Saturday 18 December 2010

Sesebutan Waktu

Catetan : Ki Sunda Sawawa

Ku aki ngahaja ditulis, sabab budak ayeuna mah jigana moal apal kana sesebutan waktu téh.

Janari gedé : kira kira jam satengah satu nepi ka jam tilu peuting
Janari Leutik : jam satengah opat nepi ka satengah lima subuh
Carangcang tihang : jam lima nepi ka jam satengah genep isuk isuk
Haneut moyam : jam tujuh nepi ka jam dalapan beurang
Rumangsang : jam salapan, waktu panon poé karasa haneut
Pecat sawéd : Jam 10 waktuna ngareureuhkeun munding
Manceran : Jam 12 waktuna solat lohor
Lingsir ngulon : jam satu beurang
Panon Poé Satangtung : jam tilu, waktu panon poé jauhna satangtung
Tunggang Gunung : jam lima soré, waktu panon poé aya luhureun gunung
Sariak Layung : jam satengah genep nepi ka jam 6 soré , waktu cahaya semu beureum
Sareupna/Magrib : jam genep nepi ka jam satengah tujuh peuting katembong poék/ waktu salat magrib
Sareureuhna gang : satengah tujuh nepi ka jam tujuh peuting ,( gaang eureun disada )
Sareureuh budak : Jam tujuh nepi ka jam satengah dalapan peuting ( waktuna saré budak leutik )
Sareureuh kolot : jam satengah dalapan nepi ka jam satengah salapan peuting. ( saréna kolot/dewasa )
Tengah peuting : jam dua belas peuting

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...