIMA KASIH ATAS BANTUANNYA MBAH , NOMOR YANG MBAH BERIKAN/ 4D SGP& HK SAYA DAPAT (350) JUTA ALHAMDULILLAH TEMBUS, SELURUH HUTANG2 SAYA SUDAH SAYA LUNAS DAN KAMI BISAH USAHA LAGI. JIKA ANDA INGIN SEPERTI SAYA HUB MBAH_PURO _085_342_734_904_ terima kasih.الالله صلى الله عليه وسلموعليكوتهله صلى الل

      KAMI SEKELUARGA MENGUCAPKAN BANYAK TERIMA KASIH ATAS BANTUANNYA MBAH , NOMOR YANG MBAH BERIKAN/ 4D SGP& HK SAYA DAPAT (350) JUTA ALHAMDULILLAH TEMBUS, SELURUH HUTANG2 SAYA SUDAH SAYA LUNAS DAN KAMI BISAH USAHA LAGI. JIKA ANDA INGIN SEPERTI SAYA HUB MBAH_PURO _085_342_734_904_ terima kasih.الالله صلى الله عليه وسلموعليكوتهله صلى الل


      KAMI SEKELUARGA MENGUCAPKAN BANYAK TERIMA KASIH ATAS BANTUANNYA MBAH , NOMOR YANG MBAH BERIKAN/ 4D SGP& HK SAYA DAPAT (350) JUTA ALHAMDULILLAH TEMBUS, SELURUH HUTANG2 SAYA SUDAH SAYA LUNAS DAN KAMI BISAH USAHA LAGI. JIKA ANDA INGIN SEPERTI SAYA HUB MBAH_PURO _085_342_734_904_ terima kasih.الالله صلى الله عليه وسلموعليكوتهله صلى الل

      Delete
  2. Haaaaaaaaaaaahahhahah... Kang.. manawi teh tos teu dendam ka abdi, duh... hapunten atuh nya..!! na atuh ari akang mani belegug-belgug teuing..!!, iraha atuh urang ngopi deui di warung, biasa we ku abadi dipangitungkeunnana..!! hehehe

    ReplyDelete

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...