Saturday 18 December 2010

Wangsit Siliwangi

 

Baheula kacapangan..
Dina jaman galup pakuan
Geus kamashur pajajaran
Numpak payung kaadilan
Ayeuna dikondangan
Numpesna mawa paesan
Nyukcruk galur kacapangan
Siliwangi keur pananggeuhan
Kapahlawanan
Nyuru bakti perjuangan
Lambang kajayaan
Teguh kana perjuangan

Kiwari geus gumelar
Putra pajajaran anyar
Wawangina sumebar
...Sajagat raya kawentar
Ampuh simpuh jeung sabar
Kasatrian binekar
Siliwangi ginanjar
Seungit nyambuang kamashur
Wangsit pitutur
Nepikeun asma nu luhur
Wawanen ka ukur
Numpes ka jalan takabur.

No comments:

Post a Comment

Hatur nuhun kana koméntarna, langkung payus pami koméntarna ngenaan posting nu nuju dibahas

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...